diff --git "a/validation/sun.jsonl" "b/validation/sun.jsonl" new file mode 100644--- /dev/null +++ "b/validation/sun.jsonl" @@ -0,0 +1,400 @@ +{"id": "5596", "text": "Poe ieu abdi bade ngadamel kue ulang taun pesenan Teh Ida. Nu ulang taun teh nyaeta putrana nu nembe lima taun. Kue na teh hoyong aya gambaran bus tayo. Langsung we ku abdi teh didamelkeun kue ulang taunna ngangge adonan pandan. Geus jadi adonan na, ku abdi kantun dihias make krim. Latar kue na dijieun warna bodas. Bentukna buleud, unggal sisina dibingkai make krim warna biru. Di tengah-tengah kue dibere gambar tayo nu dijieun make krim oge. Tuluy sabudeureun na dihias make tulisan selamat ulang taun Azka. Mun di sisi handap sabudeureun kue na mah dihias make krim warna biru jeung koneng direge-rege sapanjangna. Mudah-mudahan budakna resepeun.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "2102", "text": "Aya cara jang memenangkeun penghargaan nu sifatna tiasa di contohan ku arurang sadayana, jadi tahapan nu kahiji nyaeta :\n1. Hindarkeun Hirup Pikeun boros\nHirup anu kaleuleuwiham memang bisa nyieun hiji jalma poho kana pentingna diajar, naon anu aya dina dirina ngan ukur gengsi jeung hayang leuwih dianggap ku babaturanana. Ku kituna, naséhat anu bisa dibikeun nyaéta ulah hirup boros.\n2. Ngamangpaatkeun Téhnologi Jaringan pikeun Diajar\nNgamangpaatkeun jaringan téhnologis, upamana internet, bisa dijadikeun awal hudang sangkan bisa leuwih maju, utamana dina jaman kiwari nu pinuh ku kamajuan, teknologi kudu bisa ngadorong jalma pikeun unggul, lain sabalikna. Nu ngarugikeun manusa\n3. Ilubiung dina pasanggiri atawa olimpiade nu kaharti\nRéa panyadia bahan ajar anu bisa dilakukeun sangkan Sadérék unggul, upamana, ku miluan pasanggiri atawa olimpiade sawaktu di sakola, di sagigireun bakal ngalatih pangaweruh lamun mémang bakal ngajadikeun sawangan guru leuwih penting ngeunaan potensi. nu urang boga. nah misalkeun urang geus bisa menangkeun tahapan nu aya di luhur insaallah janten bisa menangkeun prestasi, sumanget.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "7492", "text": "Balik damel ti kantor abdi kapaksa ngaliwatan hiji gang lantaran jalan gede di komplek tos ditarutupan. Ieu janten kahiji kalina abdi balik ti kantor peuting-peuting lantaran kedah lembur. Abdi oge kapaksa balik sorangan lantaran rerencangan anu sanes masih keneh aya padamelan. Abdi sabenerna sieun lantaran pas ningal jam, ayeuna tos tabuh dua subuh. Pas nuju mapah abdi ngadangu aya sora motor. Teras motor eta kalahkah beuki ngadekeut, pas tos dekeut eta motor ereun sabari nodongkeun peso. Abdi langsung ngalungkeun batu badag sabari lumpat ka solokan anu heurin. Abdi geus teu paduli deui bau cai solokan hideung nu penting mah abdi tiasa kabur. ", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "5995", "text": "Tos lila abdi gaduh benjolan dina caket siku sabelah kenca. Benjolanna teh aya nu hideungan jiga batu, tapi mun dicabak teh teu nyeuri. Abdi alim konsultasi ka dokter sabab sieun bilih kedah di operasi. Janten abdi indit we ka pengobatan alternatif nu aya di salah sahiji juru kota Tasikmalaya. Ternyata pas datang teh abdi kedah ngalaksanakeun pembedahan manual, janten jiga operasi ringan deui kitu. Abdi meuni reuwas pisan ngadanguna, reuwas bisi teu bisa uih langsung. Ai beres dioperasi teh geuning eusina nu kaluar jiga batu, teuas jeung hideung. Beres operasi, abdi dipiwarang istirahat heula salila tilu jam supaya katingali perkembanganna. Geus tilu jam dinyatakeun sae teh tuluy we abdi uih ka bumi.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "5123", "text": "Katampi kuliah di universitas janten salah sahiji tujuan ti sabagian besar para siswa SMA. Dina rangka neang elmu jeung neang pangalaman, kuliah jadi alternatif utama. Saha sih nu teu hoyong neraskeun kulah, kabeh ge pasti hoyong. Komo pas ngadangu katarima di PTN, duh banggana moal tiasa di ungkapkeun ku kata-kata. Tapi dibalik eta aya proses nu panjang jeung teu gampang. Kadang di tengah-tengah sok pesimis, tapi untungna aya dukungan di orangtua jeung guru. Jadi percaya diri teh muncul deui ngadorong rasa optimis. Tah ku kituna, tong babari nyerah kana ngudag cita-cita mah, bakal aya loba jalanna. Jadi, yuk urang leuwih optimis deui jeung ngudag nu jadi tujuan urang!", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "6064", "text": "Mun libur semesteran teh penghuni kostan sok baralik ka imahna masing-masing. Teu saeutik mahasiswa nu balik, paling nyrsakeun saurang nu stay di kostan sabab teu bisa balik da jauh atawa ongkosna leuwih mahal. Jadi, mending milih cicing di kostan sorangan dari pada kudu balik sabab ongkosna boros. Cicing di kostan sorangan teh sok mantak sieun sabab bisi aya jalma teu wawuh nu asup ka kostan. Teu jarang sok aya kasus kamalingan di kostan nu dilakukeun ngahaja ku jalma teu wawuh nu geus nyirian sababaraha minggu samemehna. Mantak, mun keur di kostan sorangan teh kudu dikoncian sagalana supaya aman jeung terhindar tina jalma teu wawuh.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "3262", "text": "Salah sahiji cara anu bisa dilakukeun pikeun ngajaga kandang ucing beresih nyaéta buang kotak ucing. Kieu kumaha miceun kotoran ucing ku cara anu higienis:\nPasang sarung tangan sareng masker heula pikeun ngajagaan diri.\nPaké alat pikeun nyokot sampah tina kotak litter ucing urang.\nTeundeun poop kana kantong kertas atawa sarupa.\nTutup kantong pageuh supados henteu ngaluarkeun bau.\nAlungkeun kantong kertas kana tempat sampah\nLaksanakeun léngkah ieu unggal dinten supados kotak sampah tetep beresih. Salian ti éta, anjeun ogé tiasa ngaleungitkeun gumpalan keusik anu disababkeun ku cikiih ucing. Tong hilap gentos kotoran ucing saminggu sakali supados kandang ucing anjeun tetep séhat sareng henteu bau. Ieu mangrupikeun prosedur pikeun miceun kotoran ucing kalayan leres.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "2178", "text": "Kuring ditolak ku STEI ITB 3 kali. STEI ITB teh paguron luhur anu ku simkuring dipikahayang kumargi lingkungan sosialna sareng sim kuring resep kana matematika, waktos abdi kelas 3 SMA milih STEI ITB ngalangkungan jalur SNMPTN sareng SBMPTN, tapi teu katampi ngalangkungan dua jalur ieu. Di SBMPTN, kuring ditarima di salah sahiji PTN favorit di Surabaya, terus kuliah didinya, tapi bari kuliah di dinya kuring ngarasa teu boga motivasi, sarta mutuskeun pikeun nyobaan SBMPTN deui taun hareup bari masih kuliah. Tapi tetela kuring teu lulus deui SBMPTN, kuring ngarasa kuciwa pisan sabab geus diajar pisan (meh unggal poe diajar materi SBMPTN).", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "6316", "text": "Abdi pernah meser jajanan di kantin sakola nu mangrupa jiga naget, tapi bentukna buleud. Eusina teh suwir hayam saeutik, harga na teh dua rebuan. Pas abdi nyobian bari diuk di hareupeun kelas, abdi manggih kaanehan. Di gigitan pertama abdi makan teh biasa wae, dikunyah dugi ka beres. Eh pas bade gigitan kadua, nembe engeuh aya kecoa hideung nu geus kabeulah dua awakna, sabeulah na naget, sabeulah deui na kakunyah. Abdi tidinya ngarasa seueul pisan, teu hayang deui meuli jajanan di kantin sakola nu diolahna teu beresih mah. Abdi keur ngeunah-ngeunah dahar teh kalahka seueul pisan we karasana teh. Jorok pisan nu dagangna meuni teu tarapti.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "2220", "text": "Loba dampak cerai na orang tua teh. Teu meunang kasaimbangan kanyaah ti kadua kolotna. Kusabab urang terang yén janten indung tunggal ngarangkep peran bapa sareng indung dina waktos anu sami sareng éta leres-leres béda. Kalungguhan indung nu sabenerna pikeun anak teu bisa diganti ku bapa jeung sabalikna. Serius, béda pisan, éta kedah dimaénkeun dumasar kana porsi masing-masing. Mun geus sono ka indung jeung adina mah hese. Sanajan hirup keneh, beda jeung nu geus maot, teu nyaho naha aing beuki nyeri hate ku batur nu masih keneh aya di dunya ieu, tapi ku kaayaan nu tangtu, hal-hal teu jalan sakumaha kahayang urang. , alias keuheul, teu bisa nempo nu kadua sanajan indung kuring sorangan. Sorangan. Ieu bahaya sarta aya loba barudak broken home kaluar aya menta perhatian, alias capers, kusabab kurang perhatian sarta katiisan. Lepatna nyaéta aranjeunna asup kana bunderan beracun, naha seueur anu nyarios yén barudak broken home kedah nekad. Henteu sadayana anu suksés sareng janten menteri bahkan presiden. Tugas urang salaku barudak broken home nyaéta ngarobah pandangan éta.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "2907", "text": "Dasarna, sadayana gaduh kasieun atanapi trauma ngeunaan hal-hal anu tangtu. Pikeun ngungkulan trauma ieu sorangan, salah sahiji cara anu tiasa dilakukeun nyaéta ngalawan kasieun atanapi trauma. Tapi inget, nalika nyobian ngalawan sieun atawa trauma ngeunaan hiji hal, pastikeun pikeun salawasna dibarengan ku jalma séjén. Ogé pastikeun yén anjeun bisa lalaunan jeung ogé nungkulan trauma. Ulah ngantep, sabab hayang nungkulan trauma, anjeun sabenerna ngalaman hiji hal nu teu dihoyongkeun kawas naon anu lumangsung ka rumaja 13 taun ieu, rumaja ngaranna Flavio Rafael Pizarro maot sanggeus luncat jeung ulin di walungan. Disebutkeun, kagiatan ulin ieu kagiatan munggaran anu dipilampah Flavio. Maén di walungan jeung terjun ka cai walungan dianggap geus dipigawé ku Flavio alatan manéhna hayang ngubaran sieun cai. Anjeunna ogé ngalakukeun ieu kusabab anjeunna mikir yén anjeunna moal sieun cai salamina.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "5206", "text": "Tria lahirna teh dinten Kamis, 22 Juni 2017. Tria dilahirkeun nana di rumah sakit Mekar Arum. Basa Tria dilahirkeun, kaeneran pisan harita hujan gelap meuni gede pisan. Cai hujanna jiga meunang ngabahekeun. Guludug na meuni jejelegeran pisan mantak reuwas. Angin badai oge datang, dugi ka ngaruntuhkeun sababaraha tangkal nu aya di sakitaran rumah sakit. Eta awan na teh meuni poek pisan, hideung kacida bakal hujan nu gede pisan. Bari sieun-sieu oge ku kaayaan, angger da lahiran mah kedah dilaksanakeun. Alhamdulillah Tria lahiran sehat jeung normal. Eta hujan angin teh raat kapeuting na keun saenggeus Tria lahir. Asana mah wangun nu nyabut lahiran Tria eta hujan angin gede teh.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "5948", "text": "Ningali jalmi atawa kulawarga nu sakaratul mat teh sok asa jadi cambuk ka diri sorangan. Pasalna, mun ningal nu kitu teh sok inget yen urang ge bakal ngalaman hal nu sarua ngan teuing iraha boa geus deukeut, boa lila keneh. Mantakna, ningali nu sakaratul maut teh kedah ngadampingan bari ngabimbing maca syahadat supaya tetep eling dina akhir hayatna. Mun urang, salaku jalmi hirup keneh di dunya, kedah sadar sapenuhna yen hal eta bakal datang ngahampiri. Ku kituna, kudu silih ingetan jalma mah, sabab pasti butuh dipieling ku batur, moal bisa nanaon sorangan. Tong kudu sieun, anggursih mah siapkeun sagalana ti ayeuna supaya bisa nyambut teu make kasieun.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "5289", "text": "Magang waktu kuliah keneh atawa gawe parttime jadi salah sahiji hal penting nu kudu dilakukeun. Zaman kuliah, abdi teu sempet ngiringan magang atawa parttime jeung nambah pangalaman. Abdi mikir mending langsung damel we beres kuliah. Nyatana kenyataan teh teu samudah eta, ayeuna abdi geus lulus hese milarian padamelan. Salah sahijina nyaeta minim pangalaman. Seueurna padamelan ayeuna mah milarian nu tos berpengalaman minimal magang. Abdi ayeuna masih bertarung neangan padamelan dengan teu aya pangalaman jeung kamampuan nu minim. Tah hal ieu teh jadi perhatian pisan kuduna. Beakkeun masa kulah teh ku neang elmu jeung pangalaman saluas-luasna, tong kabatasi ku urusan akademik.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "5996", "text": "Poe ayeuna teh Rini bade operasi caesar sabab tos dua dinten kontraksi tapi aya hambatan dina lahiran normalna. janten, kersa teu kersa ge kedah operasi caesar demi kalancaran lahiran putrana. Samemeh operasi caesar teh Rini tos kontraksi dua dinten, ngan emang teu acan dugi ka intens. Salah sahiji penyebab kedah operasi caesar nyaeta Rini gaduh tekanan darah tinggi. Samemeh operasi teh Rini meuni reuwas barijeung sieu sabab nyangkut nyawa anjeunna jeung utunna. Rini geus teu puguh rarasaan, tapi nyoba satenang mungkin ngahadapina. Salila operasi teh suami Rini ngadampingi di sisi Rini, bari ngusapan mastaka Rini. Suami Rini nguatkeun Rini supaya bisa kuat ngaliwatan proses ieu operasi.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "285", "text": "Ceuk urang mah kawin lain salah sahiji lomba, jadi teu kudu paburu-buru. Nu penting urangna geus siap lahir jeung bathin. Nunda kawin oge lain tindak kajahatan, sabab tiap jelema boga kasiapan jeung waktuna sewang-sewangan. Ulah sieun dianggap telat kawin, nu penting bisa ngabagjakeun kolot sorangan. Ulah buru-buru kusabab umur, meunangkeun jodo mah lain ngan asal meunang hungkul. Komo deui lamun acan wareg ngeksplorasi diri sorangan, ngameh pas kawin teh euweuh rasa kaduhung. Sabab loba nu teu sempet menikmati jadi diri sorangan, jeung ngembangkeun naon nu salila ieu nyumput di diri sorangan. Lamun geus kawin mah teu bisa kumaha sorangan, tapi kudu aya persetujuan oge ti pasangan.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "4350", "text": "Saenggeus nikahan pasangan anu geus sah jadi suami istri pastina boga rencana na masing masing. Aya anu hayang buru buru boga budak, aya anu hayang nunda heula ku bakat hayang nikmatkeun waktu duaan hayang bobogohan jeung saling kenal heula komo lamun anu teu lila bobogohan na. Hal ieu anu kajadian di babaturan urang, saenggeus nikah, maneh na jeung salaki na hayang nunda heula boga budak kusabab can siap jeung pagawean na ngaharuskeun keur tong waka hamil jeung boga budak heula. Tapi kan ngarana hamil kawasa Allah, lamun Allah geus mere hartina Allah geus percaya. Babaturan urang sempet ngarasa reuwas jeung teu percaya yen saenggeus nikah maneh na langsung eusi teu kosong deui kitu oge salakina tapi maneh na tetep bungah.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "291", "text": "Keur di Cianjur urang ge miluan nungkulan lanceuk urang ngalahirkeun anak nu kadua. Dingaranan Rahma. Urang bungah sabab nambahan boga alo. Pas Rahma keur leutik, ku urang sok diasuh. Lamun ceurik ku urang dipangku bari diajak jalan-jalan ka sakitaran imah. Oge ku urang sok dijaga minangka keur naek roda, sok sieunna teh ka luar ti tengah imah tuluy labuh. Lamun Rahma keur waktuna dahar, urang sok ngabantuan oge ngahuapan. Lanceuk urang ka bantu ku tanaga urang, jadi bisa ngagawean nu sejen sedengkeun Rahma diasuh ku urang. Sabab ti keur leutik sok diasuh, nepika pas gede ge apet pisan da geus nganggap urang lanceukna. Urang oge kitu nganggap Rahma adi urang.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "8435", "text": "Keur budak, Mita diajak ku indungna pikeun balanja kaperluan sapopoe di pasar tradisional. Pasar tradisional ieu ngajual rupa-rupa kadaharan kaasup daging seger jeung lauk. Nalika Mita asup ka wewengkon pasar, manehna langsung teu resep kana bau pasar. Bau anu teu dipikanyaah ku hanyir lauk anu dijual, matak seueul. Manehna nyoba nahan seueul, tapi respon awakna ngajurung Mita utah. Saprak harita manehna ijid jeung ngarasa geuleuh lamun manehna nempo lauk atah sumawona bau hanyir nu nyieun geuleuhna. Anjeunna bakal langsung utah nalika anjeunna ngambeu bau hanyir ngan sakali. Pikeun nyingkahan hal ieu, Mita jarang ka pasar tradisional. Anjeunna langkung resep balanja di supermarket sareng ngahindarkeun daerah anu ngajual lauk.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "2941", "text": "Dina terapi paparan ieu, sensitipitas bakal turun upami anjeun terus-terusan kakeunaan pemicu fobia jarum suntik. Kana waktosna, awak sareng uteuk bakal ngabales kasieun ieu sareng bakal nyobian nungkulanana sareng biasa. Paparan laun-laun sareng terus-terusan dina waktosna tiasa ngirangan sensitipitas jalma kana pemicu fobia.\r\nPikeun mantuan nungkulan phobia, penderita disarankan pikeun tapa bari mere saran ka dirina. Métode:\r\nDiuk nyaman jeung tenang\r\nDiuk nepi lempeng, nempatkeun leungeun Anjeun dina thighs Anjeun. Atur napas nepi ka ambekan teratur salila kira 1 menit.\r\nInhale ngaliwatan irung salila 4 hitungan, tahan pikeun 4 hitungan, gempur ngaliwatan sungut pikeun 4 hitungan.\r\nNgalakukeun meditasi pikeun 10-15 menit bari tetep dina pikiran kuring tiasa ngadamel eta, abdi bakal rupa. Kami nyarankeun yén anjeun ngalakukeun semedi ieu unggal dinten sahenteuna sahenteuna 14 dinten. ", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "2100", "text": "Baheula mah dina lomba nu teu diduduga, kali ieu lomba nulis sajak ahahahaha. Kuring yakin maranéhna ngalakukeun jang ngajak simkuring pikeun pikeun formalitas sabab fokus utama maranéhanana nyaéta Matematika (lamun teu salah) jeung kontes basa Inggris. Enya kitu. Kantun ngiring da teu tiasa nolak oge, waktos anu dipasihkeun mung 1 jam. Lucuna, dina 30 menit jalma geus dimimitian ngumpulkeun. Atoh, sajauh kuring apal, kuring panungtungan ngumpulkeun. Ieu masih kacau sanajan. Tétéla pamilon séjén geus apal kana téma sajak jeung geus lila disusun. Eh, sababaraha poé ti harita dibéwarakeun yén sakola urang meunang lomba nulis sajak. Kuring ditelepon sateuacanna saatos upacara. \"Wilujeng ka Allif Pradana. Anjeun meunang juara kadua dina pasanggiri ngarang sajak,\" bari kapala sakola masrahkeun piala. tidinya kuring meunang weh paribasa kudu wani jang prestasi mah. yuk wani jang munggaran lomba dimana wae dak !", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "2207", "text": "Keur basa di kelas 9, urang mutuskeun neruskeun ka SMA nu sarua jeung baturan. Urang pastina fokus kana UN. Sanajan kitu baturan urang, sanajan geus kelas 9, anjeunna masih bobogohan. Malah harita, kabogohna nage leuiwh geus kolot. Kuring kungsi ngalarang anjeunna hubungan jeung jalma éta, tapi anjeunna salawasna nampik. Anjeunna masih ngajaga hubungan. Waktu éta, kumaha bae kuring boga rarasaan goréng ngeunaan kabogoh na maneh na nampik wae. Najan kitu, kuring ngan bisa cicing jempé waktu éta. Barina ogé, manéhna ogé ngalarang kuring jang ngomongkuen si eta. Nepi ka sababaraha bulan sanggeus UN, éta kajadian. Kaduhung pisan atuh da teu tiasa ngahalangan :( Kabeh cita-cita urang, kaasup asup ka SMA favorit arurang, teu jadi nyata. Ngan kuring nu asup. Maneh na malah kabobolan jeung nikah dini nu ayeuna mah maneh na ceunah mah malah ngalaman KDRT, hanjakal teu ngalarang.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "2926", "text": "Hiji waktu nalika kuring diajak nyieun tulisan ngaran jurusan anu geus aya nepi ka ayeuna, tetela aya tulisan anu teu bener, manehna ambek-ambekan lila-lila.... Kuring dibenerkeun ku nyebutkeun yen tulisan kuring salah, bener, bla, bla, bla.. via intercept langsung, teras naroskeun mana anu leres, naon anu kuring nyerat, naon anu disebatna, gumantung kana kasalahan ti pihak mana, upami diri sorangan nu salah, nu teu malire, tarimakeun wae bari nepak kening.. aduh.. Hapunten bu/pak.. Teras abdi nguping ceramahna... Tapi upami aya kalepatan pihak disebut boss jeung urang nu salah, ménta aranjeunna ngalakukeun ieu. Sareng hasil kuring leres ... \"Hmm, karasa kan...\"", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "4356", "text": "Loba budak loba rezeki ceuk papatah jeung prinsip jelema jaman baheula, anu sigana geus teu bisa di jadi keun prinsip jaman ayeuna. Kusabab anu bener loba budak nya loba kabutuhan jeung tanggung jawab eta anu pasti. Budak lahir emang geus pasti mawa rezekina sorangan sorangan, tapi urang salaku kolot na pasti anu kudu ngatur, yen kahirupan jaman ayeuna ngabogaan loba budak teu sababari kitu. Harga perawatan jeung kabutuhan budak teh mahal pisan can deui biaya pandidikan na makin maju makin mahal, eta kakarek dina sisi material can mental jeung nu sejena. Kabeh eta teh tanggung jawab anu beurat, matakna penting keur calon kolot teh mersipkeun sagalana sangkan ka atur bener, ulah ngan saukur hayang boga budak loba mimiti na reuwas terus bungah ari kaditu na can pararuguh.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "227", "text": "Rupa-rupa metode nabung ngarah nabung efektif jeung babari. Nu kahiji, bisa dimimitian ku nabung receh. Nabung receh bisa tina pamulangan-pamulangan jajan atawa pamulangan meuli barang. Receh lamun dikumpulkeun mah bakal loba jeung aya nilai jual. Kadua, bisa nabung make kertas nominal paling leutik dina dompet. Misal lamun di dompet aya nominal paling leutikna Rp 5.000, tabungkeun nominal eta. Nu katilu, bisa oge nabung Rp 20.000 hungkul, misal lamun meunang pamulangan berupa duit kertas Rp 20.000, maka kudu ditabungkeun arek lembar kertasna 1 atawa 2, pokona salila nominalna Rp 20.000 langsung ditabungkeun. Nu terakhir, bisa make sistem tanggal. Misal tanggal 1 nabung Rp 1.000, tanggal 5 nabung Rp 5.000, jeung saterusna.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "4292", "text": "Bulan kamari kusabab hape urang ruksak urang meuli hape di toko hape, saenggeus tatanya jeung meunangkeun hape nu cocok pas rek mayar, urang di bejaan yen keur aya promo bulan eta, sasaha wae anu meuli hape dina tanggal tanggal eta meunang kasempatan milih kupon anu bisa di undi, jeung eta teh poenan akhir periode undian na. Jadi weh urang milihan nomer na, geus meunang nomer na tuluy di catet keun ku petugasna. Teu lila loba batur daratang ka toko, rek ningali undianna. Pas nomer nomerna di bukaan alhamdulilah urang meunang salah sahiji hadiahna nyaeta kompor gas, pan lumayan pisan meuli hape meunang kompor gas. Pas keur di sebutkeun nomer na urang asa reuwas teu nyangka bakal meunang hadiahna.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "8243", "text": "Maya nyaeta pagawe kantor anu rajin sareng cekatan. Anjeunna sok kerja keras pikeun ngarengsekeun tugas-tugasna sareng ngabahagiakeun bosna. Hiji poe, Maya ngarasa tinekanan lantaran jadwal gawena sibuk jeung pamenta pagawean beuki nambahan. Anjeunna mimiti ngarasa hariwang sareng hariwang unggal waktos, sanaos anjeunna henteu damel. Bari lalajo TV di imah, manehna ngarasa keteg jajantung na gancang sarta napasna pondok. Anjeunna mimiti kesang sareng sesah ngambekan. Manehna panik sarta ngarasa yen manehna bakal maot. Maya henteu terang naon anu lumangsung. Anjeunna henteu kantos ngaraos sapertos kieu sateuacanna. Manehna ngarasa sieun jeung bingung. Manehna nyoba tenang jeung ngambekan jero, tapi teu mantuan. Manehna mutuskeun pikeun indit ka rumah sakit sabab manehna sieun aya kajadian teu geunah ka manehna.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "2570", "text": "Nalika kuring balik ka imah kuring indit ka tempat dimana mobil kuring diparkir. Lantaran kabeneran waktu harita rada rame ku kandaraan nu ngaliwat jeung jalma-jalma nu keur jalan-jalan, maklum dina bulan Ramadhan eta tempat teh jadi dua kali lipat dibanding poe-poe biasa, jadi rada sesah ngaluarkeun mobilna. tempat parkir. Kabeneran, tempat parkirna gancang. Pas posisi mobil rek mios, rek mere duit parkir ka pak Jukir, otomatis jandelana dibuka lebar.. ih aya nu teu terang timana asalna... iraha atuh. ujug-ujug masihan kuring punch di kuil katuhu. Kamana maneh make full power deuih, ujug-ujug diserang, reuwas pisan. Kuring ngan ukur ngagorowok \"Astaghfirullah AAAW SAKIIIT..\" Kabeneran suku kuring teu refleks nalika nincak gas... masih di rem. Teu bisa dibayangkeun lamun suku mah nuturkeun refleks oge... mana jalanna rame... Sumpahna hese pisan. Sanggeus éta, jalma g écés langsung indit deui, jadi kudu hati hati upami aya ODGJ.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "5941", "text": "Lima jenis phobia anu marak dialami ku masyarakat. Nu kahiji nyaeta phobia oray atawa ophidiophobia. Phobia ieu muncul sabab ayana rasa sieun yen kabeh oray teh berbisa. Nu kadua nyaeta sieun nempo getih atawa hemophobia. Biasana jalma ku phobia ieu mah sieun ningali darah, nepi ka sieun mun rek disuntik atawa ditindak kesehatan teh. Nu katilu nyaeta sieun katinggian atawa acrophobia. Biasana jalma ku acrophobia mah sieun mun ningali katinggian atawa mun keur di katinggian. Nu kaopat nyaeta sieun anjing atawa chynophobia. Biasana jalma sieun anjing teh sabab sieun digegel atawa sieun diudag. Nu kalima nyaeta sieun kana prosedur medis atawa thyranophobia. Biasana jalma phobia ieu mah sieun mun ningali jarum suntik teh.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "5275", "text": "Mayunan akhir taun teh ekonomi orang tua sok rada seuseut. Dagangannana mulai sepi, tos dua bulanan. Teu rame jiga mimiti muka dagangan. Abdi nu kuliah keneh teu acan tiasa masihan mulang tarima kanu jadi orang tua. Ningali dagangan sepi, acis tabungan tos teu aya, nya abdi peryogi biaya, jadi beban pisan dina pikiran orang tua teh. Abdi meuni sedih ningali orang tua nu kabingungan kedah ngalampaj kumaha deui, da sabab teu aya kamajuan. Abdi oge nu masih kuliah sedih sabab can tiasa ngabantuan nu jadi orang tua. Abdi ngarasa jadi bebas pisan jang orang tua. Mudah-mudahan we cobaan ieu teh tereh bisa manggih hikmahna.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "2451", "text": "eta reminds kuring ti budak leutik mah. Abdi biasa ngagaleuh chiki kanggo nyandak Tqzos ieu. Meuni seru kumpulkeun, keur koleksi. Ngagaduhan sagala jinis Tazos mangrupikeun kareueus. Leuwih ti éta, ngabogaan tipe langka, bisa exhibited ka babaturan. Kumaha anjeun ngumpulkeun éta loba?\r\nMeuli Chiki mindeng\r\nChiki sering ngagaleuh, sering janten pasen dokter. Alatan radang tenggorokan. Sanaos kuring gering, éta henteu ngahalangan kuring mésér Chiki kanggo Tazos. ha ha ha..\r\nBarter\r\nBartering Tazos mangrupikeun cara anu paling nikmat pikeun kéngingkeun Tazos anu dipikahoyong. Biasana barter ka sasama kolektor.\r\nDiadu\r\nNya, paling sering éta Tazos Fighting. Losers mayar kalawan Tazos. Biasana, enya, unggal murangkalih ngagaduhan Tazos andalan khusus pikeun dilawan. Tapi aya ogé anu curang, ngarobih Tazosna supados henteu leungit.\r\nBeuli Tazos\r\nKapungkur mah tiasa mendakan, baraya anu nganggo Tazos, anu nuju hype ku ngajual Tazos tanpa nganggo chiki. Muhun, tazos langka anu hargana leuwih luhur ti tazos umum.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "1377", "text": "Rasa geuleuh ku sabab kakeunaan ciduh batuh mangrupakeun perasaan nu teu ngabungahkeun jang lobana jelema. Ciduh mangrupakeun cairan awak nu dikaluarkeun ngaliwatan baham jeung mibogaan tekstur nu kentel jeung cepel. Kakeunaan ciduh batur bisa nyieun urang ngarasa teu nyaman jeung mual, utamana mun maranehna teu apal asal-usul atawa kaberesihan ciduh eta. Salian eta, kakeunaan ciduh batur oge bisa jadi faktor resiko kajadianna penularan panyakit mun jelema eta mibogaan kondisi kasehatan anu butut atawa keur gering. Rasa geuleuh ieu bisa ngaganggu urang tina aktivitas sapopoe jeung bisa nyieun urang ngarasa teu nyaman sacara fisik oge psikologis, sarta respon emosional siga teu nyaman cemas, atawa bisa oge kasieunan.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "9220", "text": "Hiji pangalaman ngerakeun salila latihan kapamimpinan dasar salila SMP. Waktu éta urang diajar pertolongan pertama ngagunakeun tandu. Waktu éta urang dititah dina grup pikeun mawa korban ka hiji tempat. Urang meunang dina tempat anu rada mudun, sarta kuring meunang tempat anu pang tungtung. Pikeun ngangkat tandu, aya tekanan sareng peryogi langkung seueur usaha nepi ka teu sadar yen kuring kentut sareng ngaluarkeun sora anu cukup nyaring pikeun didangu ku grup salajengna. Kusabab éta babaturan jeung grup sabudeureun milu seuri. Padahal eta posisi urang nu keur dimarahi kudu serius sabab ieu kaayaan darurat, tapi kusabab kajadian eta, urang ngarasa leuleus sarta kadang-kadang oyag bari mawa tandu sabab urang teu bisa nahan seuri. Di dieu kuring ngarasa kaliru pikeun nyieun babaturan kuring teu fokus, tapi kuring ogé ngarasa isin pisan.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "6976", "text": "Lantaran bapa miwarang abdi milarian padamelan kanggo mayar kuliah nyalira, abdi langsung milarian info sareng ngalamar damel ka sababaraha tempat. Abdi meunang info ti Instagram aya hiji pagawean kanggo julana tapi syaratna kedah mayar heula tilu ratus rebu kanggo modal awalna. Di waktos eta tilu ratus rebu teh sanes jumlah anu sakedik lantaran abdi nuju hemat pisan pangaluaran kanggo tuang jeung mayar kosan. Abdi kapaksa nginjeum artos heula ka rerencangan kanggo modal eta. Abdi jangji bakal mayar sasih hareup lamun abdi tos didamel. Pas abdi tos mayar modalna, abdi teu meunang informasi nanaon deui, nomerna oge teu tiasa ditelpon. Abdi karek sadar yen ieu teh panipuan. ", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "600", "text": "Basa harita pas masih keneh pasantren, aya jam 1 peuting urang kabelet hayang miceun. Di tempat urang masantren, si posisi cai na teh rada jauh ti kobong, jadi kudu ngaliwatan heula masigit jeung tungku dapur paranti santri-santri masak. Sabab geus teu kuat geus kabelet, rasa kasieun teh leungit weh jeung ngawanikeun sorangan indit sanajan urang teh kaasup nu borangan. Biasana sok ngajak babaturan nu sakamar jang maturan, tapi poe eta mah kabeneran manehanana can mulang masih keneh di lemburna, jadi daek teu daek urang indit sorangan. Pas perjalanan ka cai sakolebat mah urang ninggali aya jelema tapi anehna teh leumpangna gancang jeung dipanggil-panggil teh teu nyaut.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "2191", "text": "Cara rék ménta hampura ka sobat pedah geus ngucewakeun, hal kahiji anjeun kudu ngalakukeun nyaéta ngaku anjeun salah. Ieu tangtu merlukeun kawani hébat. Nepikeun yén naon anu anjeun lakukeun éta salah sareng anjeun leres-leres hapunten naon anu anjeun lakukeun ku nyarios. Kahiji, ulah loba alesan lamun hayang menta hampura. Upami anjeun hoyong nyuhunkeun hapunten kalayan ikhlas, kuring nyarankeun anjeun eureun milarian alesan atanapi kerok di ditu ka dieu. Upami anjeun teras-terasan milarian alesan, éta mangrupikeun tanda anjeun henteu tulus menta hampura ka babaturan anjeun sareng anjeun henteu ngartos dimana salah anjeun. Nalika hapunten, fokus utama henteu ka anjeun, tapi ka sobat anjeun. Kadua, sebutkeun yén saatos ieu anjeun bakal nyobian ngarobih pikeun anu langkung saé. Nyuhunkeun dihapunten sanés ngan ukur ngaku anjeun salah, tapi ogé nyatakeun kahayang anjeun pikeun robih janten langkung saé. Ieu tangtu alus pikeun maturing diri, sarta tangtu babaturan anjeun ogé bakal senang lamun hayang ngarobah kana hadé. Katilu, ulah resep nyalahkeun batur.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "1124", "text": "Harita pas isuk-isuk urang keur di perjalanan ka kantor make mobil. Ujug-ujug urang ngarasakeun denyut jantung urang jadi gancang oge kuat. Urang ngarasa panik jeung gelisah, teu apal naon nu kajadian jeung awak urang. Ti harita oge, urang ngarasa sesek napas jeung hese jang napas. Urang kesangan jeung awak oge mulai ngaderegdeg. Mata urang mulai berkunang-kunang jeung urang ngarasa siga rek pingsan. Pikiran jadi teu teratur jeung urang teu bisa konsentrasi kana nanaon salian kana sensasi nu keur urang rasakeun. Ti harita urang karek sadar yen urang keur menderiat serangan panik. Urang nyoba jang ngendalikeu diri sorangan jeung berusaha jang tenang, tapi serangan panik eta katutuluyan. Akhirna saenggeus sababaraha menit nu karasa siga berjam-jam, serangan panik eta eureun jeung urang mulai ngarasa tenang deui.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "8244", "text": "Numutkeun kana ahli ti OutpatientBehacioral Health Services di Henry Ford Hospital, Amerika Serikat, serangan panik teh tiasa kajadian sacara spontan tur sanes reaksi ti hiji situasi nu pinuh ku tekanan. Nanging ieu teh tiasa kajadian sawaktos urang keur nyetir, dahar, atanapi bahkan keur sare tibra. Gejala serangan panik teh, sapertos kaleungitan kontrol emosi, jantug deg-degan, kesangan, ngaderegdeg, nyeuri angen, seueul, kram, jeung sajabana. Nika keun ayeuna panyebab serangan panik teh can kanyahoan sabab tur musababna. Nanging gaya hirup nu pinuh ku sumber stres disangka janten panyebabna. Serangan panik teh tiasa janten parah tur ripuh upami teu bur-buru diubaran atanapi diantepkeun.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "1396", "text": "Di sakolaan SD mindeng pas jam istirahat loba barudak nu arulin, aya nu mengbal, maen kaleci, oge maen sapintrong. Sapintrong biasana dilakukeun ku awewe, matakan teu aneh mun awewe jarago maen sapintrong. Di Imah ngahaja mawa karet, atawa udunan saurang mawa sapuluh karet tuluy diuntuykeun. Sanajan loba awewe nu maenna, tapi urang oge panasaran jeung hayang bisa. Harita pas nyobaan level terendah nyaeta tuur jeung bujal mah urang bisa ngaliwatan, tapi pas level nu luhur nyaeta pas karetna diteundeun tina ceuli, pas urang ngawahan teh reuwas calana soek saking luhurna urang ngajul. Era pisan nepikeun ka diseungseurikeun ku babaturan sejen. Urang buru-buru asup ka kelas, jeung hayang geura-geura balik lantaran digeungeureuhkeun wae ku babaturan.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "5526", "text": "Saberes hudang subuh, biasana abdi ngalaksanakeun sholat subuh tuluy mandi. Abdi biasana mandi ja satengah genep supaya sakolana teu kabeurangan. Kabeneran ayeuna teh poe ulang tan abdi. Beres mandi, abdi reuwas pisan sabab di kasur abdi aya barang-barang. Aya jam tangan, cincin, kalung, jeung jepitan paranti rambut. Abdi reuwas sabab samemeh mandi mah teu aya. Pas raka abdi datang ka kamar, anjeunna ngucapkeun wilujeung ulang taun bari ngabejaan yen nu na kasur teh hadiah jang abdi Alhamdulillah abdi kenging hadian jam tangan warna biru, cincin silver ukuranna pas, kalung warna hideung jeung gagantelna bentuk kapiting, oge jepitan rambut warna hideung. ", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "3320", "text": "Kalolobaan jalma leuwih disgusted ku cockroaches ti laleur. Jalma-jalma bakal langsung miceun kadaharan anu siga anu kakeueum ku kecoa, tapi bakal mikir deui lamun ngan ukur kakeueum ku laleur.\r\n\r\nKanyataanna, laleur leuwih kotor batan cucunguk. Jangkauan laleur cukup jauh pikeun ngahontal tempat-tempat anu langkung kotor sareng kotor pisan.\r\n\r\nLaleur biasana ngaléos ka tong sampah, kandang sato anu pinuh ku tai. Nalika aranjeunna darat, kokotor bakal nempel dina awak, suku jeung jangjang laleur. Lajeng nalika aranjeunna darat dina dahareun bersih, kokotor bakal otomatis pindah nempel kana dahareun beresih, sarta ahirna jadi kotor\r\n\r\nNumutkeun kana panilitian, aya langkung ti 300 jinis virus, baktéri, sareng rupa-rupa parasit anu nempel dina awak laleur, sareng ieu tiasa nyababkeun masalah kaséhatan. Jadi sanajan ngan ukur laleur anu ngagolér di dinya, lain laleur anu ngagimbung, éta cukup pikeun nyieun kadaharan éta kacemar. Contona baktéri e.coli, helicobacter pylori, salmonella, virus hepatitis A jeung rotavirus", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "742", "text": "Unggal poe urang bulak-balik ngampus pas semester akhir, sabab kagok dek ngakos teh tereh lulus. Pastina urang mindeng ngaliwatan jalan atawa lampu merah. Di hiji lampu merah anu deukeut jeung pasar, emang lampuna mah hejo tapi dihareupna macet. Tah tempo giliran jalur urang, urang teu bisa ngaliwat lantaran jalanna kapalang ku kendaraan nu rek ngaliwat pas tadi lampu hejo, can bisa maju-maju. Ditinggali di sumber macetna, geuningan aya angkot nu teu maju, kalakah ngetem nu nyebabkeun kamacetan. Urang inisiatif neundeun motor di gigir tuluy ngadatangan angkot nu ngetem eta nu matak ngamacetkeun, urang bari tutunjuk kana beungeutna oge bari sosorongot tarik ngomong \"Sia cing bener mun ngetem teh, ulah di sisi jalan nu sempit kieu, urang nyaho sia neangan rejeki, tapi ulah ngaganggu batur nu neangan rejeki oge\". Geus kitu urang ngaleos naek motor deui, angkot nu tadi dicarekan geus nyingkah.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "4310", "text": "Konten prank na youtube sababaraha tahun katukang loba di pikareseup ku panonton na. Ekspresi reuwas, molohok teu sangka eta anu di anggap lucu jeung rame matakna loba panongton na konten prank baheula sababaraha tahun ka tukang. Youtubers hampir kabeh pasti pernah ngajieun konten prank di akun youtube na, prank na rupa rupa aya anu ngaleungitkeun barang anu di pikanyaah, ngaleugitkeun sato anu geus jadi inguan sapopoe nu ges di pikanyaah nepi ka aya anu ngajieun carita kacilakaan di tangkap polisi jeung sajabana. Reaksi ekspresi na oge rupa rupa reuwas mah geus puguh deui tapi aya oge anu nepi ka ceurik jeung ngambek saenggeus di prank.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "346", "text": "Lamun ditolak pas daftar universitas, kudu perhatikeun cara-cara ieu. Nu kahiji ngalatih soft skill jeung hard skill. Soft skill teh nyaeta kamampuan nu bisa dipelajari tapi teu perlu bari miluan pendidikan formal. Bisa ngalatihna ku cara peka ka sabudureun lingkungan jeung rajin ngobrol jeung batur. Lamun hard skill kamampuan nu leuwih spesifik. Hard skill bisa dimeunangkeun ngaliwatan pendidikan formal, seminar, workshop, jeung sajabana. Bisa oge sabari nungguan pendaftara deui, bisa gawe paruh waktu, sabab bisa ngalatih kamampuan nu geus dimeunangkeun di sakolaan saacanna. Tuluy bisa oge meunang duit tambahan jang meuli benda nu dipikahayang atawa ditabungkeun duitna jang daftar kampus nu dipikahayang.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "5267", "text": "Dina unggal acara penting dina hirup abdi, pasti we Riri hadir jang ngabaturan. Mun abdi keur sedih atawa seneng ge aya wae Riri di sisieun. Riri jalma na bageur pisan, ramah, royal, jeung loyal pisan ka babaturan. Bebelaan jauh-jah ge sok datang kangge memeriahkan kabagjaan abdi. Hiji poe mah Riri teh di wisuda. Abdi niatna bade datang, ngan harita abdi teu jadi datang sabab aya urusan di imah. Abdi ngarasa sedih pisan euweuh di sisi Riri saat manehna gaduh kabungahan. Abdi nangis unggal peuting mun inget kana kajadian eta. Asa dzolim pisan abdi ka Riri teu bisa minuhan jangji sorangan.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "2118", "text": "Banyak nu nyarioskeun yen ari ka babaturan teh ai pas parawan anu sanés nyaéta séks dina wengi pernikahanna bakal leres pisan. Naha? Kusabab ieu hal anyar. Éta henteu kedah janten \"mahir\" ku ngajebret , pastina hal éta janten saé sabab anjeun parantos ngantosan janten intim sareng pasangan anjeun pikeun sababaraha waktos. Lantaran kitu, éta tiasa janten seks \"paling enak\" anu anjeun kantos gaduh. Teu goréng, bener? Abdi tiasa ngajamin yén hal-hal bakal langkung saé saterusna.Unggal taun, kahirupan seks urang ningkat. Anjeun duanana diajar sareng janten langkung saé pikeun silih pikaresep. Kusabab anjeun parawan nalika nikah, anjeun henteu ngabandingkeun pasangan anjeun sareng saha waé, janten anjeun henteu kuciwa. Sanggeus ngalakukeun hal eta dina sagala cara urang bisa mikir peuting éta, urang nangkeup, tuluy saré, sarta sabari nungguan keur bulan madu kami poé saterusna.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "8928", "text": "Nalika kuring leutik, kuring ngagaduhan kajadian anu nyababkeun kuring trauma dugi ka ayeuna. Waktu harita kuring keur liburan di imah nini. Kuring keur ulin jeung dulur-dulur di saung deukeut kebon mangga, ujug-ujug sakujur awak karasa peurih jeung panas. Kuring balik ka imah nini sarta néangan bapa kuring pikeun ménta tulung ka manéhna. Basa muka baju, loba sireum beureum dina awak. Sireum teh ngegel awak kuring, nepi ka awak kuring jadi loba bentol. Bapa gura-giru nitah kuring mandi beresih, padahal tadi saacan ulin ka saung teh karék mandi. Ti harita kuring sieun ulin ka saung deui, leuwih hade ulin ka sawah atawa di sisi jalan tibatan ulin ka saung, sieun digegelan ku sireum beureum deui.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "3358", "text": "Carita dimimitian nalika kuring jeung Galuh keur mariksa unggal rohangan di gedong sakola. Waktu harita urang ngaliwat ka hiji gedong anu aya jamban murid. Saliwatan kuring ngarasa hayang pipis. Kalawan gaya murid heubeul anu geus apal kana lingkungan sakola, kuring langsung indit ka kamar leutik di juru sakola. Panto kamar kuring ditutup, Galuh nungguan di luar. Sanggeus pipis jeung cipratan cai, kuring buru-buru kaluar. Ujug-ujug aya gegeroan budak, teu jauh ti kamar leutik. Kuring jadi isin pas kuring nyaho yén kuring jadi puseur perhatian. Ceuk nu saurang, \"Akang... wc téh lain keur budak awéwé, tapi husus keur lalaki.\" Sanggeus nempo tulisan di luhur panto tétéla ogé bener. “Abdi Endah. Hatur nuhun kana naséhatna Kakang,” walon kuring. Sajumlah budak ti kelas senior kuring nyium kalakuan kuring. Spontan kuring ngabelesat terus nyepeng leungeun Galuh geura ninggalkeun maranehna. Tétéla kuring salah asup ka WC. Teu merhatikeun papan ngaran kamar. Galuh oge teu nginget-nginget sabab ceuk pikir kuring kungsi nitenan baheula. Pangalaman éta leres-leres pisan pikaresepeun sanaos kuring éra ku éta. Kabeneran teu aya sasaha di kamar mandi. Kumaha éra lamun di kamar wc kuring papanggih hiji budak. Duh gusti...!!!", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "2144", "text": "Badai Terminasi Pakasaban (PHK) ngahantu perusahaan ngamimitian atanapi startup, sanaos ékonomi parantos pulih tina dampak Pandémik Covid-19. Ieu kajadian ka startups global, komo domestik. Kawas Robinhood nu motong 300 pagawé, Netflix ogé PHK 150 pagawé, Cameo motong 87 pagawé. sajumlah ageung perusahaan ngamimitian parantos kacatet parantos ngadamel sajumlah ageung PHK. Salah sahiji alesanana nyaéta kusabab kaayaan global anu teu pasti dina taun anu bakal datang. Sajumlah perusahaan startup ageung di Indonésia anu parantos ngirangan karyawan, nyaéta Shopee, GoTo sareng Ruangguru. Komo deui leuwih loba genereasi milennial nu asup ka perusahaan starup kos kitu mangrupakeun salah sahiji kasieunan nu nyieun urang loba nanya jang PHK kanu masih pagawe anyar.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "308", "text": "Memang teu bisa ngahindar kana gelombang PHK, tapi kudu bisa nyiapkeun kemungkinan anu paling butut. Salah sahijina nyaeta nabung. Pastikeun nyiapkeun tabungan darurat jang nyanghareupan kajadian di luar dugaan engkena, siga di PHK. Hal saenggeusna nu kudu dilakukeun teh nyaeta ku cara mariksa kontrak gawe jeung perusahaan nu dituju. Sababaraha perusahaan biasana merhatikeun kebijakan pesangon pas karyawan dieureunkeun ngameh bisa mantuan kabutuhan ti karyawan eta. Tuluy kudu ngurangan pengeluaran ku cara ngahemat jang kabutuhan sapopoe. Misalna bisa neangan kosan anu leuwih murah atawa bisa ngurangan pengeluaran dahareun jeung transportasi. Nu terakhir oge kudu mimiti neangan gawean online, bisa jadi freelancer jang sakadar nambahan duit jang kabutuhan sapopoe.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "251", "text": "Salah sahiji kaparigelan di jurusan urang nyaeta tari, teater, jeung karawitan. Harita urang can pernah pisan maen gamelan tapi sairing waktu diajarkeun ku lanceuk angkatan nepika mahir. Hiji waktu mah urang jeung tim dititah maen di hajatan, anu hajatanna teh di hotel. Ieu pangalaman mimiti urang bisa tampil dihareupeun loba jelema. Pas saacan tampil degdegan pisan, tapi ku sabab geus latihan unggal poe jadina rasa degdegan eta ngaleungit. Ieu ngajadikeun pangalaman nu berharga jang urang, soalna saacan ieu urang can pernah miluan nu kieu. Oge saprak eta urang jeung tim loba ondangan pagawean jang kawinan. Meunang duit tambahan oge hasil tina hajatan teh.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "374", "text": "Lamun urang keur ngalamun, urang sok introspeksi diri. Sok ngarasa gagal teh sabab teu boga rencana jang kahareupna, jadi teu boga tujuan jeung gambaran kanggo dijadikeun acuan. Urang oge ngarasa kurang pengkuh jeung disiplin, jadi sumanget teh pas mimiti hungkul tapi teu lila sok eureun di tengah jalan. Tuluy kasieunan teuing jeung boga rasa pesimis. Jadina teh ragu sabab sieun gagal. Di tambah pangalaman gagal saacanna jadi nyieun sieun jang ngamimitian deui. Urang oge ngarasa babari nyerah, jadi lamun cara nu dijalankeun teu berhasil, sok langsung eureun. Nu terakhir urang teu wani jadi beda ti batur, padahal tiap jelema oge boga jalan anu beda jeung kudu wani nyokot jalur nu beda jeung lolobana jelema pilih.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "2169", "text": "Waktu keur leutik nepi ka smp, indung kuring rada sering neunggeul, kuring oge ditampar nepi ka ambruk ngan kusabab salah nyokot saragam sakola pas poto di studio, nepi ka ahirna kuring sieun unggal. waktos awewe ngangkat leungeunna gigireun kuring, babaturan, babaturan pangalusna, kabogoh, kuring bakal tetep sieun. Pangaruh? Bisa diomongkeun loba, traumatis lamun awewe ngacungkeun leungeun di gigireun kuring, teu percaya ka batur nepi ka teu percayakeun masalah kuring ka batur, teu nurut ka kolot, da meureun masih aya keneh. . Teras bagian anu henteu percanten, ti mimiti kuring ditipu pikeun angkat ka tempat kaulinan anu kasohor upami kuring ngagaduhan nilai anu luhur, nya éta nalika kuring SD. Kalayan otak anu teu cerdas, kuring nyobian sareng meunang juara 3 di kelas, anu diwangun ku olimpiade SD di propinsi. Kanyataanna? Abdi henteu diondang dimana-mana, bahkan henteu ngabagéakeun. Katambah deuih mun dicaritakeun ka kolot mah, komo caritaan guru SMA anu cabul jeung keuheul di kelas mah, jawabanana teh \"lamun salah maneh kudu ngadenge ka guruna\", hal eta nu nyiaptakeun abdi trauma nepi ka ayeuna.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "5521", "text": "Tilu cara ngabedakeun jalma jeung jurig mun ditembongan. Nu kahiji nyaeta tingali bentuk fisikna. Mun rarayna katingali pucat pias atawa rada aneh, kudu talingakeun sabab bisi lain jalma. Tingali oge tangan jeung bagean sejenna, mun pias mah wajin dicurigai lain jelema. Nu kadua nyaeta tingali sukuna napak atawa henteu. Mun napak mah jalma, tapi mun ngalayang mah bisa dipastikeun eta lain jalma, tapi jurig. Nu katilu nyaeta coba tingali mun diajak ngobrol nembalan teu, sabab biasana ai lain jalma mah sok tara nembalan atawa nunjukkeun gerakan anu aneh atawa teu biasana. Sabab mun jelema mah pasti bakal ngarespon jeung teu loba gerakan nu aneh teu asup akal.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "5204", "text": "Dinten ayeuna teh Risa bakal gaduh alo anyar, sabab rakana bade lahiran. Tabuh dalapan isuk-isuk rakana karaos kontraksi, tuluy we dicandak ka rumah sakit nu caket. Tabuh dua siang teh alhamdulillah pembukaanna tos lengkap, janten tiasa ngalahirkeun. Proses lahirannana lumayan lami sabab sababaraha kali ngaheujeun na teu kuateun. Tapi alhamdulillah satengah jam kemudian orok na lahir. Orok na teh pameget deui wae. Alhamdulillah kaayaan na sehat tur lengkap. Duh atoh pisan Risa janten bibi deui. Bakal aya cooeun anyar deui yeuh. Beres rakana lahiran, Risa buru-buru nyampeurkeun orokna bakat ku panasaran ka alo anyarna. Teu sabar hoyong ngais jeng ngelus pipi lucuna.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "7515", "text": "Basa leutik abdi nuju ngojay sareng teteh, tapi sabenerna teu acan tiasa ngojay, teteh abdi oge teu pati jago ngojay. Urang duaan ngojay di tengah kolam da sugan teh moal deet teuing, pas ulin ka tengah kolam abdi tos kalelep sabari ngagupayan ka teteh, epekteh teteh oge panik janten teu tiasa ngojay tuluy sarua kalelep oge jadi we urang duaan ngagupayan ka luhur sabari menta tolong ka batur anu aya di dinya tapi teu aya nu nulungan mereun batur teh mikirna urang sanes menta tulung, tapi teu lila aya nu masihan ban ka tengah kolam janten abdi tiasa salamat ka sisi kolam deui.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "276", "text": "Lain hal nu teu mungkin bisa papanggih jeung idola. Di jaman nu terbuka kieu ngeunaan informasi-informasi, pasti bisa babari oge panggih jeung idola. Carana nu kahiji, mindeng ngomentar di akun sosial mediana ngarah di notice. Nu kadua hadir di tiap acara manehanana, biasana sok ngayakeun acara-acara atawa tur keliling kota. Jadikeun kesempetan ieu meh bisa panggih jeung manehanana, sanajan kudu ngaluarkeun duit jeung tanaga. Nu katilu apal naon nu manehna pikaresep. Ieu bisa dilakukeun lamun panggih langsung jeung manehanana, tuluy berekeun hadiah naon nu ku manehanana pikaresep. Nu terakhir bisa miluan kumpulan atawa komunitas penggemar resmi, ngarah boga kasempetan jang panggih jeung kenalan leuwih gede.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "1349", "text": "Mindeng ninggali toilet anu teu beresih, utamana di toilet umum. Siga harita pas keur di perjalanan tapi geus teu kuat hayang ngompol, kapaksa kudu ka toilet umum nu aya di SPBU. Pas asup ka toiletna lantaina teh becek bari jeung rarujit da sigana euweuh nu ngapelan. Ditambah loba coretan dina tembokna make pulpen jeung spidol. Pokona mah geus hayang buru-buru kaluar ti toilet eta. Ninggali cai anu dina ember ge geus katinggali teu beresih, jadina sieun dek makena oge. Geus kaluar toilet ku sabab rada lumpat ampir pisan tisorodot lantaran leueur lantaina. Untungna mah masih aya cecepengan, teu kabayang mun labuh bakal nempel cai becek eta kana pakean.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "1092", "text": "Lamun keur aya lini atawa gempa sok buru-buru kaluar ti imah lantaran sieun imah rugrug. Komo deui pas ninggali kajadian gempa di Cianjur, meuni sieun ngabayangkeunna ge mun kajadian ka urang mah. Matakan ayeuna mah geus nyiapkeun kantong nu digantungkeun dideukeut panto kaluar, bisi aya lini atawa gempa bisa langsung mawa kantong eta. Kantong eta eusina teh dokumen-dokumen penting, kadaharan ni tahan lils, jeung alat-alat medis. Ieu perlu dilakukeun ku kabeh jelema komo deui di kawasan nu rawan gempa mah, meh mun aya naon-naon berkas urang aya. Jeung urang geus nyadiakeun kadaharan darurat jadina pas lapar bisa langsung di dahar. Alat-alat medis oge perlu jang pertolongan pertama. ", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "7342", "text": "Siang-siang nuju panas ngalekeb ditambih jalanan anu pinuh jeung macet nyieun seeur jalmi anu aambekan, komo ayeuna nuju sasih saum, kedahna mah teu kenging ambek-ambekan tapi di caket parapatan aya jalmi anu nuju gelut pedah ngalaksonan wae motor anu aya dihareupna, anu gaduh motor teh teu tarima jadi we ambek ka mobil anu ditukangeunna. Masalahna mah maranehna teh gelut di parapatan anu malah nyieun kondisi jalan janten leuwih macet deui. Hal eta ngajadikeun jalmi anu sanes janten ambek oge lantaran nyieun jalan beuki macet dina kondisi nuju panas-panasna. Untung teu lila aya polisi anu datang nertibkeun jalan. Dua jalmi tadi dipisahkeun ka sisi jalan.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "2514", "text": "Naha anjeun terang Diary, kembar teu kedah dua, tiasa tilu, bahkan tiasa dugi ka 8 sapertos anu kajantenan di California, AS taun 2009. Kakandungan kembar tiasa dideteksi ngalangkungan ujian Leopold anu tiasa dilakukeun. ku bidan atawa praktisi umum, atawa pikeun leuwih jéntré, anjeun tiasa nganjang ka dokter kandungan pikeun ngalakukeun pamariksaan ultrasound. Salian jumlah fétus jeung umur gestational, ultrasound penting pikeun nangtukeun jumlah plasénta (chorion) jeung amnion (amnion). Pikeun hasil anu langkung akurat, ultrasound kedah dilakukeun dina awal kakandungan atanapi dina awal trimester kadua. Naon gunana mariksa plasénta? Ideally, kembar boga dua plasénta jeung dua cairan amniotic. Fétus kembar kalayan ngan hiji plasénta (monochorionic) jauh leuwih rentan pikeun Abnormalitas komo maot ti fétus kalawan dua plasénta.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "7301", "text": "Ulang taun abdi taun ieu benten pisan sareng ulang taun anu sateuacanna lantaran di momen ulang taun abdi anu ka dua puluh tujuh ieu abdi dilamar ku lalaki anu dipikacinta. Abdi tos papanggih jeung lalaki ieu ti SD keneh nepikeun SMA sasarengan, sempet pisah pas kuliah tapi akhirna tiasa janten jodoh deui ayeuna. Abdi tos apal yen anjeunna bakal ngalamar di taun ieu tapi abdi teu acan apal sasih sareng kapaing sabarahana. Dinten ieu pas pisan abdi tos yuswa dua puluh tujuh taun, abdi diajakan ku rerencangan SMA ka hiji tempat kanggo ngarayakeun ulang taun, pas tos dugi di tempatna abdi teu nyangka di ditu tos seeur jalmi, nyeta rerencangan, kulawargi sareng anjeunna. ", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "4677", "text": "Babaraha poe ieu keur viral na tiktok video anu nempokeun ayana panampakan jurig, sanajan aya babaraha jelema anu teu percaya kanu kaayaan jurig tapi video-video jurid anu di tik tok penontona lumayan loba. Rupa jurig di beda-beda nagara teh tetela beda-beda rupana, pan mun di indonesia mah aya pocong, kunti, suster ngesot, tuyul, genderewo, banaspati jeung sajabana. Ai di luar negeri mah ngan saukur bayangan hideung anu jarang nampakeun rupana, tapi di percanten ku orang indonesia bahwa video-video tentang jurig di nagara batur teh beneran nyata ayana. Padah bisa wae editan da ayeuna mah geus aya aplikasi anu bisa ngedit jurig, tapi kalobaan jelema teu bisa ngabedakeun video jurig anu editang jeung anu henteu. Ku sabab video-videona teh jiga nyata, saperti video panto nutup sorangan, barang-barang ngageser, lampu pareum, aya sora-sora anu teu kanyahoan sumberna dimana, jeung bahkan sok nampakeun wujudna di kamera cctv. Video-video eta ngajieun penonton saolah-olah aya di tempat kajadian, teu jarang ngabuat sieun jeung mimpi buruk mun engges nempo videona. ", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "2836", "text": "Pasti aya waé anu sieun mun keur péntas atawa tampil ngan intina teu aya anu hariwang. Mimitina anjeun pasti bakal ningali saolah-olah sadaya panon pengadilan nyobian maéhan anjeun. Saran kuring, ulah merhatikeun detil panongton, ngan fokus kana topik anjeun. Pastikeun sateuacan anjeun ngawangkong yén anjeun gaduh kontrol leuwih aranjeunna. Anjeun pantes kadéngé. Salaku tambahan, biasa nyarios atanapi muncul di masarakat. Tiasa dimimitian ku hal-hal leutik sapertos nyarioskeun pribadi urang ka sakelompok babaturan jsb. Pastikeun ogé Sadérék nyiapkeun matéri sawala kalawan hadé sangkan hidep leuwih percaya diri. Ngan émang mun nerapkeun kana prakték na mah sigana hesé tapi lamun urang ngalakukeun na terus-terusan bakal jadi kabiasaan. ", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "8933", "text": "Hiji mangsa kuring jeung dulur-dulur kuring anu lalaki sarta babaturan arulin di buruan sarengsena balik solat isya ti tajug. Ulin di luar imah ukur kacaangan ku lampu cempor anu cahayana sakapeung kakalicesan katebak angin. Ari nu diulinkeun teh nyaeta wawayangan meunang nyieun tina daun sampeu. Diulinkeun mirucaan dalang wayang kulit. Sabot keur anteng manco kana wawayangan, teuing ti mana mimitina jol aya nu ngagorowok 'pocoooong'. Atuh ngadenge kitu teh kabeh paburisat lalumpatan muru imahna sewang-sewangan. Kuring ge milu lumpat nuturkeun lanceuk-lanceuk kuring nu geus lumpat tiheula. Sanggeus aya di jero imah, kabeh ge euweuh nu ngeuh yen lampu cempor tinggaleun di luar. Sanggeus reureuh tina kareuwas, kuring karek ngabejaan yen lampu tinggaleun di luar. Kabeh papencrong-pencrong siga nu silih tunjuk. Teu saurang ge nu wani ka luar deui ti imah. Rek bebeja ka kolot oge teu bisa da aranjeuna nuju arangkat. Antukna mah sapuk yen lampu cempor rek diantepkeun we di luar. Orokaya kuring nu kasiksa sabab kuring ngarasa jiwa kuring tinggaleun diluar jeung lampu cempor. Ngarasa keueung liwat saking. Hayang belenyeung lumpat ka luar nyokot cempor nu tinggaleun, tapi teu wani da sieun ku pocong, bari teuing bener teuing henteu eta teh. Tungtungna saking ku sieun paungku ungku jeung lanceuk-lanceuk kuring tepi ka sarena.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "6925", "text": "Pas ngadangu kabar aki labuh di kamar cai, abdi nuju di sakola. Anu tadina keur fokus diajar langsung buyar lantaran kapikiran kumaha kondisi aki ayeuna. Abdi sedih pisan lantaran abdi oge tos lami teu ulin ka bumi aki jeung nini, tapi sakalina meunang kabar langsung kabar anu kirang sae. Dinten eta oge aki langsung dibawa ka rumah sakit, tapi abdi teu can tiasa dongkap langsung ka umah sakit lantaran aya kagiatan di sakola, isukna abdi langsung indit ka rumah sakit, langsung mondok di rumah sakit supados tiasa ningal aki. Abdi teu nyangka pisan yen eta teh janten waktos terakhir abdi saeng aki, tos teu aya deui aki anu bakal ngahariwangkeun kuring upami balik wengi-wengi.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "4460", "text": "Anu di gawe na jadi patugas administrasi di rumah sakit teh kudu pisan kuat pisik, kuat mental jeung tangtu kudu kuat sabarna. Sabab lamun di gawe di rumah sakit daek teu daek urang sok mindeng aya di posisi jeung situasi anu teu genaheun. Loba ningali korban korban kacilakaan, ningali pasien anu gering mah parah nepi ka kondisi na geus teu siga manusa pada umumna jeung rupa rupa sejena. Salian ti eta lamun di gawe di rumah sakit anu pangpenting na teh urang kudu kuat mental na, kusabab aya wae jelema anu sok teu sabaran tuluy kalah ambek ambekan nepi ka nyaerekan lamun keur ngurus admistrasi di rumah sakit.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "1013", "text": "Pas keur balik kuliah lantaran dugdag, imah urang lumayan jauh di tempat kampus. Harita teh keur rek ngayakeun acara di kampus, jadina balikna peuting. Pas di jalan nu sepi jeung euweuh penerangan lampu, ditambah sisina teh Citarum. Ieu emang jalan hiji-hijina nu bisa ku urang pake mun rek balik ka imah. Urang ditutur ku dua motor, nu hiji miheulaan urang bari nyegat dihareup. \"Turun maneh!\" ceuk penjahat. \"Aya naon, A?\" ceuk urang bari rada sieun ku sabab salah sahijina mawa parang anu sok dipake jang ngarit jukut. \"Orang mana maneh?\" ceuk penjahat. \"Abdi mah orang dieu, A. Eta dipayun tos caket bumi abdi!\" ceuk urang. \"Nya enggeus atuh, kadieu we duit 100 rebu\". ceuk penjahat. \"Duh teu aya A, ieu ngan nyesa 20 rebu\" pungkas urang. Tuluy duit eta dibawa kabur ku penjahatna, nu penting mah barang urang aman jeung awak oge aman.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "5262", "text": "Gagal kenging jurusan nu salila ieu dipikahoyong, ngajadikeun abdi sempet overthinking ngajalani kahirupan. Abdi ngarasa sedih pisan jeung minder, naha abdi teu saberuntung batur nu bisa lolos ka jurusan eta. Butuh waktu lila jang abdi bisa narimakeun. Tapi, mun tos bisa narimakeun mah jadi lega asaan teh. Abdi na ge jadi kamotivasi ku hal eta. Abdi jadi sering diajar leuwih giat leuwih tekun supaya taun hareup bisa lolos ka jurusan eta. Intina, sagala rupa penolakan teh tong ngajadikeun urang ngarasa teu beruntung, komo nepi ka sedihna berlarut pisan mah. Mending ge, yuk urang leuwih giat diajar supaya bisa ngalawan kagagalan urang nu enggeus-enggeus!", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "5201", "text": "Tips supaya acara pernikahan urang berjalan lancar. Kahiji nyaeta perayakeun pelaksanaan acrana ka wedding organizer. Pilarian WO nu tos berpengalaman dina tugasna supaya jalanna alur parnikahan teh kasusun rapi jeung khidmat. Kitu oge kangge momen-momenna, supaya tiasa diabadikeunna sae. Nu kadua nyaeta tangtukeun catering nu sasuai jeung kahayang urang. Tah nangtukeun catering ieu teh penting kangge kajaminna tuangeun jang para tamu ondangan. Nu katilu nyaeta ayakeun hiburan, utamana mah hiburan nu sasuai jeung kabudayaan urang. Tujuan ayana hiburan ieu teh supaya bisa ngajamu para tamu ondangan, oge supaya teu tiiseun teuing. Sakitu panginten hal-hal nu mantak ngajaga kalancaran acara nikahan teh. ", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "3306", "text": "Minggu hareup deui, kuring ningali masih keneh, saminggu deui masih keneh. Lila-lila ngaraos karunya, saurna abdi oge resep seafood, naha teu tiasa dicobian? Sumuhun, leres. Minggu ka 4, kuring nepi ka bapana, jigana geus sajam jualan tapi barang daganganna siga euweuh nu meuli. Oke, abdi nyobian ngabantosan ku ngagaleuh barang dagangan na.. Tanpa mikir, abdi meser 20 rebu, saurna, seafood mahal. Bapana langsung milih ti handap. Bakwan udang geus dibungkus, kuring buru-buru neangan korsi keur nyeuseup bakwan. Hehehe. Dina pikiran kuring, bakwan bakal garing, rangup, sareng udang bakal karasaeun saé, sabab seueur pisan udang, guys. Tapi nyaho naon???\r\nBakwan dipilih paling handap, oli geus beunghar ku oli motor, teu garing pisan, lemes jiga squishy, ​​bayangkeun kumaha daharna?? Sabot ngegel, siga nu squishy hayang nyabok beungeut. Méntal2. Udangna teu kunanaon?? Henteu kunanaon sareng éta sanés daging udang, tapi sirah udang. Bodo naon anu hoyong tuang hulu udang sapertos kitu? Dimana hanyir atoh, bau seungit. Abdi hoyong muntah.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "2213", "text": "Rupa-rupa kajadian dina kahirupan nyababkeun urang kana rupa-rupa réspon kana éta. Aya rasa cinta, bungah, sedih, kuciwa, aya ogé kaduhung. Sering kali, salaku manusa, urang ngalakukeun kasalahan sareng nyandak kaputusan anu salah. Di dinya timbul rasa kaduhung anu jero. Teu jarang rasa kaduhung hese dileungitkeun sanajan mangtaun-taun. Saolah-olah aya nu ngahalangan sarta kahayang pikeun nyalahkeun diri salawasna datang nalika urang inget moment éta. Rupa-rupa kajadian dina kahirupan nyababkeun urang kana rupa-rupa réspon kana éta. Aya rasa cinta, bungah, sedih, kuciwa, aya ogé kaduhung. Sering kali, salaku manusa, urang ngalakukeun kasalahan sareng nyandak kaputusan anu salah. Salah sahiji saran ti psikolog Amérika dina jurnal médis nyaéta pikeun mastikeun yén unggal kajadian anu lumangsung ka urang ngabentuk urang lalaunan. Kitu ogé ku kajadian goréng éta meureun dina waktu ieu urang sok kaduhung. Sanajan kitu, hiji poé urang bakal bisa hatur nuhun.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "2547", "text": ". Waktu keur kuliah, bullying teh muncul deui, tapi teu separah SD jeung SMP, harita kuring kenal jeung babaturan kuring ti fakultas beda, analis kesehatan, kuring apoteker, komunikasi. salingkuh.cenah \"kumaha dina poto anjeun katingali geulis dina kahirupan nyata nalika anjeun mendakan barang anjeun leres-leres nganggo saringan anu goréng, éta anu disebut ngabohong ka umum\". Tina éta pangalaman mental\r\nGeus teu damang deui,sering neunggeul beungeut sorangan,sering ambek lantaran ngarasa teu pantes saha wae,naha ngan jelema ganteng jeung geulis di dunya ieu anu pantes ngarasa aman,rasa bagja,rasa dihargaan, dipikanyaah, dipikanyaah, dipikanyaah ku jalma sabudeureun?? Naha ngan kusabab warna kulit, bentuk beungeut, dedeg anu jauh tina kecap sampurna, teu pantes meunang sagala kitu??? Dunya téh jadi goréng.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "1105", "text": "Lamun diudag ku sato, boh eta sato liar atawa sato piaraan nu teu dipikawanoh, urang bisa ngalakukeun sababaraha hal. Urang kudu tetep tenang jeung ulah panik, lantaran sato bakal ngarespon insting urang, jadina mun tetep tenang bakal mantuan urang mertahankeun kendali jeung situasi. Lamun diudag sato atawa hewan predator siga singa, harimau atawa serigala, lumpat gancang bisa memicu naluri maranehna jang ngudag atawa nyera, jadi usahakeun ulah gerak gancang teuing. Penting oge urang merhatikeun sato tapi lain ku cara ninggali matana langsung, urang bisa ninggali sato nu aya disabudureun tapi teu langsung ninggalina lantaran hal ieu bakal dianggap salaku ancaman jeung nyieun sato leuwih agresif.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "1400", "text": "Pas keur perjalanan ka Depok, urang nebeng ka babaturan da satujuan. Urang diuk di posisi paling tukang, soalna mun di hareup biasana jang nu maturan sopir jeung nu apaleun jalan. Samemehna teh urang ngadahar loba soda di imah lantaran loba nu mere pas lebaran, jadi daripada kadaluarsa diinum weh geura-geura. Di jalan teh beuteung geus karasa kembung, asa geus pinuh tapi ngarasa kosong beuteung teh. Di tengah-tengah perjalanan, teu kahaja hitut padahal mah geus ditahan-tahan tatadi teh. Alhasil babaturan nu keur diuk dihareup pada malik ka tukang ninggali urang bari nyeungseurikeun. Urang era pisan sora hitutna kadenge ku batur tuluy mukakeun jendela ngarah hawa nu dijero bisa kaluar.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "6020", "text": "Tilu hal nu bisa nyebabkeun sasaorang sieun kana jarum suntik. Nu kahiji nyaeta rata-rata disebabkeun disingsieunan jarum suntik keur leutikna, atawa ku cara meunang beja negatif soal jarum suntik. Nu kadua nyaeta boga kulawarga nu phobia jarum suntik. Hal ieu ge bisa jadi pangaruh sasaorang sieun kana jarum suntik, sabab beja di kulawarga nu phobia jarum suntik. Nu katilu nyaeta boga trauma tina jarum suntik, misalna pernah ngarasa peureus atawa nyeuri ketika disuntik, atawa boga pangalaman nu teu merenah ketika disuntik. Jadi, sabenernabmah penyebabna teh umumna tina pangalaman atawa beja negatif ti batur. Padahal mah disuntik teh jadi hal nu lumrah dina kahirupan.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "2934", "text": "Sadaya cara pikeun ngungkulan sieun ngalakukeun cara nu sae, kinten-kinten salah bakal sia-sia upami anjeun nyingkahan sumber kasieun éta. Ngaliwatan Psikologi Dinten, psikolog ti Universitas Boston, Ellen Hendriksen, Ph.D, ceuk salah sahiji cara nungkulan sieun nyaéta pikeun ngajawab patarosan anu geus haunting pikiran anjeun. Mindeng sieun dimimitian ku lamunan, \"Kumaha lamun?\". Contona, \"Kumaha lamun kuring dipecat?\" atawa \"Kumaha lamun kuring dianggap teu mampuh?\"\nContona, upami anjeun hariwang ngeunaan dipecat kusabab ngalakukeun kasalahan, pikirkeun kumaha anjeun bakal ngegetkeun anggaran bulanan pikeun ngirangan biaya. Pikirkeun iraha langkung saé pikeun ngamimitian milarian padamelan sanés, sareng milarian sambungan sareng kasempetan padamelan ti babaturan sareng kulawarga anu sanés.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "8445", "text": "Ningali hiji imah dipinuhuan ku serangga bisa memicu reaksi geuleuh sarta ngarareunah di loba jalma. Sababaraha urang bisa ngarasa groggy atanapi getek, atawa ngarasa teu nyaman tur hariwang. Aya oge anu ngarasa seueul atawa nyeri beuteung. Reaksi geuleuh ieu bisa disababkeun ku sababaraha hal saperti fobia serangga, kahariwang ngeunaan kasehatan, atawa pangalaman goreng jeung serangga nu geus kaliwat. Fobia spesifik serangga, anu tiasa nyababkeun reaksi geuleuh anu langkung parah, kalebet kahariwang sareng ketak jantung anu gancang. Reaksi geuleuh ieu tiasa nyababkeun teu ngarareunah, seueul, sareng kesel burih. Emut yen jengkel serangga nyaeta umum sareng tiasa dikontrol ku padika di luhur. Lamun masalah geuleuh terus mangaruhan kualitas hirup hiji jalma, eta pangalusna neangan pitulung ti profesional kaséhatan mental.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "6001", "text": "Lakukeun opat hal ieu supaya bisa ngajaga mental samemeh ngalaksanakeun operasi. Nu kahiji nyaeta kedah berpikir positif jeung jahkeun pikiran negatif. Kudu yakin yen operasi teh bisa mantak cageur lain kalah mantak nambahan panyakit. Nu kadua nyaeta jaga pola makan supaya asupan anu asup kana tubuh teh terkontrol jeung moal pimantakeun pasca operasi engkena. Nu katilu nyaeta kedah jaga pola tidur supaya teu stress ngahadapi operasi jeung deuih supaya teu aya gangguan saban operasi. Nu kaopat teh kedah ngalaporkeun sagala bentuk kacemasan ka dokter, supaya meunang penjelasan leuwih rinci jeung bisa ditenangkeun. Tah mantak wawasan ngeunaan operasi nu arek dilakukeun ge jadi hal penting supaya bisa persiapkeun sadayana kalayan hade.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "1391", "text": "Pas urang ngasupkeun dahareun kana baham urang tuluy urang ngarasakeun aya rasa aneh sarta busuk, urang ngarasa geuleuh jeung teu nyaman. Bauna nu teu ngeunah nyieun urang ngarasa mual jeung hayang utah. Rasana teu ngeunah jeung ngaganggu kana selera dahar urang. Urang kuduna mariksa heula tanggal kadaluarsa jeung kondisi dahareun saacan meuli, tapi urang poho lantaran buru-buru teuing. Tapi urang teu hayang miceun dahareun eta, jadi urang mikir jang ngamangpaatkeun dahareun eta ngameh teu kapiceun sia-sia. Urang mutuskeun jang masak dahareun eta make bahan-bahan sejen nu seger oge beresih. Urang nyoba jang nambahkeun bumbu jeung rempah ngameh rasa busuk tina dahareun eta bisa ngurangan.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "6290", "text": "Tilu cara nu bisa dilakukeun supaya bisa ngusir reungit di jero imah. Nu kahiji nyaeta make hit elektrik atawa obat nyamuk. Tah dua hal ieu teh bisa ngusir reungit nu aya di jero imah. Bauna nu nyengat teh bisa ngusir reungit. Nu kadua nyaeta make alat perangkap reungit. Ngan ieu mah hargana teh rada mahal, jadi mantak teu loba nu make. Tapi mun ningali fungsina mah ampuh pisan jang ngusir reungit. Nu katilu nyaeta gunakeun obat semprot Jadi, samemeh asup ka jero imah teh kudu disemprot heula make obat semprot tuluy ingkeun satengah jam supaya bauna leungit. Tah ieu teh cara nu paling ampuh dina ngusir reungit di jero imah.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "5979", "text": "Ancaman teh jadi hiji hal anu dipikasieun pisan ku loba jalma sabab bisa ngabahayakeun dirina. Tah ancaman teh biasana datang ti jalma jahat atawa jalma nu niat goreng. Bentuk ancamanna bisa sacara langsung atawa teu langsung, jeung deuih bisa dilakukeun ku cara naon wae, rek eta ancaman sacara verbal atawa ancaman sacara nonverbal. Sagala rupa ancaman teh bajal ngarugikeun sacara mental ka nu diancamna. Sok malahan nimbulkeun rasa sieun jeung rasa khawatir berlebih ka para jalma nu diancamna. Teu jarang ancaman teh diberekeun ka jalma nu dianggap berpotensi ngahancurkeun atawa ngaganggu posisi si pengancam, tapi aya oge ancaman anu dilontarkeun ka jalma anu emang geus neangan masalah atawa ngundang bahaya jeung dirina sorangan.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "2993", "text": "Simkuring nyandak sababaraha data tina survéy CDC dilakukeun dina 2011. Frustratingly, ieu survey panghadena on stalking nu urang bisa manggihan. Kami hoyong ningali langkung seueur perhatian anu dibayar pikeun panalungtikan stalking supados korban stalking langkung seueur sumber daya. Kalolobaan jalma kenal stalker maranéhna intimately. 61% korban awéwé jeung 43,5% korban lalaki dituturkeun ku pasangan ayeuna atawa urut. Kanyataanna, stalking mindeng pakait sareng kekerasan domestik. Stalking mangrupikeun kajahatan anu kompleks anu sering disalahpahami sareng umumna henteu dilaporkeun. Beda sareng kajahatan sanés anu dihartikeun salaku insiden, stalking mangrupikeun pola paripolah, sering mangrupikeun kalakuan individu anu tiasa, nyalira, katingalina jinak tapi mangrupakeun kagiatan kriminal.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "8229", "text": "Lingling teh mineng ngadangu kasus pembegalaan di sakitar imahna. Kusabab seueur kasus pembegalaan jalanan teh janten tiiseun upami tos peuting. Lingling hariwang pisan kusabab manehna teh sok balik peuting wae ti padamelanna. Biasan Lingling naek motor di kantorna tur nepi imah jam 10-an. Lingling teh janten sok parno upami aya nu nuturkeun ditukangeunna, sieun dikukumaha keur balik damel. Arek naek angkot nanging tos teu aya angkot nu jalan upami geus peuting mah, arek ngekos caket kantor nanging pangaos kosan marahal. Kusabab parno Lingling sok mawa ngebut motorna upami aya nu nuturkeun di tukangna. Lingling ngalakukeun eta kusabab teu tiasa ngalawan upami tos kabegal.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "4679", "text": "Lamun asup ka lingkungan anu anyar lingkungan pagawean atawa nu sejena biasana urang sieun di bully. Ieu kajadian kusabab di masih loba keneh pisan praktek senioritas. Senior anu biasana osok ngabully jeung nyalah nyalahkeun junior na komo ka budak anu anyar asup ka lingkungan eta. Jelema anu geus senior biasana sok geus ngarasa paling boga kawasa didinya jadi siga anu berhak nyalah nyalahkeun jeung nitah anu anyar. Samentara, jelema anu anyar asup can ngarti nanaon pasti sieuneun, sieun do galakan teu di baturan sarta sieun di kukumaha pagawean na jadi daek teu daek nurutkeun naon anu di parentah keun bari gugurutu.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "2167", "text": "Bapa kuring resep nyalahkeun batur, kuring moal hilap kajadian ieu, dimana anjeunna mopohokeun hal anu penting sareng nyalahkeun kuring. Sora trivial, tapi amarah kuring narima sagemblengna ancur méntalitas kuring. Bapa biasa amarah sanggeus gawé sarta kudu dilayanan kawas raja. Manéhna teu weléh ngagorowok ka urang hareupeun batur sangkan batur nyaho kumaha ‘goréngna’ urang. ti mimiti asup kuliah, kuring depresi parna, bunuh diri, ceurik ampir unggal peuting nepi ka dibere obat sare (nu matak 'ngambang', rada ngaganggu kagiatan di kampus jadi teu dibawa deui) ku psikiater, Psikolog ogé masihan CBT (Cognitive Behavioral Therapy) salami 3 bulan. Tapi teu pati pangaruh, pangalaman masih 'ngabekas' atawa malah teu garing, sabab kuring masih ngarasa eta ayeuna.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "7272", "text": "Basa abdi nuju numpak angkot abdi diuk di korsi sabeulah sopir, pas mobil geus maju rada lila aya hiji jalmi anu nyetop angkot. Ditingal ti jauh mah asa kenal, pas angkot tos dihareupeun manehna abdi langsung sadar yen eta mah rerencangan abdi basa bimbel dua taun ka tukang. Baheula mah urang teh sok numpak angkot sasarengan ka mamana. Urang duaan gaduh prinsip anu sarua nyaeta hoyong numpak kendaraan umum supados teu macet jeung teu loba polusi. Padahal urang duaan tiasa nyupir motor, tapi tetep milih angkutan umum. Abdi langsung ngalih diuk di tukang sareng rerencangan abdi. Urang langsung ngobrol seeur pisan.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "2071", "text": "Pikeun trik atanapi cara anu tangtu pikeun meunang lotre, henteu aya trik khusus. Ku sabab enya disebut undian, nu meunangna bakal ditangtukeun ku panitia ku cara ngaramekeun atawa ngagambar loba peserta anu geus nyumponan sarat anu dipénta. Janten pertama pikeun lotre sorangan, kuring tiasa nyimpulkeun yén sadaya pamilon ngagaduhan kasempetan anu sami, nyaéta 50:50 pikeun tiap pamilon pikeun meunang atanapi meunang lotre. kadua Meureun dina pamadegan mah, tinimbang mikir ngeunaan jeung néangan hiji trik atawa cara nu tangtu pikeun meunang lotre, geus tangtu nu kasempetan nu Anjeun gaduh ngan 50:50, Anjeun leuwih hade nyoba maen game nu nawarkeun hadiah lamun meunang kaulinan. katilu nah ti kaulinan eta sabenerna urang tiasa meunangkeun hal nu leuwih mecak nayeta kabahageaan :)", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "1409", "text": "Urang pindah sakolaan teh aya kana 3 taunan. Pindah soteh ku sabab pasantren. Jadi pas pasantrenna geus rengse, urang balik deui ka imah, ka kampung urang sorangan. Di hiji waktu keur leumpang, urang papaliwat jeung jelema nu salila ieu teh da asa pernah ninggali. Awalna mah poho tuluy inget, \"oh enya ieu mah si LIli\" ucap urang dina hate. Urang ngalieuk deui ka tukang, tuluy manggil, \"Li, woy Li\". Jelema eta teh ngalieuk, tuluy ku urang sampeurkeun. Bari nepok taktakna ku urang disapa tiheula, \"Li kamana wae, kumaha cageur?\". Manehna langsung ngajawab, \"Punten saha nya? Wanoh sareng abdi? Da abdi mah sanes Lili, duka Lili teh saha\". Urang sura-seuri nahan ka era, tuluy ngomong \"Oh hapunten abdi lepat jalmi\". Tidinya langsung balik badan teu kuat era.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "9009", "text": "Cara katilu pikeun ngatasi kasieun kasepian sabab anjeun nyalira nyaéta janten tatangga anu hadé. Manusa mangrupa mahluk sosial, anu teu bisa hirup sorangan, sarta pasti butuh jalma nu séjén. Meureun urang leuwih sering kaluar tibatan di imah, atawa urang mindeng di imah tapi jarang kaluar bersosialisasi jeung tatanggana. Tatangga nyaéta jalma anu tiasa marengan anjeun di lingkungan bumi anjeun. Upami anjeun teu acan kantos tepang sateuacanna, cobian ngawanohkeun diri anjeun. Ngadegkeun hubungan sareng aranjeunna, bagikeun tuang siang atanapi kueh anu lezat, nawiskeun ngabantosan aranjeunna nalika aya masalah, sareng sajabana. Hal-hal sapertos kieu tiasa ngaleungitkeun kasepian dina diri anjeun. Salaku tambahan, kagiatan nu kitu teh tiasa ngadukung suasana perumahan anu nyaman sareng pikaresepeun.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "1024", "text": "Teu apal penyebab fobia sosial teh naon, tapi fobia sosial biasana dipicu tina genetik. Ieu lantaran nurutan bapa indungna nu oge ngalaman fobia sosial. Bisa oge lingkungan kulawarga anu protektif teuing atawa pernah ngalaman kekerasan di kulawarga. Mun babaturan urang mah ku sabab manehna meunang pangalaman buruk nyaeta pas keur leutikna di bully di sakolana, nepikeun ka ayeuna manehna embung mun ngobrol tiheula teh, tapi mun diajar ngobrol tiheula kakara nembalan, bari kadang teu jelas naon nu diomongkeunna. Tuluy di lingkungan kulawargana ge manehna dikekang ku indung bapana, padahal manehna teh lalaki. Meureunan pedah anak lalaki hiji-hijina jadina dijaga. Nepikeun balik sakola ge kudu tepat waktu.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "4351", "text": "Indonesia boga program ti BKKBN nyaeta dua budak leuwih alus, boga budak dua di anggap geus cukup. Ieu teh di hitung ku nagara sangkan populasi di negara na terkontrol jeung anu paling penting budakna anu lahir cukup gizi jeung nutrisi na ulah nepi ka jadi panderita stunting. Stunting nya eta gagal tumbuh kembang budak, jadi budak tumbuh gede na teu sasuai umur na leuwih lambat. Ieu teh jadi konsen negara kusabab jadi salah sahiji masalah anu gede. Perwakinan lamun leutik keneh can cukup umur di titah tong waka hamil kusabab resiko na gede ka indung jeung anak na. Tapi lamun ges di bere hamil daek teu daek kudu di lakonan reuwas kusabab mimiti jeung umurna anu can cukup mah pasti, matak ku kitu na butuh leuwih loba perhatosan ti posyandu jeung bidan bidan di daerahna.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "7261", "text": "Lamun urang numpak pesawat teras tinggaleun pesawat, aturan di sababaraha maskapai teh beda-beda, aya nu ngagantian duit urang, aya oge anu moal ngagantian jeung nominal anu tos disasuaikeun, jadi moal bener-bener saratus persen balik deui. Matak urang tong nepi ninggalkeun pesawat, da, komo lamun urang tos mesen tiket ti awal. Urang kedah ngabiasakeun datang tilu atau opat jam sateuacanna, komo mun kahiji kalina. Lantaran urang moal apal naon anu bakal kajadian salila urang angkat ka bandara, bisi aya kacilakaan, atawa mogok atawa kajadian luar biasa anu sanesna. Janten lamun urang datang ti dua tilu jam sateuacanna urang tiasa antisipasi hal-hal anu ngarugikeun urang. ", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "4316", "text": "Ngaprank babaturan teh jadi salah sahiji kaulinan anu loba di pikareseup. Ieu teh bisa jadi salah sahiji cara jeung wujud anu ngagambarkeun yen urang teh geus akrab pisan salaku babaturan geus dekeut pisan, jadi na moal aya ambek atawa kumaha. Geus apal yen babaturan na prank ngan saukur hehereuyan lain rek ngahina atawa ngabully babaturan na jadi nya prank berlaku sasuai jeung tujuan sabeberna nyaeta keur hiburan. Bisa hiburan keur anu nongton lamun di jadikeun konten bisa oge keur hiburan maneh na sorangan. Prank lamun ka jelema anu bener bener deuket ges moal asa asa deui, soalna ges apal tungtungna pasti batur anu di prank ngan reuwas terus babarengan seuseurian.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "6988", "text": "Pas asup SMA, Tito janten jalmi anu panasaran hoyong nyobian sadaya. Pas babaturanna mulai ngaroko manehna oge nyobian roko, teu jarang oge manehna mawa roko ka sakola padahal aya aturan teu meunang mawa roko ka sakola. Hiji poe babaturanna mawa miras, manehna oge panasaran hoyong nyobian kumaha rasana eta miras. Sakali nyobian manehna teu resep kana rasa minuman eta, tapi pas kadua jeung katilu kali manehna janten resep jeung mineng nginum miras, malahan manehna mineng pulang ti sakola peuting-peuting sabari mabok. Hiji poe, pas manehna balik nongkrong sabari nginum, hiji rerencanganna kacilakaan katabrak motor, sateuacan maot manehna sempet mangku rerencanganna tapi kaburu maot. Ti kajadian eta manehna kaduhung jeung jangji moal nginum deui. ", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "8442", "text": "Di dieu aya sababaraha cara pikeun nungkulan geuleuh dina bau hanyir. Upami mungkin, sabisa-bisa nyingkahan sumber bau hanyir. Tehnik relaxasi sapertos yoga, meditasi, atanapi relaxasi otot progresif tiasa ngabantosan kahariwang sareng geuleuh. Adaptasi kana bau hanyir ku nyeuseup bau hanyir saeutik-saeutik dina waktos anu langkung lami teh tiasa ngabantosan ngabiasakeun bau sareng ngaminimalkeun reaksi geuleuh. Terapi behavioral kayaning terapi kognitif-behavioral bisa mantuan nungkulan hiji phobia husus tina bau hanyir tur mantuan ngaronjatkeun respon emosional kana odors. Lamun masalah jijik pikeun bau hanyir mangaruhan kualitas hirup hiji jalma, teras konsultasi profesional kasehatan méntal kayaning psikolog atawa psikiater bisa mantuan nungkulan masalah.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "1029", "text": "Unggal jenis phobia tangtuna mibogaan potensi jang ngarugikeun urang sorangan atawa bisa berdampak ka batur oge, utamana mun phobia eta ngaganggu kasejahteraan fisik jeung mental. Lamun phobia ieu teu diubaran, bakal mangaruhan kana kahirupan urang sacara signifikan jeung bisa wae bakal ngawatesan kamampuan urang dina ngajalankeun kahirupan nu produktif jeung minuhan potensi urang. Ku sabab kitu, penting jang neangan bantuan medis atawa terapi. Ku meunangkeun bantuan jang nyageurkeun glossophobia, urang bisa ngawangun kepercayaan diri, ngaronjatkeun kaparigelan komunikasi, jeung ngalegakeun peluang karir jeung kahirupan sosial urang. Ku sabab kitu, glossophobia kudu dicageurkeun ngameh urang ibsa hirup euweuh batasan jang ngahontal potensi nu sabenerna.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "5623", "text": "Mun nuju ngantre teh kudu inget kana barang bawaan urang. Ulah nepi ka poho komo katinggaleun mah. Komo ngantre teh kan padet pisan jelema nu barisna, teundeun tas urang dihareupeun awak supaya kaciri jeung moal katinggaleun. Mun neundeun tas di tukang mah salian bisi katinggaleun, oge bisi aya nu nyokot barang berharga di jerona, sabab urang teu pernah apal jalma di sakuriling teh bageur atawa niat jahat. Ku kituna, urang kudu leuwih hati-hati deui dina ngajaga barang sorangan pas ngantre, komo mun barang berharga mah kudu taliti pisan. Yuk urang biasakeun mawa tas dihareup mun keur dinu ngantrea atawa dinu rame teh! Supaya bisa ngaantisipasi kaleungitan.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "7815", "text": "Moekeun jas hujan dina motor, tadina mah meh gancang garing lantaran karek kahujanan kamari, eh ieu mah kalahkah dipodolan ku manuk. Abdi ngahaja parkir di handapeun tatangkalan anu tetep beunang cahaya panonpoe supados jas hujan kuring tiasa dianggo deui isukan. Pas abdi ningal, di bagian tengah jas hujan kuring aya tai manuk anu rada badag. Kapaksa kuring kedah langsung ngaberesihan deui lantaran lamun diicingkeun pasti bakal bau jeung kotor. Komo lamun langsung dipake pas hujan-hujan keneh mah pasti eta tai bakalan sumebar ka jok jeung beunang kana sapatu jeung rembes kana baju. Untung we sanes dina jok motor kuring anu bolong. ", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "7888", "text": "Di sakola biasana lamun isuk-isuk sok aya guru anu ngabsen para murid, biasana ngaran satiap murid digeroan hiji-hiji teras muridna kedah nyaut \"hadir\" lamun manehna hadir. Abdi sok deg-degan lamun digeroan hiji-hiji kieu teh lantaran biasana sok era sabab sorana sok rada soak. Padahal dina jero hate mah geus ngabayangkeun ngomongna bakal kumaha tapi pas ngomongna kalahkah soak. Abdi sok era pisan, komo lamun diseungseurikeun ku babaturan. Biasana oge sok dilelewe ku babaturan. Pokona mah sateuacan ngomong teh kedah latihan heula supados pas ngagorowok teu ngerakuen diri sorangan. Sarua oge siga ngebut \"kiri: dina angkot, lamun teu yakin biasana sok aneh sorana. ", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "4363", "text": "Lamun umur na geus dewasa ka kolot, justru ulang tahun teh lain tanggal anu di tunggu tunggu kalahka hoream pisan. Alasan na nya geus capek, geus kolot teu pantes kikituan era ku umur jeung leuwih hayang sunyi introspekasi baru bersyukur jeung ingetan berarti jatah umur di dunya teh geus ngurangan deui. Jadina urang kudu leuwih ngadeukeutkeun diri ka gusti Allah. Di bere surprise lamun geus di umur dewasa kolot teh kalahka era, embung urang inget inget umur, kusabab mangkin loba umur makin gede tanggung jawab na. Matakna lamun di bere surprise geus teu antusias reuwas na leuwih ka aneh, naha geus kolot di jien kikieuan sagala kudu na mah teu kudu.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "2450", "text": "Carita si Buncit nyieun panitia seuri. Anu matak, Buncit dipikawanoh ku babaturanana minangka jalma anu sok untung. Anjeunna parantos meunang motor tilu kali dina sababaraha acara. Saméméh jalan-jalan santai dina konteks HUT Koran Kaltim ka-12 kamari, Buncit ogé ngadominasi doorprize sapédah anu diayakeun ku Koran Kaltim. \"Kuring meunang hadiah opat kali. Abdi bagikeun ka réréncangan,\" pokna. Salian ti Buncit, juara utama lalakon Koran Kaltim nyaéta Nuri Fathul Fadillah. Ieu pagawé PDAM Tirta Mahakam téh asa-asa lantaran saméméhna can meunang hadiah. \"Jujur, kuring teu nyangka meunang hadiah utama ieu, malah kuring hayang balik ka imah,\" ceuk manehna bungah. Manéhna ogé ngarojong kana koran Kaltim saban taun ngayakeun jalan-jalan luang, salian ti ngajak warga supaya sehat, ogé méré hadiah anu pikaresepeun ieu.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "250", "text": "Harita urang ditunjuk jadi panitia Imbasadi (Ikatan Mahasiswa Bahasa Daerah Indonesia). Acara ieu teh acara nu gede, sabab mahasiswa ti tiap daerah atawa universitas khususna nu jurusan bahasa daerah bakal kumpul di hiji universitas. Agendana mah rupa-rupa, salah sahijina nyaeta lomba kasenian siga tari, nulis aksara, jeung sajabana. Urang kapilih jadi panitia pubdekdok (publikasi dekorasi dokumentasi). Emang geus teu aneh urang di divisi ieu, geus mindeng, tapi sabab ieu mah acarana gede tangtu tanggung jawabna oge gede. Urang karek mimitian milu acara sagede kieu, biasana ngan acara-acara jurusan. Bungah bisa panggih jeung batur di tiap daerah anu aya di Indonesia. Nepika sadar lamun Indonesia teh lega pisan. Di poe terakhir, urang tukeuran Instagram ngameh tuluy bisa kontakan.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "5279", "text": "Ditikung ku babaturan sorangan jadi salah sahiji kanyeuri nu luar biasa dina hirup abdi. Hal ieu biasana loba dirasakeun ku manusa nu pernah bobogohan. Mun gaduh kabogoh, mending tong diwawuhkeun deukeut teuing jeung babaturan urang, sabab resiko a gede. Teu jarang babaturan jeung kabogoh malah ngajalin hubungan di tukangeun urang. Biasana babaturan nu nikung ti tukang teh nyaeta babaturan nu deukeut pisan, nu apal seluk beluk urang jeung pasangan urang. Ku kituna, penting pisan jang urang ngajaga privasi hubungan supaya teu jadi mamala ka urang sorangan. Komo mun geus nepi ka ditikung ku babaturan, geus mending putuskeun we duanana, hubungan babaturan jeung hubungan bobogohan.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "4069", "text": "Urang jelema anu elehan pisan, ti baheula urang sok amprok jeung jelema anu teu boga hate. Anu gawean na teh ngajailan jeung ngagawean urang. Tapi urang teh bodo na kalah bageur wae, da mikirna teh kudu boga babaturan padahal urang sabenerna bisa hirup sorangan da serba ku sorangan nanaon ge. Malah batur anu jiga na teh ngabutuhkeun urang, unggal poe gadag na teh niron wae, nyitahan wae, jeung ngajailan urang. Urang teu nyaho sebab eta babaturan sok kitu ka urang, nu jelas urang jelemana gampang di bobodo. Lila-lia mah urang teh muak ku ayaan urang nu kos kitu, urang ge jadi trauma mun amprok jeung jelema. Urang jadi icingeun, jarang gaul, tara pernah ngarasa senang.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "9200", "text": "Waktu harita kuring jeung indung geus bérés balanja ti pasar. Waktu harita urang meuli jambu kristal, kira-kira lima kiloan. Waktu harita indung kuring ngahaja milih nu badag jeung buah nu geus asak, sabab mun can asak mah buahna bakal teuas jeung teu amis. Nalika ku kuring dibuka di imah, buah kahiji mah alus, buahna empuk sareng amis. Lamun buah kadua jeung katilu, jerona teh busuk, aya bilatungan ogé. Kuring ngarasa keuheul pisan, kuring langsung miceun buah anu aya bilatungan mah. Pas dicek, tetela loba nu busuk teh, jadi kaduhung geus meuli tapi teu didahar. Tétéla éta buah nu di luhur mah geus busuk, anu alusna disimpen di handap, jadi teu katempo ku urang.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "2442", "text": "Hal-hal anu Kudu Dipigawé Lamun Nempo Hantu Nurutkeun Pandangan Islam. Naon anu kudu dipigawé lamun ningali hantu\nIeu mangrupikeun hal-hal anu anjeun kedah laksanakeun nalika ningali hantu dina pandangan Islam.\n\n1. Nyuhunkeun panyalindungan ka Alloh S.W.T\nHal kahiji anu kedah dilakukeun sareng kedah dilakukeun nalika ningali hantu nyaéta maca doa pikeun nyuhunkeun panyalindungan ka Allah S.W.T. Ku cara ngadoa ka Alloh, saurang hamba bakal dipaparin panyalindungan, sangkan teu kaganggu ku hantu. Sedengkeun pikeun solat nalika ningali hantu, sétan, atawa jin, nyaéta:\n2. Maca Ayat Kursi\nLamun anjeun nempo jurig, mangka anjeun kudu nyoba teu paduli ngeunaan eta jeung nyoba maca ayat suci Al Qur’an. Dina agama Islam, maca ayat korsi mangrupa salah sahiji cara pikeun nyingkahan kaganggu ku hantu atawa sétan. Ku maca ayat Kursi, mangka hiji hamba bakal dipasihan panyalindungan ku Alloh, sahingga rasa nyaman dina ngalaksanakeun kagiatan tetep aya. Padahal nurutkeun ajaran Islam, samemeh aya jalma sare peuting, leuwih hade maca heula ayat korsi. Ku ngalakukeun ieu, anjeun bakal dipasihan perlindungan ku Allah supados hantu henteu ngaganggu bobo anjeun.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "6378", "text": "Salah sahiji dampak negatif tina pinjaman online teh nyaeta ngeunaan data pribadi. Jadi, samemeh ngalakukeun pinjaman online teh, urang pasti ngasupkeun heula data nu valid kana aplikasina. Terus sok verifikasi KTP jeung data diri, termasuk alamat lengkap. Tah mun hape leungit teh kudu hati-hati sabab bisi datana dipake jang pinjol ku batur. Sabab mun eta nepi ka terjadi teh bakalan riweuh pisan. Batur nu nginjem duit na, urang nu diteror jeung ditatagih. Tah, mantakna gaduh data dina hape teh kedah di backup jeung dibere perlindungan ganda. Supaya tei bisa dibajak ku batur, komo urusanna jeung pinjol mah bakalan hese kahareupna!", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "6264", "text": "Hal-hal nu nyebabkeun WC jadi kotor atawa laleueur. Nu kahiji nyaeta jarang diberesihan atawa jarang disikatan. Tah hal ieu ngajadikeun sagala kokotor teh ngendap teu kabawa ku cai, jadi we ngerak kokotorna dina tehel jeung dina toilet. Nu kadua nyaeta sampah bekas sabun nu sembarangan. Tah sampah bekas sabun teh mantak leueur pisan kana tehel teh, jadi we teu keset jeung paur mantak tisoledat. Nu katilu nyaeta bekas tapak sapatu atawa sendal nu teu dibanjur deui mun geus beres ti WC teh. Tah hal ieu nu jadi kokotor ngendap teh jeung deuih hese diberesihkeun, komo mun taneuh na baseuh mah.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "3433", "text": "Sadar atawa teu sadar, urang pasti inget deui kana kenangan anu nyieun urang ngarasa keuheul, boh kenangan ngerakeun atawa nyeri keur urang. Kitu ogé nalika nginget jalma anu pernah urang kenal, atanapi bahkan anu ayeuna caket sareng urang. Urang condong nginget langkung seueur jalma anu anggap urang gaduh kenangan négatip atanapi kalakuan goréng batur. Naha urang condong nginget kenangan négatip leuwih sering ti kenangan positif? Sababaraha sumber ngajelaskeun yén mémori raket patalina sareng émosi anu urang alami. Nalika urang dina wanda goréng, sanajan urang teu hayang éta, pikiran urang bakal maén kenangan goréng ogé. Sabalikna, nalika urang dina wanda gumbira, tangtu urang bakal inget kana pangalaman-pangalaman anu matak ngabungahkeun ogé (Martono & Hastjarjo, 2008).", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "725", "text": "Dina saambek-ambekna urang mun disalingkuhan tapi inget ulah nepikeun ka poek hate jeung pipikiran, nu tungtungna mah bakal ngarugikeun batur jeung urang sorangan. Lantaran ninggali warta di TV nu salingkuh teh dibunuh. Sanajan urang ambek di salingkuhan tapi teu wani nepikeun ka ngalakonan siga kitu, da rek kumaha wae oge jelema mah boga pilihan sewang-sewangan, mun dirasa geus teu cocok nya enggeus neangan nu sejen, tapi alusna ku cara nu baik-baik. Lantaran pas jadi kabogoh ge mentana baik-baik, pisah oge alusna mah ku cara anu baik-baik. Aya paribasa \"Cinta itu tidak saling memiliki\". Da enya urang satuju ku papatah eta, mun enya manehna jeung nu sejen mah ikhlaskeun, angguran mah doakeun manehna dibere pasangan nu leuwih ti urang.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "2218", "text": "Ibu sareng bapa cerai nalika kuring yuswa 5 taun sakitar taun 2000 sareng adina umur 3 taun. Hiji kajadian anu ngarobah sakabeh kahirupan kuring jeung ngubur sakabéh kaéndahan waktu kuring spent kalawan kolot kuring nu teu bisa pinuh ngarasakeun. Anu ngajadikeun kuring sedih nyaéta urang papisah. Abdi sareng bapa sareng adina sareng indung kuring, tinimbangan waktos éta kusabab adi kuring masih alit sareng éta ogé diputuskeun ku Pengadilan Agama sareng dinyatakeun dina surat talak kolotna. Kuring cicing sareng nini sareng papa dugi ka 2019 dimana nini maot taun ka tukang. Oh enya, bapa kuring kungsi stroke sarta geus nikah jeung indung kuring waktu éta. Enya meureun geus takdir, mun bapa kuring nu stroke, dibere rejeki anak ngaliwatan indung kuring, nu hayang narima manehna dina kaayaan kitu, sanajan kuring nyaho yén indung kuring ogé mutuskeun pikeun cerai. .", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "9192", "text": "Adi kuring teh jalma anu sok hilap jeung jorok pisan. Manehna sok poho nyimpen barang, atawa nyimpen barang nu ges dipaké dimana wae. Tah sakali-kali dibawakeun jang dahar beurang ku indung kuring, tapi ku manehna teu didahar sabab cenah ngan sakeudeung istirahatna jadi teu boga waktu jang dahar. Nu matak pikasebeleun mah manehna ngaluarkeun eta tempat bekel anu masih aya eusina tilu dinten saatosna. Di bumi tugas kuring teh ngumbah piring, nalika kuring muka eta tempat bekel, kuring langsung hoyong utah sabab bauna parah pisan, anu leuwih parahna nyaéta kapang anu tumbuh dina eta tempat bekel, jadi rada hese ngabersihanna. Saatos kajadian éta adi kuring dibekelan tuang siang nganggo kertas sangu supados anjeunna henteu kedah ngumbah wadahna sareng upami hilap, dibuang waé. Lamun hoyong nganggo tempat bekel anjeunna kedah ngumbah nyalira, ameh manehna diajar tanggung jawab.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "7587", "text": "Bayangkeun lamun urang nuju mapah atawa lumpat di hiji taman, tuluy aya anjing anu ngudag bari ngagonggong ka urang, naon nu kedah urang lakukeun. Anu pang pentingna mah ulah panik lamun diudag ku anjung. Lamun urang panik sabari lumpat, hal eta malah ngajieun si anjing beuki percaya diri jeung beuki semangat ngudag urang. Lamun anjing ngadekeut urang kedah janten patung, cicing sabari ngangkkat lengeun di sisi awak urang, sapertos tangkal. Lamun urang cicing, anjing oge bakal ereun ngudag urang jeung teu semangat deui ngudag urang. Tong sakali-kali ngalambaikun lengeun atawa najong anjing, hal eta malah tiasa ngabahayakeun diri urang sorangan. ", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "4354", "text": "Hamil tuluy boga budak teh rezeki, kusabab hartina Allah geus mere kapercayaan ka sapasang manusa keur di titipkeun anak. Loba jelema anu kudu hese jeung lila ningguan hayang boga budak teh tapi aya oge anu saenggeus na nikah langsung eusi hamil. Nah eta nu ngarana rezeki batur teh rupa rupa geus di atur ku nu di luhur nyaeta Allah SWT. Anak di sebut na rezeki tapi oge ujian jeung tanggung gede saumur hirup. Anak lamun ges lahir teh kudu di rawat, di jaga jeung di didik anu bener sangkan jadi jelema anu bener jeung pinter. Teu babari boga anak tanggung jawab na gede saumur hirup lahir bathin. Matak lamun can siap lamun bisa mah ulah waka, lamun kapaksa karunya anak na. Matakna jelema lamun ujug ujug hamil reaksi mimitina pasti reuwas teu sangka bahwa maneh na geus di percaya ku Allah tuluy ceurik haru bacampur bungah.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "3429", "text": "Tamat sakola kuring ngarasa hina, contona, kuring papanggih jeung jalma-jalma di sabudeureun kuring atawa kontak jeung jalma anu geus lila pisah jeung kuring, biasana sok nanya kuring sakola dimana, kuring teu acan sakola, atanapi naon kelas kuring di dugi ngeunaan 2 sababaraha taun ka pengker Lajeng. Sajaba ti éta, nalika kuring papanggih jeung barudak leutik, kuring ngarasa kawas budak heubeul / rumaja anyar sabab jalma di gigireun budak geus kabiasaan nelepon kuring lanceukna (anak-anak kudu nyebut kuring Bibi hormat kuring) malah. padahal kuring geus dewasa. Abdi saleresna dewasa tina segi umur sareng penampilan gaya rambut sareng pakéan ogé. Kuring geus lila ninggalkeun poni hareup, 2 kuncir warni, ransel, rok mini, jeung kaos kartun. Kuring sorangan leuwih resep maké rok / dresses midi, blus tops, sarta ogé aya kalana maké calana panjang bahan. Rumasa kuring geus dewasa, sok sanajan sok aya nu teu sadar yen kuring geus dewasa sabab dina pikiranana mah kuring masih leutik/remaja sabab geus macet didinya.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "7848", "text": "Indonesia gaduh seeur pisan basisir anu sae, tapi hanjakalna masih keneh seeur pisan runtah dina basisir. Lamun urang mapah sapanjang basisir pasti aya wae runtah. Teu ngan eta hungkul, biasana aya hiji tempat di caket basisir anu dijadikeun tempat kanggo numpukkeun runtah ti walungan anu nyambung ka basisir lamun cai keur gede. Abdi ngarasa kaganggu pisan ku runtah di basisir lantaran kedahna urang tiasa ningal pintonan anu sae di basisir, tapi kalahkah diruksak ku runtah. Tapi tungtungna mah urang moal tiasa nyalahkeun batur. Mimitian we ti diri sorangan, lamun ka tempat umum tong miceun runtah di mana wae, lamun teu nimu wadah runtah, bawa balik runtahna. ", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "2158", "text": "2021 taun paling hese mah sok gagal lebet ka program studi profesi apoteker, sakitar 5-6 kali pasrah margi biaya pendaftaranna mahal, ti 4 rt dugi ka 1 juta tapi teu ngajamin calon mahasiswa tiasa lulus. pilihan teu nyebut loba sarat dokumén ti hurup kaséhatan fisik, kaséhatan méntal, buta warna, ubar, jeung sajabana biaya pisan. Kuring malah nyandak les online dibayar sababaraha kali. Sedengkeun kolot mah lain jalma beunghar, panghasilanana ngan saukur cukup. Dina pikiran kuring heran naha jeung kunaon? Abdi sanes jalmi anu pinter tapi sanes bodo, abdi sok nampi nilai sampurna nalika kuliah (punten sanes sombong). Nepi ka tahap déprési jeung trauma, kuring megatkeun pikeun hijrah néangan gawé di kota séjén, sabab pas jeung registrasi CPNS 2021, kuring ngadaptar. Alhamdulilah abdi lulus administrasi sareng ahirna Ujian Seleksi Kemampuan Dasar (SKD) abdi kacida bungahna lantaran lulus. Tapi ceuk takdir, sanajan peunteun lulusna nyugemakeun, kuring teu boga untung lantaran teu aya rengking.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "4071", "text": "Sa enggeus kajadian-kajadian anu urang di manfaatekeun ku jelema, urang jadi mikir bahwa urang teh ulah ngabaturan jelema anu kos kitu. Sabenerna urang masih layak ngajalanan hirup sorangan, urang mampu hirup teu boga batur. Tapi urang sieun mun teu boga batur teh, ngan makin dieu mah urang mikir jang naon ngabaturan jelema anu kos kitu. Urang mampu hirup sorangan, urang bisa ngajalanan hirup tanpa babaturan, satungtung kolot aya keneh urang teu butuh babaturan. Tapi aya karakter jelema anu bisa di jadikeun babaturan, nyaeta anu bageur jeung teu ngamanfaatkeun kaayaan. Teu kudu ngabogakeun loba babaturan, cukup ku hiji babaturan anu bisa ngartikeun kakurangan diri urang. Soalna jaman ayeuna mah eweh jelema anu bisa di percaya, rata-rata jelema teh ngan bageur di luar hungkul. ", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "5713", "text": "Sok jengkel pisan lamun ningali petugas frontliner kalah nyoo hape keur gawe na teh. Padahal konsumen teh keur pinuh ngantre supaya dilayanan. Tah ningali nu kitu teh sok greget abdi mah hayang nyarekan. Kuduna jam pelayanan, ieu kalah ngoprek hape sorangan belaan taledor ka konsumen. Kuduna mah hal nu kieu teh diminimalisir sabab ngarugikeun waktu nu dibuang ku konsumen. Jadi mubadzir waktu, sabab loba keneh kaperluan batur di luar. Mantak, biasakeun mun gawe teh aing bener, ulah nepi ka ngarugikeun konsumen sabab mun euweuh konsumen mah euweuh pemasukan kan ka perusahaan ge. Omat ulah gawe jiga kitu urang mah, kudu utamakeun pagawean!", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "7602", "text": "Hiji poe abdi nuju bobo di imah rerencangan, pas nuju bobo subuh-subuh manehna menta dianteur ka kamar cai kanggo ngising. Sabenerna abdi teu hoyong maturan manehna ka kamar cai tapi manehna maksa sababaraha kali, abdi oge hariwang lamun ditahan-tahan bisi manehna ngisin na calana, matak tungtungna abdi maturan anjeunna di kamar cai. Pas tos di kamar cai sabenerna manehna awalna nawaran kanggo miluan ka jero kamar cai, tapi abdi embung asup ka kamar cai oge, jadi we abdi ngantosan di luar. Pas abdi ngantosan di luar abdi sieun cicing sorangan, janten abdi ngetok panto kamar cai kanggo miluan asup bakating ku sieun.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "6868", "text": "Basa pun lanceuk ditarima gawe di salah sahiji BUMN, abdi teu tiasa ereun ngucao syukur lantaran apal pisan kumaha hese na teteh neangan gawe. Teteh abdi lulusan SMK Farmasi, pas lulus teh sabener na mah hoyong langsung kuliah, tapi teu katarima di perguruan tinggi negeri. Ahirna teteh nganggur sataun sabarai ngalamar kaditu kadieu. Pas tos sataun alhamdulillah katarima di Kimia Farma, tapi sanes di apotekna. Sataun leuwih gawe di Kimia Farma teteh mutuskeun pindah gawe ka BUMN lantaran Kimia Farma bade pindah ka Banjaran, tapi eta oge ngantosan kurang leuwih sataun. Alhamdulilah ayeuna mah tiasa digawe sabari kuliah, mayar make duit sorangan.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "5152", "text": "Parantos nyobian kenging hadiah tina undian teu acan, baraya? Teu acan? sami atuh sareng abdi ai kitu mah. Abdi ge salila ngiringan undian teh teu acan pernah dibere kasempetan jang meunang. Duka kudu kumaha carana supaya meunang undian teh. Tapi jigana memang kurang beruntung we meureunan. Ngan tong jadi kapok, boa dina undian salajengna mah aya milik urang didinya. Ayeuna mah urang gencerkeun we ngadoana, leuwih rajin deui ibadahna jeung nambahkeun kayakinan yen urang bakal meunang suatu saat ge. Tong jadi putus harepan ah, yuk urang refresh deui pamikiran urang. Mudah-mudahan ku kapayunna mah aya milikna. Tos waka pesimis di tengah jalan.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "633", "text": "Urang pernah mondok di imah babaturan pas keur SD kelas 4 tan. Urang mondok jeung si Oki di imah si Upi. Hayang mondok didieu teh sabab imahna teh gede pisan, jarang-jarang bisa asup ka imah anu gede kieu. Tapi di awal samemeh sare, urang, oki, jeung si upi geus sapuk lamun saha wae nu sare tiheula bakal dijailan. Pek teh bener weh mimiti si Oki nu dijailan make cai lilin anu panas tuluy dikeclakeun kana suku. Nah sabab urang geus tunduh teu karasa ngalenyap, hudang-hudang teh reuwas da ngarasa panas tina suku sieunna teh imahna kahuruan. Urang reflek langsung ngomong panas tuluy hudang.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "7882", "text": "Pas abdi kuliah abdi miluan salah sahiji kagiatan di kampus nyaeta diklat kanggo janten anggota di hiji organisasi. Di kagiatan eta abdi mondok di leuweung salila lima poe tanpa mandi lantaran akses ka kamar cai hese pisan. Di lima poe eta oge abdi ngalaksanakeun kagiatan anu seeur pisan kagiatan sapoe jeprut nepikeun seeur pisan ngesang sabari teu aya waktos kanggo mandi. Di poe ka lima abdi sareng pamilon anu sanes disamperkeun ku hiji pamateri. Pas pamaterina cicing di hareupeun urang anjeunna ngomong yen anjeunna bau eun ka arurang. Saurna mah arurang teh bau siswa. Abdi langsung era pisan ka anjeunna.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "4453", "text": "Fitnah jaman ayeuna makin wae babari nyebar jeung mere pangweruh ka batur. Di caritakeun ku babaturan urang yen maneh na di gawe sempet di fitnah ku babaturan di gawena sorangan, babaturan urang di fitnah yen babaturan urang ceunah di gawe na henteu bener, osok datang ka kantor elat jeung sajabana. Eta teh di lakukeun sangkan babaturan urang gagal teu jadi naek pangkat na kusabab samemehna babaturan urang teh sempet di promosikeun ku bos na naek jabatan. Babaturan na ieu siga na teu tarima matak ngafitnah ngagogoreng babaturan urang, jelas babaturan urang teu tarima jeung ambek yen di gogoreng jeung pagawean na rek di cokot ku batur, kusabab manehna geus berjuang pisan meunangkeun pagawean eta.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "2075", "text": "Kuring pikir anu kuring mésér murah tapi mangpaat pisan nyaéta silikon jang. Kuring mimiti ngagem kacamata sengit nalika kuring kelas 3 SMA. Kadieu heuras, siga hudang nepi ka rek sare deui, sok make kacamata. Sababaraha minggu ka tukang, kuring nuju ngerjakeun tugas anu meryogikeun kuring neuteup laptop salami sababaraha jam. Biasana nalika kuring henteu ningali laptop, kuring resep nyabut kacamata kuring pikeun manteng otot-otot di sabudeureun ceuli. Kusabab lila-lila kudu make kacamata, karasa panonna peurih jeung ceulina beurat jeung nyeri pisan nyekel cecekelan kacamata. Utamana mun anjeun nurunkeun sirah anjeun, gelas ogé ragrag ka handap ngarah kaluar. Tapi saatos nganggo silikon ieu, éta henteu gampang pareum. Harga sapasang silikon ngan ukur 5.000 rupia sareng kuring ngagaleuh di Shopee. Murah pisan kan? Kuring yakin ieu bakal mangpaat tur mangpaat pikeun anjeun anu maké kacamata jeung boga masalah anu sarua jeung kuring.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "8412", "text": "Utah teh mangrupikeun gejala tina kaayaan awak anu teu sihat. Seueur panyakit nu dicirikeun ku gejala utah. Sanajan kitu utah teu tiasa tepa, kaayaan ieu disebut utah simpatik. Ieu teh lumangsung nalika tetempoan, bau, atawa sora batur utah ngabalukarkeun jalma sejen jadi seueul sarta hayang utah. Kajadian ieu cukup umum di masarakat sareng sababaraha elmuwan nganggap yen ieu mangrupikeun sipat simpatik anu memang parantos dikembangkeun dina manusa. Utah simpatik tiasa muncul salaku reaksi basajan kana tetempoan pikaresepeun atawa bau utah. Salaku tambahan, bau anu dipancarkeun nalika aya jalma utah dianggap bau anu paling parah sareng tiasa nyababkeun jalma-jalma di sakurilingna ngarasa seueul.\n", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "2630", "text": "Abdi teh pagawe anyar keneh di luar negri, cicing di kost, hiji poe kost digedor, aya preman menta duit satpam. Sawatara preman sumebar ngagedor sababaraha kosan sakaligus\n\nBeungeut garong kuring kaluar ogé 20 rébu jeung rencanana ngapung pikeun aranjeunna. Salah saurang pamimpin preman ngaliwat hareupeun kamar kuring ningali ka kuring.\n\nTétéla anjeunna supir di kantor, sarta ngeureunkeun preman tina menta duit kuring. Di kantor aya aturan, anjeun tiasa gabung ka organisasi massa tapi henteu tiasa ngalanggar hukum, sareng pemerasan mangrupikeun ngalanggar hukum. Eh, sabenerna mah dibenerkeun, dibere duit, tapi kuring nolak. Tungtungna mah teu kungsi dibully deui ku preman, malah dipikanyaah jadi lalancekan.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "2601", "text": "Sindrom anak tengah mangrupikeun kaayaan psikologis anu tiasa ngajantenkeun budak tengah ngarasa terasing. Ciri-cirina rupa-rupa, saperti sieun pergaulan, ngarasa teu aya gunana, nepi ka frustasi. Pikeun ngungkulan kaayaan ieu, kolot disarankan pikeun leuwih merhatikeun eta. Ciri barudak jeung sindrom anak tengah. Lamun budak tengah ngarasa disingsikeun, teu dipaliré, jeung ngarasa béda ti dulur-dulurna, aya sababaraha pangaruh goréng anu bisa dirasakeun. Di handap ieu ciri-ciri budak anu sindrom anak tengah:\n1. Eweuh harga diri\nLamun budak tengah ngarasa diasingkeun, didiskriminasi, atawa malah teu dipikanyaah ku kolotna, manéhna bisa boga harga diri handap atawa harga diri. Hal ieu dipercaya bisa ngondang masalah mental lianna.\n2. Sieun sosialisasi\nSieun bersosialisasi sigana salah sahiji kapribadian budak tengah.\nHal ieu sabab nalika budak tengah ngarasa teu dipikanyaah ku kolotna, manéhna ogé bisa ngarasa sieun pikeun sosialisasi jeung mundur lantaran nyangka babaturan di luar imah bakal ngarawat manéhna.\nIeu kaayaan hésé sabab butuh perhatian, tapi sieun tampikan.\n3. Rumasa teu aya gunana\nSindrom anak tengah bisa nyieun barudak tengah ngarasa teu kabeungkeut ku kolotna. Hal ieu dipercaya ngajadikeun aranjeunna nyalahkeun diri sareng ngarasa teu aya gunana.\nKanyataan yén budak tengah ieu kedah dipikahartos sareng direngsekeun langsung supados anjeunna henteu lebet kana rasa dosa.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "6913", "text": "Dinten ieu mangrupakeun dinten anu susah pisan pikeun Tuti. Anjeunna nembe nampi kabar yen anjeunna bakal di-PHK ku perusahaan tempat anjeunna damel mangtaun-taun. Ti saprak meunang kabar, manehna ngarasa sedih pisan. Tuti kaemut kumaha anjeunna ngamimitian damel di perusahaan ieu. Anjeunna bungah pisan nalika anjeunna nampi tawaran padamelan sareng tekad pikeun ngabuktikeun dirina. Anjeunna tos nyeepkeun sababaraha taun ngawangun karirna sareng parantos ngadamel seueur kontribusi pikeun perusahaan. Nanging, sadayana rengse sapertos ayeuna. Tuti mikir ngeunaan sagalana nu bakal kajadian sanggeus manehna di PHK. Anjeunna henteu gaduh seueur pilihan sareng kedah gera-gera milarian padamelan anu sanes. Komo manehna kedah mayar tagihan listrik jeung pangabutuh sapopoe anu teu sakedik.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "5916", "text": "Basa nuju SMA, abdi ngiringan lomba speech contest nu diayakeun di sakola. Sugan teh moal ditampilkeun dina panggunh, eh ai pek teh tampil di panggung saorang-saorang. Abdi meuni reuwas pisan sabab bisi teu apal teks jeung bisi demam panggung. Pas naek panggung, abdi meuni deg-degan pisan, tangan meuni tariis, pikiran geus teu puguh, babacaan geus teu kaliwat pisan. Awak ngageter sajadi-jadina bari nyekel microphone. Pas mimiti ditanya ku juri, abdi teu bisa ngajawab sabab saking demam panggungna. Ditambah sisieun panggung aya kakak kelas anu nyurakan wae. Abdi meuni geus hayang nyumput we harita, saking ku erana sabab ngelag rek ngajawab teh.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "3370", "text": "Poé éta manéhna indit ka sakola buru-buru, hudang telat alatan manéhna saré telat lalajo kaulinan maén bal. Sabot nepi ka gerbang sakola, manéhna bingung jeung éra.\r\nKuring poho yén saragam béda poé éta. Kuduna mah make baju batik, teu sadar masih make baju bodas jeung biru (masa SMP). Pura-pura aya nu katinggaleun jeung pamit ka satpam sakola, kuring nyokot sapedah deui ka imah jeung ganti baju. Langsung ngusir indit ka imah. Hiji mangsa guru dititah datang ka hareupeun kelas pikeun migawé soal-soal dina papan tulis. Nalika kuring nepi ka hareup, pikeun sababaraha alesan kuring teu bisa ngajawab. Pikiran kuring kosong, kuring ngan inget yen komik Chinmi (Kunfu Boy) poho nempatkeun kana laci. Abdi henteu tiasa ngajawab patarosan deui, tapi ku guru kuring mendakan kuring maca komik di kelas. Untungna, komik kuring dirampas sareng kuring paling seueur pe-er ti babaturan kuring anu sanés. balukarna teu fokus jeung begadang ahirna kuring ngalaman eta pangalaman.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "5203", "text": "Nikah teh mangrupakeun penyempurna ibadah. Jadi, mun tos nikah mah ibadah urang teh mendekati sampurna. Nikah teh ngahalalkeun nu haram, ngahijikeun nu papisah, jeung nyatukeun dua insan. Tong kudu sieun nikah sabab teu acan mapan finansial, sabab tos nikah mah rezeki teh insyaallah bakal babari. Tong sieun nikah oge gara-gara sieun maharna teu kapeser, sing yakin we mun tos aya niatan mah sagala ge bakal dipermudah jalanna. Komo ieu menuju ka hal nu dianjurkeun. Nikah mah teu kedah ngantosan mapan, da sagalana oge pasti bakal nuturkeun. Tos nikah mah kamana-mana duaan ge janten ibadah, moal deui janten dosa. Ku kituna, yuk ah urang persiapkeun jang nikah, supaya tiasa enggal-enggal nyampurnakeun ibadah jeung dijauhkeun tina sagala maksiat!", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "2913", "text": "SOAP (Strategi Pikeun Ngalawan Phobias Akuatik) mangrupikeun usaha terapi\nnu ieu ditulis nepi dina artikel ku Jeff Krieger sarta dumasar kana carita ieu. Pasal\njudulna \"Strategi pikeun Overcoming Aquatic Phobias\" tahun 2005 ku ahli dina waktos anu sareng\nPembimbing kaséhatan méntal ieu ngajalajah kumaha kasieun atanapi phobia cai tiasa diatasi ku sababaraha cara. Strategi ieu nawiskeun cara ngaleungitkeun\nsieun pikeun jalma anu sieun deukeut atawa di cai dina cara\nmarahmay. Strategi ieu ngandung cara pikeun ngadeukeutan sareng nyayogikeun lingkungan anu aman\nngarojong palaksanaan pangajaran sacara émosional, mental, jeung fisik. kahadean\nStrategi khusus ieu kanggo jalma anu sieun atanapi ngarasa teu aman\nsabudeureun atawa dina cai. Sajaba ti éta, maranéhna bakal diwanohkeun laun\nka lingkungan akuatik jeung diajarkeun téknik keur di cai jeung kaahlian pikeun\nWani diajar ngojay", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "247", "text": "Pasti loba kajadian di mana barang leungit di imah kaayaan teu sadar. Aya sababaraha cara ngameh teu mindeng kaleungitan barang di imah. Nu kahiji, nyiapkeun tempat khusus jang nyimpen barang. Misalna konci motor atawa konci mobil bisa diteundeun di gantungan tembok, biasana berupa tempelan ngameh teu ngaruksak tembok. Tapi lamun euweuh bisa oge make paku tuluy di palu. Jadi kategorikeun tiap barang, bisa pakakas hungkul, obat-obatan, jeung sajabana. Nu kadua balikeun deui barang anu geus dipake ka tempatna sewang-sewangan. Misal lamun geus make barang pakakas, balikeun deui ka wadah khusus pakakas. Nu katilu imah kudu ditata, bisa mulai ti nyieun kelompok benda nu sajenis ngameh babari diteangan.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "8489", "text": "Sarerea pasti ngarasa isin. isin ieu bisa boga rupa-rupa sabab. Salah sahiji alesan jalma janten era nyaeta calana anu dianggo ku robek nalika ngalakukeun kagiatan anu tangtu. Sabot calana robek, pasti bakal ngahasilkeun sora anu has, nyaeta \"brrruueekkk\". Nalika sora dihasilkeun, jalma-jalma di sabudeureun urang pasti bakal ngalieuk ka sumber sora. Sakedapan urang janten pusat perhatian sadayana. Kesang mimiti ngeclak kusabab era anu urang karasa. Awak urang bakal panas jeung beungeut urang bakal beureum ku isin teu kaampeuh. Urang bakal langsung nutupan beungeut urang atawa lumpat ka arah nu urang teu bisa nempo urang. Calana robek bakal ngerakeun pisan upami lumangsung dina momen penting sapertos rapat sareng jalma penting.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "358", "text": "Diagnosis kacanduan game jeung cara penangananna kudu dilakukeun ku psikolog atawa psikiater. Tapi kolot jeung guru bisa ngagunakeun ciri nu kahiji dina diagnosis kacanduan game jang apal apakah jelema nu dieukeutna kacanduan game atawa henteu. Ciri nu babari dikenali nyaeta jelema nu kaleungitan kontrol ngeunaan prilaku maen game. Misalna, bisa langsung nanya ka jelema eta langsung. Salian ti eta, kuesioner oge bisa dijadikeun alat bandu skrining, ku make patokan skor di luhur 22 asup kana kategori kacanduan game. Lamun jelemana teu hayang indit ka psikolog atawa psikiater, teu kudu dipaksakeun. Lamun jelema eta teu hayang ngeureunan maen game, kudu kahade sabab jelema nu kacanduan game bakal ngambek jeung bisa boga prilaku nu agresif.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "4435", "text": "Rezeki jeung takdir hirup kahareup na eweuh anu apal bakal kumaha. Matak urang jadi jelema teu meunang agul ku payung butut kanu ayeuna di lakonan kusabab kahareupna bakal robah. Misalna aya dina hiji tongkrongan pamuda di lingkungan imah, didinya rata rata pamuda na di garawe di pabrik pabrik gede maranehna geus biasa mawa motor anu alus kusabab gajihna anu gede. Harita manehna erek touring babarengan, kabeh anu tinggal di lingkungan eta di ajakam kecuali aya pamuda anu di gawena saukur nyopiran angkot. Pamuda ieu di remehkeun kusabab pagaweana tara di ajakan kumpul jeung di tanya pandapatna di perlakukeun teu adil di tongkrongan eta, pamuda eta saenggeus apal di perlakukeun kawas kitu tangtu teu tarima manehna langsung manggihan jeung nanyakeun kunaon manehna di perlalukeun teu adil padahal lamun soal touring manehna oge mangpu boga duit.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "6026", "text": "Bobogohan mangrupakeun salah sahiji hal anu dilarang dina ajaran Islam, sabab dianggap sebagai bentuk zina. Zina teh mangrupakeun perbuatan dosa besar dina Islam, nu ganjarannana pasti dibales di dunia jeung akhirat. Dosa zina bakal ngajauhkeun hal nu kuduna dibenangkeun ku urang, jadi kalah ngajauh ti urang. Oge bakal nyusahkeun kahirupan urang di dunia jeung akhirat. Dosa zina di dunia nyaeta diantarana disesahkeun dina sagala urusan, dijauhkeun tina kaberkahan, dijauhkrun tina nikmat ibadah, jeung sajabana. Mun dosa di akherat mah bakal diasupkeun ka naraka salila mangpuluh rebu taun. Naudzubillahi mindzalik, ulah nepi ka kaalaman ku diri sorangan. Jauhkeun tina sagala rupa dosa, minimalisir dosa nu geus dipiboga.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "6336", "text": "Teu saeutik para pendaki zaman ayeuna mah make calana nu ukuran na pas pisan jeung body. Beda jeung baheula nu resep kana ukuran gombrang tibatan pressbody. Tah hal ieu teh nyebabkeun oge lobana kasus calana sobek saat pendakian. Salian ukuran na nu ngepas pisan jeung sapean, calana nu bahan na ipis atawa heuras teuing ge bakal ngamudahkeun proses sobek mun ngalengkah na badag teuing. Jadi, mun rek naek gunung teh mending pertimangkeun bahan calana jeung ukuran na oge. Sabab salian nyegah sobek, oge supaya minuhan unsur kanyamanan. Jadi, mun rek naek gunung, yuk siapkeun pakean nu bener jeung nyaman supaya teu sobek ti tengah pendakian!", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "1406", "text": "Basa keur pelajaran matematika, siswa dititah saurang-saurang kahareup ngerjakeun soal nu geus diberekeun ku guru di papan tulis. Soalna mah acak jeung dadakan, jadi urang teu bisa ngitung heula pas masih keneh diuk di bangku. Awalna mah urang pede, lantaran soal-soal nu geus diberekeun teh bisa ka jawab, tapi pas giliran urang kahareup teuing kunaon eta mah pikiran teh ngeblank. rumus-rumus nu geus aya dina otak teh saharita ngaleungit. Sigana mah pedah urang geumpeur jadina kitu. Pas maju kahareup urang cicing siga patung bari surangah-serengeh era teu bisa ngerjakeun. Nepika diseungseurikeun ku babaturan sakelas, urang langsung diuk deui ka bangku. Soal nu urang dikerjakeun ku batur.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "609", "text": "Rasa sieun nu keleuleuwihi bakal nyieun jurig bungah jang ngaganggu urang salaku manusa. Ngan, rasa kawani nu kaleuleuwihi oge bakal nyieun jelema jadi sombong, jadina saolah-olah bisa ngalawan jurig. Alusna mah pas ninggali jurig urang ulah sieun teuing jeung wani teuing. Hal ieu kudu dilakukeun pas ninggali jurig ngameh pikiran tetep bisa tenang jeung fokus, jadina teu ngaganggu dina ayana jurig nu aya di sabudureun urang. Sanajan ku tetep tenang jeung fokus bisa nyieun urang ngarasa teu diganggu ku jurig, tapi leuwih alus deui pas ninggali jurig tetep maca doa sakaligus menta panyalindungan ka Allah. Ku panyalindungan ti Allah, urang tetep ngarasa wani nu teu kaleuleuwihi.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "2915", "text": "Waktos harita kuring rek operasi tumor. Abdi sanés jalma anu sieun rumah sakit sareng jarum, kuring henteu kantos dioperasi sateuacanna, janten panginten operasi dina bius umum henteu masalah, sanaos kolot kuring hariwang.Nalika di kamar operasi, perawat nyarios kuring bakal ngagunakeun dua jinis obat bius. Pas disuntik obat bius heula, teu karasa nanaon, masih sadar. Teras perawat nyarios, \"Ieu badé rada nyeri,\" sareng nyuntik kuring kalayan bius kadua. Sareng karasana mimitian ti sirah kuring teras nyebarkeun kana beuteung kuring, kuring karasa nyeri sareng panas pisan. Ieu ngan lumangsung pikeun 2 detik, lajeng abdi leungit memori abdi.\nKuring teu apal prosés kuring nutup panon kuring, ngan teu apal nanaon. Hal salajengna anu kajantenan nyaéta kuring hudang tina operasi kalayan nyeri anu parah dina situs bedah kuring. kulit, daging jeung jaringan handapeun kulit nu karek dibeulah sarta jaitan tétéla jadi bener nyeri. Atoh, nyerah, teu hayang dibedah deui. nepika kiwari kuring sieun pisan mun operasi deui.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "2576", "text": "Rachel kacida ambekna manéhna klakson nyaring dina mobil. Sabada ngaliwat mobilna, Rachel kacida reuwasna sabab mobil milik Tom Cooper (Russell Crowe) eureun di gigireun mobilna. Sanajan kitu, Tom boga niat alus pikeun ménta hampura pikeun omission na saméméhna. Rachel, nu geus bangor, nampik hampura Tom. Rachel henteu terang yén Tom mangrupikeun jalma anu sadis sareng bahaya pisan. Balukarna, Tom terus nuturkeun Rachel jeung Kyle, malah terus ngancem Rachel sangkan maéhan jalma nu pangdeukeutna, kaasup anakna. Tom, nu junun nyokot HP Rachel, mimiti papanggih hiji-hiji jalma pangdeukeutna Rachel, salah sahijina pengacara Rachel. Tom, anu mimitina nyamar jadi sobat heubeul Rachel , lajeng sadis jeung brutal maéhan pangacara di réstoran. gara-gara macet.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "6386", "text": "Tilu hal nu bisa dilakukeun supaya barang bawaan teu ngundang maling di tempat umum. Nu kahiji nyaeta simpen tas bawaan di hareup, ulah digandong. Rek tas leutik atawa gede ge mending teundeun di hareup supaya teu bisa dijambret. Nu kadua nyaeta ulah neundeun hape dina saku, teundeunna dina tas nu jero jeung bumi. Ulah nepi ka ditenteng dina leungeun. Nu katilu nyaeta simpen duit ulah dina dompet hungkul, tapi duakeun dina saku calana oge. Supaya mun leungit dompet teh aya keneh serepna dina saku. Tuluy make aksesories ge nu sawajarna we, ulah sok ditembongkeun sabab bisa ngundang jambret atawa maling komo di tempat umum mah.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "5283", "text": "Abdi pernah ngalaman hal paling sedih dina hidup abdi, nyaeta teu katampi beasiswa bidikmisi. Padahal eta beasiswa teh hiji-hijina harapan abdi supaya tiasa kuliah. Pas pengumuman beasiswa ternyata abdi teu lolos. Abdi sempet ngarasa sedih jeung ngarasa bingung kumaha abdi bisa mayaran biaya kuliah, sabab orang tua ge teu gaduh artos. Tidinya abdi ngadoa terus-terusan, bari jeung yakin bahwa bakal kenging beasiswa nu sanesna. Selang sababaraha bulan ti harita, alhamdulillah aya jawaban. Abdi katampi janten penerima beasiswa bidikmisi tambahan. Alhamdulillah teu bingung deui ayeuna mah. Tah ku kitu,a urang kudu yakin mun ngadoa teh ulah satengah-satengah, supaya dikabulkeun na oge maksimal.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "6889", "text": "Pas ngadangu kabar yen idola kuring bakal datang ka kota tempat abdi cicing, abdi langsung atoh pisan lantaran ieu janten hiji-hijina kasempetan kanggo kuring tiasa papanggih jeung manehna. Abdi ngarencanakeun nyusul manehna ka bandara teras masihan sababaraha hadiah kanggo anjeunna. Ti peuting keneh abdi tos pak pik pek masak ieu itu jeung nyiapkeun kado kanggo dibawa ka bandara. Abdi teu tiasa bobo lantaran teu sabar hoyong geura panggih jeung manehna. Abdi oge ngangge acuk anu pang sae na jeung mawa kamera supados engke potona alus. Sajam saacan manehna datang abdi tos ngantosan di bandara, abdi atoh pisan pas manehna narima hadiah ti kuring jeung hoyong diajak poto.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "8257", "text": "Numpak kendaraan nu remna blong teh pasti sieun pisan. Upami urang nu mawanan urang tiasa rewas sawaktos rem teh teu berfungsi urang janten kudu mikir gancang kumaha carana ngerenkeun kendaraan nu urang bawa. Tur urang oge tangtos sieun ngabahayakeun jalmi sejen nu sarua numpak ieu kendaraan. Sanes nu numpak kendaraan hungkul nanging jalma sejen nu keru di jalan ge tiasa janten korban ka tabrak. Upami urang janten panumpang di kendaraan nu remna blong urang tangtos hariwang, hanjelu, tur teu tiasa walakaya. Urang ngan tiasa ngadua ngarah urang, kabeh jalmi nu numpak, tur nu di jalan tiasa selamet teu nikakeun cilaka. ", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "277", "text": "Papanggih jeung artis oge kudu aya etikana, ulah nepikeun ka kubakat bungah jol gogorowokan. Ieu bisa nyieun teu nyaman artisna. Nu kudu dilakukeun lamun papanggih jeung artis, nu kahiji kudu kalem ulah geumpeur sabab lamun geumpeur bakal hese gerak. Nu kadua seuri, seuri ieu nunjukkeun lamun urang keur bungah bisa panggih manehanana. Nu katilu henteu gogorowokan, sanajan emang bungah pisan nepikeun hayang nangkeup si artis. Tapi ulah kamalinaan teuing. Nu kaopat mere jarak jang si artis, sabab pasti manehna butuh istirahat atawa boga kapentingan sejen. Nu kagenep kudu ngarti kana situasi, ulah nepikeun ka ngudag-ngudag si artis jeung menta foto bari maksa, bisa wae manehanana keur buru-buru atawa keur henteu mood.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "7243", "text": "Basa nuju kempel sareng rerencangan dina villa abdi dihereuyan ku rerencangan abdi. Poe eta abdi bobo deui saatos sholat subuh lantaran masih keneh tunduh kusabab pas wengi bobona wengi teuing. Abdi gugah tabuh tujuh teras ka luar kamar teras nyandak cai dina galon. Di meja tos aya dahareun kanggo sarapan, abdi langsung emam nyallira. Pas tos rengse, abdi langsung ngumbah wadah tilas emam. Pas abdi ka luar abdi bingung naha teu aya sasaha. Padahal urang sadayana mondok opatan, tapi teu araya dimamana, pas ku abdi ditelepon, epekteh hapena ditinggalkeun dina hiji kamar, pas abdi asup ka kamar abdi langsung reuwas lantaran maranehna langsung kalaluar tina kamar eta.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "8537", "text": "Ieu sababaraha lengkah anu anjeun tiasa laksanakeun pikeun ngatasi era gaduh hutang anu ageung. Profesional kauangan tiasa ngabantosan anjeun nungkulan hutang sareng masihan nasehat ngeunaan cara ngatur kauangan anjeun langkung sae. Nyiptakeun rencana pembayaran anu realistis tiasa ngabantosan anjeun nyumponan kawajiban hutang anjeun sareng nunjukkeun yen anjeun serius ngeunaan masalah ieu. Fokus kana kumaha carana nungkulan hutang anjeun sareng henteu kana masalahna sorangan. Ieu tiasa ngabantosan anjeun ngarasa langkung positip sareng masihan anjeun energi pikeun ngatasi masalah anjeun. Émut yen hutang tiasa kajantenan ka saha wae sareng teu kedah era gaduh eta. Fokus kana solusi sareng ngamimitian jalan pikeun stabilitas kauangan. Candak pelajaran tina masalah hutang anjeun sareng pak pangalaman eta pikeun nyandak kaputusan kauangan anu langkung sae di hareup.\n", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "7562", "text": "Balik ti kampus abdi numpak angkot teras ningal aya hiji motor anu nuturkeun angkot nu abdi tumpakan. Lamun ningal ti kalakuanna mah sigana manehna nuju mabok lantaran cara mawa motorna teh ugal-ugalan pisan. Seeur ibu-ibu anu hariwang ningal motor eta, jaba manehna teu nganggo helem. Masalahna mah sanes karunya ka manehna hungkul, tapi ka jalmi lain di jalan bisi aya nu ditabrak ku jelema gelo eta. Ceuk supir angkot mah lalaki eta teh emang rada sakit jiwa, tapi naha teu aya nu wani ngerenkeun manehna lantaran sieun bisi dinanaonkeun sabab manehna preman. Pas di dekeut lampu merah manehna kalahkah maju, teras katabrak ku mobil ti arah kenca. Abdi sareng ibu-ibu di angkot langsung reuwas. Seeur jalmi anu turun kanggo ningal kondisi jalmi eta anu tos ngagoler di tengah jalan.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "7531", "text": "Rerencangan abdi tos lila ngalaman nyeri dina hirungna, manehna gaduh panyawat sinus. Pas diparios ku dokter manehna asalna diubaran ku cara terapi ubar salila kurang leuwih sabulan sabari ditingal oge kumaha kondisina ku ronsen. Pas atos dironsen, hasilna nyaeta manehna kedah dioperasi. Manehna sabenerna tos nyangka tungtungna bakal dioperasi. Tapi angger we manehna sieun lantaran ieu janten pangalaman kahiji manehna dioperasi. Tapi manehna oge teu asing deui jeung operasi lantaran mamahna kantos diperasi sinus oge. Manehna oge hariwang lantaran operasi anu dilakukeun dina hirung tangtos leuwih rumit lantaran hirung teh ukuranna leutik, teu sapertos beteung anu badag, pasti resikona oge leuwih badag. ", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "4345", "text": "Undian teh dina perusahaan utamana bank teh geus siga acara tahunan. Unggal taun pasti di ayakeun keur nasabah na. Hadiah na aya loba ti anu laleutik nepi ka hadiah utama na nyaeta mobil. Biasana hadiah ieu di pilih ka nasabah anu aktif lain ka nasabah anu boga tabungan duit loba. Pernah urang ningali yen aya teteh teteh anu meunang mobil tina undian bank, maneh na teu sangka sabab saldo na rekening na saukur sababaraha ratus rebu. Tapi maneh na ujug ujug di bejaan yen maneh na meunang mobil, teteh teteh ieu reuwas teu percaya tuluy datang ka bank na. Didinya karek si teteh percaya saenggeus di jelaskeun ku patugas na.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "1433", "text": "Teu bisa ngajawab patarosan di hareupeun loba jelema bisa nimbulkeun rasa era nu kuat pisan ka batur. Hal ieu utamana kajadian ka urang nu ngarasa kurang percaya diri dina ngajawab patarosan atawa teu nyiapkeun diri nu bener saacanna. Salian eta, rasa era oge bisa beuki parah mun patarosan nu aya hubungan jeung topik atawa bidang nu kuduna urang kuasai, siga dina presentasi atawa seminar. Penting jang diinget mun teu bisa ngajawab patarosan di hareupeun loba batur lain artina urang henteu pinter atawa henteu kompeten dina bidang nu kurang kuasai. Loba faktor nu mangaruhan siga faktor lingkungan, situasi nu ngamunculkeun rasa tegang, jeung kapercayaan diri nu kurang. Ku sabab kitu, penting jang urang kanggo nyiapkeun diri sacara bener saacanna, siga maca atawa belajar topik nu bakal dibahas.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "7320", "text": "Basa nuju jalan-jalan di tempat ulin. Abdi sareng adi nuju bade meser tiket wahana. Lantaran nuju nelepon, abdi miwarang adi abdi kanggo meser tiket nyaeta cicing di tukangeun bapa-bapa supados teu beakeun tiket lantaran seeur jalmi anu hoyong naek wahana eta. Teu lila datang budak leutik anu miheulaan adi kuring. Abdi teu tarima manehna miheulaan batur. Abdi teu resep sanes lantaran adi abdi dipiheulaan batur, tapi abdi emang teu resep ka jalmi anu sok miheulaan batur, komo eta budak leutik keneh, lainna diajar cara baris ti leutik kalahkah diajarkeun miheulaan batur. Abdi langsung nyamperkeun eta budak leutik sabari nitah manehna balik ka tukang.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "657", "text": "Zaman ayeuna mah sabab bisa praktis bula beuli teh jadi sok mindeng meuli ngaliwatan online shop, tapi teu nyangka hiji waktu mah papanggih jeung babaturan pas manehna jadi kurir di salah sahiji ekspedisi. Pas ninggali dina keterangan ngaran kurir nu bakal nganteurkeunna, urang rada curiga soalna baheula boga babaturan SMP nu ngaranna sarua, jeung ngaranna unik jadi asa teu mungkin mun aya nu nyaruaan. Ku urang ditutungguan weh tuluy, da sieunna nu narimana indung urang, mun kitu mah engke urang teu bisa ninggali jeung mastikeun eta bener babaturan urang. Pas geus nepi kurirna manehna di helem bari di masker, tapi masih katinggali dina awakna. Malah manehna nu nyapa tiheula, \"Eh imah teh didieu gening\". Urang reuwas berarti bener tebakan urang tatadi teh, \"Eh Hudan nya?\" Geus kitu urang lanjut ngobrol sakeudeung da manehna kudu tugas deui. ", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "9003", "text": "Poé éta kuring balik ti imah babaturan, sanggeus ngerjakeun tugas kuliah nepi ka soré. Turun tina beus, kuring sadar aya anu nuturkeun kuring ti tukang. Sabenerna kuring sieun pisan, sabab kuring mawa barang-barang anu penting, sapertos hapé, dompét sareng laptop. Sieun eta copet teh bakal maok kantong kuring. Kuring nyimpen kantong kuring di hareup awak kuring sarta nangkeupan pageuh. Kuring ngarasa yén jalma anu nuturkeun kuring beuki ngadeukeutan. Kuring ogé jadi leumpang beuki gancang ka imah, tapi imah kuring masih dua blok, kuring sieun katangkep ku nu nuturkeun kuring. Katingali hareupeun kuring teh aya masjid jeung aya Ustad jeung sababaraha bapa keur ngarumpul di masjid. Kuring langsung lebet ka masjid supados aman teu tuturkeun deui, sakalian kuring oge bari sholat Isya didinya. Nalika kuring ningali deui ternyata anjeunna geus teu aya, tungtungna kuring balik ka bumi sareng bapa-bapa tadi.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "3331", "text": "Jaga kabersihan nalika nyiapkeun tuangeun.\r\nNaha? Kuman nu aya dina dahareun jeung inuman nu kacemar bisa asup kana awak anjeun sarta nyieun anjeun gering.\r\nSaran para ahli kaséhatan:\r\nSaméméh nyiapkeun dahareun, ngumbah leungeun Anjeun tuntas ku sabun jeung cai salila sahenteuna 20 detik. b Gosok tonggong leungeun, antara ramo, jeung wewengkon handapeun kuku ramo. Lajeng, bilas leungeun Anjeun tuntas tur garing aranjeunna tuntas.\r\nAnggo cai sareng sabun pikeun nyeuseuh piring, papan motong sareng alat masak sanés anu bakal dianggo. Ieu mangrupakeun ide nu sae pikeun ngagunakeun papan motong misah pikeun naon nu peryogi masak na naon teu kedah.\r\nNgumbah sakabeh sayuran jeung bungbuahan tuntas, utamana lamun perkebunan di wewengkon Anjeun watered ku cai nu geus kacemar ku kokotor.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "2152", "text": "Upami anjeun ngarasa peryogi bantosan upami aya kulawargi tos aya nu pupus cobian angkat ka dokter pikeun solusi. Iraha anjeun kedah ngabahas sareng dokter? Sahenteuna, aya sababaraha gejala anu tiasa katingali: 1. Kasesahan ngalaksanakeun kagiatan sapopoé. -2.Perasaan kaliru atanapi nyalahkeun diri pikeun maotna anu dipikacinta. 3. Rarasaan anjeun teu boga tujuan hirup. 4. Leungitna sumanget pikeun ilubiung dina kagiatan sosial. 5. Ngahayangkeun diri kuring ogé maot, sareng. 6. Ngarasa yén hirup henteu aya hargana upami teu aya anu dipikacinta. nah arurang kudu emut yén kaleungitan jalma anu dipikacinta sanés hartosna hirup anjeun mungkas, tapi éta bakal ngajantenkeun bédana dina kahirupan anjeun.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "8531", "text": "Sapasang suami istri, John jeung Sarah, hirupna sibuk jeung stres. Aranjeunna kerja keras pikeun nyumponan kabutuhan, tapi aranjeunna oge resep balanja. Aranjeunna mindeng meuli kamewahan teu perlu jeung meakkeun duit kana hal teu penting. Teu lila sanggeus eta, John jeung Sarah sadar yen maranehna geus boga hutang badag. Aranjeunna teu tiasa mayar tagihanana sareng mimiti nampi surat panginget hutang ti bank sareng kartu kiridit. Hiji poe, John jeung Sarah indit ka pesta ulang taun sobat maranehanana. Aranjeunna ngobrol sareng sababaraha urang sareng salah sahiji babaturanana naroskeun ngeunaan kaayaan kauanganna. John jeung Sarah ngarasa era pisan jeung teu genah. Aranjeunna ngarasa saolah-olah sadayana panon aya dina aranjeunna sareng aranjeunna janten pusat perhatian anu teu dihoyongkeun. Aranjeunna ngarasa tekenan pisan sareng ngarasa henteu tiasa nampilkeun diri kalayan leres dina pesta eta.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "5300", "text": "Tips ngaleungitkeun kasedih sabab jauh jeung babaturan. Nu kahiji nyaeta jaga komunikasi. Komunikasi teh jadi salah sahiji hal penting anu bisa ngajalin jeung ngajaga silaturahmi. Komo jeung babaturan jauh mah kudu pisan dijaga komunikasi teh. Jaga komunikasi bisa oge lewat chattingan di Whatsapp atawa bisa oge lewat video call. Nu kadua nyaeta panggih dina waktu luang. Tah, mun gaduh waktu luang, alokasikeun jang papanggih jeung babaturan urang, sabab urang teu apal iraha deui jeung salila kumaha bakal amprok deui na. Ku kituna, mun aya waktu luang, utamakeun jang manggihan babaturan. Nu katilu nyaeta ulin bareng. Tah mun geus amprok, ajakan ulin bareng supaya boga momen deui.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "5967", "text": "Kasus pembullyan di sakola teh makin marak pisan jeung pasti aya unggal sakola jeung unggal angkatan. Biasana nu ngabully teh boga kasieun sorangan sabab kaunggulanna kaelehkeun kunu dibully. Ngabully na teh bisa dina bentuk naon wae. Kadang mah ngarusak barang bawaan, ngarusak pakean, ngagalakan dina sikap sapopoe, malahan mah aya nu kablang parah jiga ngurung di toilet, ngurung di jero kelas, jeung sajabana. Nu ngabully mah biasana wani sabab boga bakcingan anu berpengaruh di sakolana. Nu ngabully ge sok tara boga rasa nyaah atawa rasa empati, tuluy we hayang na teh nyiksa jeung ngabully batur, teu paduli rarasaan batur nu dibullyna kumaha.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "2076", "text": "Janten kuring gaduh toko biasa anu ngajual buku bekas caket kampus. Ampir unggal bulan kuring ka ditu neangan buku nu langka. Di toko aya rak nu pinuh ku buku-buku nu teu dijual. Ieu ngandung buku tina koleksi bapana nu boga toko buku. Buku-buku anu henteu dijual biasana buku-buku citak anu lami/lami sataun sareng aya anu henteu dicitak deui. Sabot aya di dinya, kuring anteng ménta buku nu aya dina rak koleksi. Kuring nanya lamun buku dina rak keur dijual komodeui ceunah si bapa na geus maot. Ceuk si putra, naon nu aya dina rak dijual, sarua jeung nu numpuk dina méja. Hargana oge sami 30 - 35 rebu. Tanpa mikir, kuring langsung meuli buku Arus Balik ieu. Isukna kuring dijual dina Twitter. Kuring ogé nawiskeun dina kolom komentar sababaraha panulis Indonésia. Kuring netepkeun harga 2,5 juta. Abdi henteu terang upami aya anu nego sareng nguruskeun harga 2,1 juta. Nu meuli buku ieu téh pagawé di hiji penerbit. nah alhamdulilah ti buku harga 35 rebu bisa jadi 2.5 juta rezekimah moal kamana", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "5252", "text": "Nuju alit mah abdi kantos ngaleguk madu asli sabotol aqua. Alhasil abdi tilu poe tilu peuting teu tiasa hudang tina kasur. Mabok madu teh mantak lieur pisan jeung hareeng kana awakna ge. Da basa nuju alit mah teu apal tea sugan teh minuman biasa we. Pun mamah harita meuni hariwangeun pisan, bilih abdi kunanaon. Tapi untungna beres tilu poe mah damang jeung bisa ulin deui jeung babaturan. Tah, ti kajadian eta abdi alim deui nuang madu, komo mun madu asli mah. Asa kabayang-bayang wae leneng na teh. Mantakna, pami samemeh barang ema teh kudu tataros heula ka orang tua, tong asal jangji emam wae. Jeung deuih tidinya abdi diajar supaya leuwih bijak dina milih tuangeun termasuk takeran nana. ", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "1069", "text": "Sieun maot pas rek ngajalani operasi. Lantaran operasi mindeng dianggap salaku pangalaman nu ngancam hirup ku sabab ngalibatkeun resiko jeung ketidakpastian. Aya sababaraha hal nu bisa dilakukeun jang mengatasi rasa sieun lantaran sieun maot pas keur ngajalankeun operasi. Nu kahiji urang ngomong jeung dokter ngeunaan resiko operasi jeung kumaha dokter bakal mengatasi unggal masalah nu bisa wae kajadian salila operasi. Nu kadua urang nyiapkeun diri jeung milu kana saran dokter ngeunaan pola dahar, penggunaan obat-obatan, jeung aktivitas fisik saacan operasi. Nu katilu urang sok ngomong jeung kulawarga atawa babaturan deukeut jang meunangkeun dukungan jeung ngurangan kasieun urang. Nu terakhir gunakeun teknik pernapasan jeung meditasi ngameh mantuan nenangkeun pikiran jeung ngurangan rasa sieun samemeh operasi.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "5968", "text": "Kasus bullying jadi salah sahiji kasus nu loba ditemukeun di Indonesia. Bullying teh makin kadieu main kacau rupana, malahan aya nu nepi ka ngabahayakeun nyawa. Bullying teh kudu na mah bisa dikendalikeun bahkan diminimalisir. Dampa tina terjadina bullying teh nyaeta ngena pisan kana kasehatan mental sasaorang. Nu geus kena bullying mah pasti ngarasa hirupna teu berguna, ngarasa yen manehna teu boga harapan dina kahirupan, jadi sacara teu langsung mawa pangaruh buruk kana pikiran jeung mentalna. Komo tina segi mental mah, nu kena bullying pasti we ngarasakeun kasepian, kajenuhan, kasedihan jeung sajabana nu bakal jadi stres atawa depresi mun teu dikendalikeun mah.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "221", "text": "Beres murak celengan, urang ngajak Neng Alwi ulin ka Alfamart, itung-itung buruh sabab salila ieu nu ngasupkeun duit kana celengan teh ku manehna. Bungah sakaligus teu nyangka duit recehan urut pamulangan lamun dikumpulkeun geuningan loba oge, komo lamun nyengcelengan duit kertas. Tapi di sisi sejen bingung, sabab duit receh kumaha ngabalanjakeunna. Iseng nulis dina status sosmed, loba nu nyarankeun nukeur di Alfamart atawa di pom bensin. Tapi tungtungna mah urang nukeurna ka driver Gojek, iseng-iseng di grup Facebook Gojek nulis status, apekteh aya nu hayang nukeurkeun. Geus jangjian si driver gojekna datang ka imah bari mawa duit kertas nu totalna Rp 1.000.000. Ku urang duit recehna geus dibungkusan kana plastik jeung ditulis nominal totalna, tuluy titah driver gojek supaya diitung deui. Tapi manehna percayaeun da langsung ngaleos balik.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "322", "text": "Gagal teh hal wajar jeung pastina oge mindeng dialaman ku kabeh jelema. Gagal kudu dijadikeun kasempetan jang hudang deui tuluy respon cara nyanghareupanana. Aya sababaraha kagagalan, nu kahiji gagal tina hubungan percintaan. Ieu mindengna lamun teu boga komitmen, beda prinsip, teu cocok, jeung sajabana. Kadua, gagal dina pendidikan. Aya nu putus sakola, kuliah, aya oge nu nepi dikaluarkeun ku sakolaan atawa kampus. Nu katilu, gagal dina hal pagawean. Loba nu di PHK, bangkrut, nganggur, jeung pasualan-pasualan ekonomi sejenna nu nyieun jelema jadi stres jeung nepikeun ka depresi. Nu terakhir gagal dina hal kulawarga. Loba kulawarga anu acak-acakan pedah papisah atawa ngalakukeun kekerasan, ieu hal nu paling pisan kajadian.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "4395", "text": "Dina kahirupan sapopoe, selingkuh sinonim jeung teu jujur ​​dina hubungan romantis, boh bobogohan jeung nikah. Kecap selingkuh (kafir/selingkuh) biasana ngingetkeun urang kana kabiasaan hubungan jeung jalma ka selingkuh bisa lumangsung alatan faktor kayaning kurangna kantétan emosi ka pasangan, teu bisa nangtukeun wates sosial jeung jalma sejen, masalah eta teh kalawan mitra. Henteu ngan éta, alesan séjén ogé bisa datangna ti trauma budak leutik nepi ka kecanduan seksual. Salaku salah sahiji resiko nu kudu dihindari dina hubungan, hal anu penting pikeun anjeun ngartos rupa alesan jalma curang dina hubungan. Kalayan pangaweruh ieu, anjeun tiasa mendakan langkung jero naha pasangan anjeun gaduh kacenderungan anu tangtu anu berpotensi zinah.Korban anu pernag ngalaman di salingkuhan the mimiti na pasti ambek pisan jeung kuciwa tap kaditu na geus bisa nariima yen artina eta lain jelema anu bageur. Salingkuh teh parbuatan anu di murkai ku Allah, salingkuh teh salah. Lamun urang ngamimitian sesuatu ku cara anu salah tungtuna moal bakal bisa hirup bagja.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "5141", "text": "Tips supaya tabungan urang teu kaganggu ku kaperluan sejen. Nu kahiji nyaeta urang kudu konsisten nabungna, ulah nepi ka kagoda meser barang nu sabenerna kurang penting. Tuluy utamakeun target urang, target nabung ieu teh pake eser naon, tah kudu dipentingkeun. Terus nabungna mendingan ulah di imah, tapi nabung ka bank. Jadi, sapoe-sapoe na teh ngumpulkeun acis tabungan, tah saminggu sali setorkeun ka bank. Tujuanna supaya urang ge bisa ngontrol tabungan urang nyalira. Nu kadua urang kudu musatkeun atawa fokuskeun hasil tabungan eta kana terget. Misal, mun tabungan urang tos cukup jang meser motor, sok peserkeun motor da butuh, pami tos kitu mah mulai deui nabung ti nol kangge kaperluan salanjutna.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "1113", "text": "Di tempat wisata oge mindeng kajadian ditutur-tutur ku orang asing. Awalna mah maranehna teh ngjualan produk, urang geus nolak tapi tetep ditutur-tutur. Nepikeun pas rek difoto oge, eta nu nutur-nutur teh masih keneh. Nepi akhirna mah urang kapaksa meuli daganganna, da sieun mun teu dibeuli bakal tuluy nutur-nutur, jeung ngarasa teu nyaman deuih urangna mun ditutur-tutur kitu teh. Bener weh pas geus dibeuli mah, manehna langsung indit, padahal mah teu butuh produkna tapi demi kanyamanan jeung ngameh aman jadina dibeuli weh. Saberes eta mah mun aya penjual sejen nu nutur-nutur deui sok diomongan da geus meuli tadi ka si emang itu.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "8233", "text": "Upami urang ngarasa dituturkeun sawaktos keur lempang aya babaraha cara nu tiasa urang lakukeun. Kahiji nyaeta tetep tenang. Ulah nika urang katempo panik, upami panik urang teu tiasa berpikir jernih tur ngalakukeun perkawis-perkawis nu teu diperyogikeun. Perhatikeu kaayaan sakuriling urang, upami kaayaan sakuriling tiiseun urang tiasa indit ka tempat nu rame perhatikeun oge ciri-ciri jalma nu nuturkeun urang sugan wae diperyogikeun pikeun ngaidentifikasi upami jalma eta teh palaku kriminal. Tong nyoo hp sabari leumpang kusabab ieu teh rawan pisan pikeun urang janten korban pencopetan. Tong mineng teuing nempo ka tukang ieu teh tiasa nyieun jalma nu nuturkeun urang ngarasa kanyahoan tur bakal leuwih gancang ngalancarkeun aksi kriminalna. Tur siap-siap pikeun ngalawan nganggo naon wae nu aya disakitar.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "1115", "text": "Mun aya orang asing nu nuturkeun usahakeun urang ulah kaluar ti tempat anu rame, atawa mun pas keur perjalanan balik ka imah, urang ulah waka asup ka imah. Usahakeun mah puputeran heula ngarah nu ngingintil tadi teh teu apaleun imah urang dimana, sabab mun geus apaleun teu nutup kamungkinan manehanana bakal balik deui sabab geus apal imah urang. Kitu oge urang ulah cicing di tempat nu sepi, soalna tempat sepi teh rawan tindak kajahatan. Jeung nu ngingintil tadi pastina leuwih wani dina ngalakukeun aksina. Sanajan urang teu apal manehna aya niat jahat atawa henteu, tapi mun dina kaayaan kitu mah urang kudu tetep waspada.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "3405", "text": "Waktu mimiti digawé, abdi ditugaskeun ka kantor cabang utama. Aya seueur jalma di tempat ieu khususna karyawan kantor tukang. Unit pangrojong ngabagi rohangan di daérah tukang babarengan kalebet pasangan anu ngajabat di unit auditor internal. Batur sapagawean éta hiji awéwé di telat 30s sarta nyekel posisi pamingpin divisi. Abdi ngan saukur nyebat namina A. Ibu A sanes jinis jalmi anu dipikaresep ku rekan-rekan kerja sabab anjeunna sering nyindir, panasaran, sareng sakapeung sombong. Kuring sorangan rada males deukeut jeung manehna sabab baheula manehna mindeng nyebut kuring kurang gaul. Maklum, harita mah salaku buruh kontrakan murah jeung komuter Jakarta-Bogor mah kudu hémat jeung jarang panggih jeung batur sapagawean. Dina hiji poe aya gegeroan di wewengkon back office lantaran babaturan leungiteun majalah Cosmopolitan nu karek dibeuli. Lajeng batur sapagawean humandeuar ngeunaan kaleungitan payung anjeunna geus pernah dipaké. Sarerea nyarios yén aranjeunna sering kaleungitan barang tina lipstik dugi ka sisir. Carita dituluykeun kana anggapan sareng tuduhan jalma-jalma anu disangka, dugi ka tungtungna aya anu mendakan anu leres.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "8910", "text": "Kuring ngiringan kompetisi piano di sakola kuring, sarta dinten ieu sakabeh kolotna bakal datang pikeun lalajo barudak maranéhanana manggung. Kuring parantos latihan sapeupeuting supados pagelaran kuring lancar. Tapi nalika kuring di panggung sareng ningali seueur anu ningalian, kuring ngadadak gugup, sieun kuring henteu tiasa nunjukkeun anu pangsaéna. Ti kajauhan katembong bapa nangtung ngacungkeun leungeun, “Bisa. Tong sieun, bapa aya di dieu. Puteri bapa pangsaéna, semangat!\" ceuk bapa. Saatos ningali bapa, sadaya kahariwang kuring langsung ngaleungit. Kuring narik napas jero tur mimitian maén piano kuring. Bari maen piano kuring bari seuri ngabayangkeun raray bapa. Sarta sanggeus kaulinan kuring réngsé, dulur kabeh narangtung bari kekeprok.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "9174", "text": "Teuing kunaon kuring kacida pisan teu resepna kana sabangsaning nu hanyir - hanyir teh. Misalna, batur mah lamun masak mie instan teh sok dicampur jeung endog, kuring mah tara pirajeunan kabita lantaran geus kabayang bau hanyirna. Dina hiji waktu kuring dipaido ku babaturan pikeun ngawurukan ngaji putrana. Kabeneran harita disuguhan na teh mie instan rebus diendogan. Kuring kacida bingungna. Rek diteda sok sieun utah da puguh kuring mah teu resep kanu hanyir teh. Rek nolak teu wasa bisi nganyerikeun hate babaturan kuring. Antukna kuring ngolo budak babaturan supaya daek nuang eta mie nu disuguhkeun. Alesana kuring karek pisan dahar. Untung na budak teh daek diolo. Kuring salamet tina nganyerikeun hate babaturan kuring.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "6993", "text": "Dina hirup ieu pasti aya wae anu ngaranna patepang jeung papisah. Lamun urang papanggih pasti bakal aya waktosna urang pisah. Abdi gaduh rerencangan anu dekeut pisan, nepi ka janten sobat. Ti SMP babarengan wae, SMA oge bareng. Tapi hanjakal pas kuliah urang tau bareng, manehna katarima kuliah di taun 2018, abdi nyusul di taun hareupna. Salami sataun eta urang janten rada jauh, tara ngobrol, jarang patepung lantaran kasibukan urang masing-masing anu geus beda. Tapi urang pasti sok nyempetan waktos kanggo papanggih. Sanajan tara panggih, tapi sakalina panggih teu pernah sakedap, pasti sapoe eun babarengan lantaran seeur pisan piobroleun anu tos disimpen salami urang teu patepang.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "9528", "text": "Karina bungah pisan nalika nampi hasil ujian IELTS anu parantos dilakukeun sababaraha waktos kapengker. Sanggeus sababaraha minggu ngadagoan hasilna, ahirna Karina narima bewara liwat surel yen manehna geus lulus ujian kalawan skor nu nyugemakeun. Karina ngarasa reueus pisan ka dirina nu geus bisa ngahontal cita-citana. Anjeunna parantos ngalatih bahasa Inggrisna pikeun lulus tes IELTS anu penting pisan pikeun anjeunna. Anjeunna terang yen skor anu dimeunangkeun bakal ngabantosan anjeunna neraskeun kuliah di luar negeri. Karina ngarasa bagja pisan jeung ngarasa yen sagala usahana geus aya hasilna. Anjeunna oge ngarasa nganuhunkeun pisan ka sadayana anu parantos ngabantosan anjeunna dina proses diajar sareng nyiapkeun diri pikeun ngalaksanakeun ujian. Sanggeus narima hasil ujian, Karina langsung ngabejaan ka kulawarga jeung babaturanana. Anjeunna ngarasa bagja pisan nalika sadayana muji sareng ngucapkeun salamet kana kasuksesan anjeunna. Karina ngarasa yen kasuksesan anu dihontal nyaeta lengkah anu penting dina kahirupanna. Anjeunna yakin yen kalayan skor IELTS anu nyugemakeun, anjeunna bakal langkung gampang nampi beasiswa sareng neraskeun kuliahna di luar negeri.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "631", "text": "Panya urang mah di kuliahan teh euweuh deui nu sipatna kawas budak anu sok ngajailan batur. Tapi kabeneran urang boga babaturan nu sok jail. Hiji waktu pas urang sholat di masigit fakultas jeung manehna, urang neundeun kantong di tukang ngarah sarua jeung jamaah nu sejenna da neundeunna di tarukang. Pas geus beres sholat tuluy ka tempat kantong, tidinya urang reuwas sabab seleting kantong urang geus aya tapak anu muka. Bener weh pas ditinggali teh laptop urang euweuh. Urang reuwas sabab eta teh barang anu berharga jeung loba data tugas dina laptop eta. Teu lila babaturan urang mikeun laptopna bari seuseurian, urang teu nyangka manehanana nu nyumputkeunna.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "7221", "text": "Saatos ngalaman kajadian ieu abdi kapok, moal deui miceun pembalut di mana wae. Pangalaman ieu kajadian pas abdi nuju mondok di villa sareng rerencangan SMA. Abdi nuju teu sholat, ieu mangrupakeun poe ka hiji abdi haid. Lantaran hoream ngagentos pembalut, abdi poho nepika peuting. Pas peuting kuring kapaksa kedah ngagentos pembalut lantaran tos bocor kana calana. Lantaran ku sieun, abdi ngahaja langsung miceun runtah tilas pembalut dialungkeun ka kebon anu aya di luar tina jandela kamar cai. Pas bade kaluar ti kamar cai, andi ningal aya awewe anu ningalikeun kuring, abdi langsung sieun, isukna abdi langsung nyandak deui eta runtah teras diseseuh jeung dipiceun di wadah runtah.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "7258", "text": "Lantaran tos tilu harian ieu abdi digawe nepikeun peuting, abdi ngan bobo sakedap pisan, eta oge ngan sababaraha jam pas nuju istirahat, lantaran abdi kedah nuntaskeun laporan anu seeur pisan sateuacan gentos taun. Ahirna pas sadaya pagawean tos rengse, abdi dititah balik ku bos, sanes balik ka asrama tapi balik ka imah di kampung, abdi tos dua taun teu balik ka imah kuring lantaran pandemi Covid. Bos tos mesenkeun tiket kanggo balik ka kampung, abdi tinggal datang ka stasion teras nungguan beus datang, tapi lantaran ku tunduh abdi langsung bobo di stasion jeung tinggaleun beus, hudang-hudang abdi langsung tataros, tapi hanjakal beus geus indit ti sapuluh menitan.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "7851", "text": "Lantaran poho pernah nyimpen dahareun dina kamar, nepikeun saminggon eta dahareun teu didahar. Asalna abdi teu nyadar nyimpen dahareun, tapi sapoe ieu abdi ngambeu bau buruk jeung aya sireum anu datang ka kamar tuluy murilingan hiji keresek, pas abdi buka eta dahareun tos buruk, bau pisan, komo abdi muka eta keresek teu nganggo sarung lengeun. Lebar pisan eta dahareun janten buruk, padahal abdi tadina mah masih keneh hoyong ngaemam, tapi hilap. Abdi langsung miceun eta dahareun sakaligus ngaberesihan kamar lantaran pas keresek dibuka, bau na geus kamamana. Kumaha teu bau, eta dahareun geus jamuran jeung bulukan. Sigana mah lamun teu kanyahoan geus janten bilatung. ", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "9005", "text": "Waktu keur SMP, kuring ditinggalkeun sorangan di imah lantaran gering jeung kolot kuring kudu indit sabab akina maot, jadi kuring kudu cicing di imah. Kusabab kuring gering, jadi hese pindah jeung teu bisa gerak pisan. Waktu ditinggal sorangan mah biasa wae, tapi lila-lila suasana di imah karasa pikasieuneun lantaran hujan gede dibarung angin kencang jeung kilat. Da baheula mah geus ngadenge carita pikasieuneun dina radio, nu matak lamunan kuring mikir pikasieuneun. Barang bari ngalamun, ujug-ujug kadéngé sora nu ngetrok panto datang ti luar imah. Kulantaran sieun kuring ngaronjat alatan ngetrok panto. Kuring ngawani-wanikeun leumpang ka ruang tamu kalawan leuleuy ningali kaluar jandela manggihan saha nu ngetrokan panto. Tapi kuring ningali eta teu aya jalma anu aya di dinya, anu aya di sabudeureun pakarangan kuring malah leuwih sieun jeung langsung balik ka kamar kuring jeung nelepon kolot kuring pikeun balik ka imah. Bari ngadagoan kolot kuring balik, kuring oge maca Qur'an sangkan teu sieun jeung ahirna kuring sare bari maca Qur'an nepi ka kolot kuring balik sarta ngahudangkeun kuring.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "6902", "text": "Di dinten anu spesial ieu abdi ngadu'a ka Allah sangkan dipasihan kalancaran lantaran dinten ieu abdi bakal jangji ka Alloh bakal hirup dina pernikahan sakali saumur hirup nepikeun maot misahkeun arurang. Abdi tos sababaraha kali menta hampunteun ka kolot supados dipasihan ridho sareng estu. Peutingna abdi nyempetkeun sholat tahajud supados leuwih tenang. Subuh keneh abdi tos dirias teras nganggo acuk kanggo akad. Abdi nyaksian akad sabari ceurik lantaran kabayang beuratna kahirupan nikahan ieu tapi oge sakaligus bagja lantaran ayeuna abdi moal nyalira deui, urang duaan bakal ngadamel kulawargi anu kedah ngajadikeun Alloh ridho ka urang pikeun salamet di dunya jeung akherat. ", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "2862", "text": "Kiwari aya loba cara pikeun nungkulan trauma ti trauma budak leutik ka PTSD.Ieu sababaraha terapi anu tiasa ngatasi trauma, kalebet:\n\n1. Terapi paparan berkepanjangan, nyaéta paparan berkepanjangan pikeun jalma kalawan gangguan trauma ngajarkeun individu pikeun laun ngadeukeutan kenangan trauma-patali maranéhanana, parasaan, jeung situasi. Aranjeunna bakal diajar yén kenangan sareng isyarat anu aya hubunganana sareng trauma ayeuna henteu bahaya sareng henteu kedah dihindari.\n\n2. Psikoterapi Suportif atawa Psikoterapi Suportif, nyaéta pendekatan psikoterapi anu ngahijikeun modél jeung téhnik konséptual psikodinamika, kognitif-behavioral, jeung interpersonal.\n\n3. Hypnotherapy atawa Hypnotherapy, nyaéta terapi dimana therapist bakal nyieun penderita asup zona rélaxasi sarta fokus ku kituna manéhna bisa narima saran positif pikeun penyembuhan trauma.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "8217", "text": "Jamal sawaktos kajadian gema bumi tur tsunami di Aceh taun 2004 teh nuju aya di Amsterdam, manehna nuju sakola di unversitas di kota eta. Sawaktos mimiti ngadangu upami Aceh kalanda tsunami manehna langsung hariwang. Perkawis nu nyieun manehna hariwang teh kusabab manehna orang Aceh tur kulawargina cicing di Aceh. Jamal langsung nyobian nelpon kabeh kulawrgina, nanging eweh hiji-hiji acan nu ngangkat telponna. Jamal sieun upai kulawargina terdampak bencana alam ieu. Babaraha poe Jamal ngan tiasa mantau kaayaan liwat warta di tv, kusabab ieu bencana teh kakoncara nika ka luar nagara. Alhamdulillah na saminggu saatos tsunami aya kulawrgina nu nelpon ngabaran upami kaayaan kabeh kulawargi ayeua tos aman-aman wae teu aya nu kirang nanaon.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "2192", "text": "a Dupi babaturan Fimela menyakiti batur anjeun bogoh kusabab kaputusan salah? Naha anjeun disiksa ku kasalahan pikeun kasalahan anu anjeun lakukeun? Salian ti nyeri kaleungitan kapercayaan jalma-jalma anu penting pikeun anjeun sareng penilaian anu dipasihkeun ku batur, anjeun ogé tiasa ngalaman parasaan kasalahan sareng kaduhung.\r\n1. Ngaliwatan jaman susah\r\nEureun nyalahkeun diri. Naon anu dipigawé geus rengse, jadi kaulinan ngalepatkeun sia sia. Éta parantos kajantenan, sareng ngahukum diri anjeun moal ngarobih nanaon.\r\n2. Istirahat\r\nHenteu kunanaon pikeun istirahat tina hiruk-pikuk. Hayu diri beristirahat ku indit ka tempat séjén pikeun sababaraha poé atawa minggu. Mun mungkin bari jauh, ulah pariksa média sosial sarta motong sagala bentuk komunikasi anu bakal ngidinan bullies ngahubungan anjeun.\r\n3. Nyuhunkeun pangampura ka Gusti\r\nSakumaha ageungna kasalahan anjeun, Gusti satia sareng adil ngahampura jalma-jalma anu leres-leres tobat sareng nyuhunkeun panghampura.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "7347", "text": "Sabulan ieu abdi kedah bobo di bumi sodara lantaran bumi kuring nuju dibenerkeun. Aya atap anu bocor sareng aya oge pager anu kedah didamel di bumi sakalian dipasang. Di mimiti keneh abdi tos ngaomat-omat ka nu gawe di imah yen abdi masihan waktos ngan tilu miggon hungkul kanggo aranjeunna mereskeun sadayana, sasuai jeung bayaranna. Tapi tos bade sabulan leuwih anjeunna teu acan ngarengsekeun pagaweanna. Utamana bagian atap anu bocor. Padahal unggal poe abdi salalu ngacek ka bumi, naon wae anu tos beres. Tapi tos dipasihan waktos leuwih saminggon oge angger anjeunna teu tiasa mereskeun pagawean eta. Abdi langsung negur sabari ngereunkeun anjeunna gawe.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "2994", "text": "Survei CDC nunjukkeun yén sakitar 80% korban stalker terang stalkerna dina sababaraha cara. Tapi éta henteu hartosna stalkers sok stereotypes pencinta jilted atanapi mitra timburu. Stalker tiasa henteu gaduh minat romantis dina objek panjagaanna. Aranjeunna malah ningali eta salaku hal bisa dipiboga atawa dikawasa. Di dieu aya sababaraha indikator héran of stalking: Anjeun atawa aya dina hubungan kasar. Nyiksa, naha fisik atanapi émosional, nyaéta ngeunaan kontrol. Nyiksa anjeun tiasa ngajaga kontrol anjeun ku ngalacak dimana anjeun sareng kajadian kahirupan teras ngahubungi anjeun dina waktos anu teu kaduga. Pelaku ogé tiasa ngalukis korbanna salaku stalker atanapi teu stabil. Janten ati-ati sareng milari naséhat luar supados henteu dimanipulasi kana kabiasaan anu luar biasa.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "2618", "text": "Kajadian huru-hara antara supir ojek online (Ojol) jeung karyawan cabang 'Mie Gacoan' di wewengkon Kotabaru, Yogyakarta, Kajadian Saptu (13/11/2021) beurang. Kaributan dimimitian nalika supir ojol ngantri panjang pikeun pesenan di Mie Gacoan cabang Kotabaru. Kaributan dimimitian nalika supir ojol ngantri panjang pikeun pesenan di Mie Gacoan cabang Kotabaru. Nalika antrian panjang, aya ojol anu antrian diganggu ku pagawé Mie Gacoan pikeun ngutamakeun antrian offline. Nyaho kitu, ojol-ojol nu ngarasa geus nungguan, ngamuk teu narima kana perlakuan karyawan Mie Gacoan. Karusuhan anu lumangsung antara supir ojol jeung karyawan di cabang 'Mie Gacoan' narik perhatian masarakat. “Kasalahan aya masalah pesenan, tuluy manajemen ngaganti dahareun, tapi meureun ku kakeuheul si ojol nu nungguan lila, si ojol najong korsi tuluy aya sora atawa omongan nu teu merenah. lumangsung salah paham.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "3031", "text": "Naon anu kudu dipigawé lamun kandaraan geus gagal rem di jalan?\r\nPikeun mobil / motor:\r\n1. Tetep tenang\r\n2. Periksa kira-kira mun bisa nyimpang ka kenca leuwih hade (kusabab Indonesia make jalur kenca mun leuwih laun), mun di jalan tol neangan tempat limpasan (kadang ka katuhu atawa ka kenca, ditandaan loba garis, atawa nalika turun aya tanjakan anu dipotong sareng ditungtungan dina bentuk kerikil/pasir, atanapi di jalan tol sapertos Cipularang anu bentukna jukut sareng solokan di tengah jalan). Taktak jalan sanés jaminan sabab seueur jalma kadang ngagunakeun éta di luar sebutanana\r\n3. Upami nomer 2 tiasa aman, mangga gentos jalur nganggo sinyal belok bari klakson ngabéjaan kaayaan darurat.\r\n4. Lamun anjeun dina posisi aman bari nuju eureun: leupaskeun gas, engine putus, gear sabalikna, coba narik rem leungeun lalaunan (coba kombinasi aranjeunna).\r\n5. Lamun geus eureun di tempat anu aman, geura masang segitiga kaamanan (pikeun mobil) atawa tanda lianna.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "2517", "text": "Dina ultah kuring anu ka-20, kuring meunang hadiah 'wow' - dina pamanggih kuring. Abdi oge kenging ijin ti anu bersangkutan sareng diijinkeun, da teu kedah nyamur, cenah, supados tiasa naek hahaa...Janten, waktos éta kuring di kampus kalayan kagiatan kampus biasa sareng ulang taun anu bodo. Ujug-ujug, sobat kuring -sebutkeun kuring Bobi- ngobrol kuring. Manehna ngajak baturna meuli jaket jean keur baturna, keur kado ulang taun cenah. Anjeunna ngarencanakeun mésér sapasang.\nKumargi waktos harita abdi tos rengse kelas, janten abdi ngan ngiring sareng ondangan. Waktu éta Bobi masih kénéh digawé di lab fisika sabab manéhna jadi Asisten Koordinator Lab jadi rada sibuk. Cenah anjeunna bakal ngantep kuring nyaho lamun anjeunna bébas. Kuring ngadagoan di sekretariat paguyuban, nepi ka manehna ngajak ka sekretariat. Bobi masih keneh make saragam lab sabab manehna oge ngan ukur idin sakeudeung, masih keneh boga pagawean. Wanci beurang nepi ka sore, Bandung panas tapi hawana masih tiis. Manehna ngajak meuli jaket jeanna di Pasar Andir, nu jauh oge ti kampus.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "9558", "text": "Ngarasa sedih lantaran gagal dina kahirupan teh mangrupa hal anu lumrah tur ilahar kaalaman ku sarerea. Kagagalan mangrupikeun bagian tina proses diajar sareng tumuwuh salaku individu, sareng teu aya anu tiasa sukses dina sagala hal anu dilakukeun. Najan kitu, ulah kaleuleuwihi teuing ku kasedih anu asalna tina kagagalan. Sabalikna, coba ningali kagagalan salaku kasempetan pikeun diajar sareng janten langkung alus dina mangsa nu bakal datang. Tong nyerah sareng teraskeun usaha ku cara anu positif. Emut yen sadayana parantos ngalaman kagagalan sareng waktos susah dina kahirupanna, sareng sadayana oge gaduh kakuatan pikeun bangkit sareng ngahontal kasuksesan. Janten, ulah ngantepkeun kasedihan tina kagagalan ngatur kahirupan anjeun. Sabalikna, cobian jantenkeun rasa sedih eta sumber motivasi pikeun tetep nyobian sareng ngahontal kasuksesan.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "3424", "text": "Dokter Spesialis Kulit sareng Kelamin, dr. Vinia Ariani Permata, SpKK, nétélakeun yén dina dasarna jutaan baktéri anu henteu ngabahayakeun hirup dina beungeut awak sareng ngabantosan pertahanan alami kulit. Baktéri ieu salamet sarta ngalobaan di beueus, lingkungan nu beunghar gizi, kaasup wewengkon kesang, kayaning kelek.\n\n\"Nalika kesang pacampur jeung baktéri anu ngabalukarkeun bau awak, baktéri ieu bakal ngarecah kesang urang jeung ngolah dina sistem métabolik maranéhna pikeun ngahasilkeun produk samping dina bentuk kesang bau atawa bau awak,\" ceuk Vinia.\n\nSalian ti késang kaleuleuwihan, Vinia ogé ngajelaskeun yén meureun aya faktor sanés sapertos genetika atanapi tuangeun.\n\n\"Kadaharan anu nganggo bawang sareng rempah-rempah anu paling berpengaruh sareng gampang nyababkeun bau, ku kituna anjeun tiasa ngahindarkeun seueur teuing tuangeun ieu,\" saur Vini.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "3238", "text": "Janten nalika kuring bobo dina kasur kolam renang, kuring ngarasa rada tiis. Jigana kuring mimiti tiis di dinya. Pas diajak mudik jeung punk rock (kira-kira jam 2 isuk-isuk), urang naek motor ngaliwatan Jakarta nu tiis sanggeus hujan. Kuring beuki tiis. Nalika kuring naek motor, kuring mimiti ngarasa goréng. Tapi abdi tiasa tahan. Ti kawit reuneuh mah gampang eneg, tapi sok bisa nahan supaya teu utah. Waktos hudang isuk-isuk, awak kuring teu karasa. Rarasaan hayang utah sakitu legana. Sanggeus dicobian dicekel, dicekel, dicekel, tungtungna teu hasil. Abdi teuing aaaaaa... Pikeun jalma anu henteu resep utah sapertos kuring (leuwih hadé kuring ceurik tibatan utah), utah ieu leres-leres nyiksa. Sanggeus ngararasakeun, kuring nyobaan ngadahar jeruk bali anu aya dina kulkas. Lajeng cobaan saré deui sangkan awak karasaeun hadé saeutik. Eh, teu sabaraha lila, kuring utah deui. Nyingkirkeun utah. Waktos ieu abdi nyobian nginum cai biasa supados henteu micu utah. Tétéla dulur-dulur nu salah, kuring utah deui. Jeung deui, jeung deui, jeung deui.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "3356", "text": "Kabeneran teu aya babaturan kuring (atanapi jahat) nyandak gambar kuring 'satengah taranjang' dina waktos éta. Kuring jeung babaturan ahirna mariksa salah sahiji bilik mandi, jumlahna aya 4-5 bilik. Sareng kabeneran, ngan ukur bilik kuring anu teu aya panutup témbok. SADAYA KAMAR SAMPURNA. Hanjakal, kuring milih stan sudut anu langsung katingali tina kolam renang. Kuring henteu terang naon kabeneran (atanapi sial) anu kajantenan ka kuring. Sareng kuring henteu terang naha sadaya panto kamar mandi didamel tembus. Niat kuring rék lapor ka kolam renang, tapi kuring teu wani jeung teu hayang manjangkeun masalah, komo deui ngarérét ka babaturan. Naon deui, ieu kajadian oge aya unsur kalalawanana sorangan. Tah, saran kuring, mun nu maca aya di luar imah, boh di kolam renang, pemandian umum, wisata cai, pamondokan, komo deui di hotél, ULAH POHO CEK KAMAR, utamana panto, keran cai, jeung saterusna. Henteu hartosna curiga, tapi bisi waé.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "7300", "text": "Kanggo ngarayakeun ulang taun rerencangan. Abdi sareng rerencangan anu sanes tos nyiapkeun hiji rencana. Abdi salaku nu nyupir mobil langsung mawa mobilna ka salah sahiji tempat dahar anu lumayan kasohor di Bandung. Pas tos dugi, urang sadayana langsung mesen dahareun jeung langsung motong kue kanggo ngarayakeun ulang taun manehna anu ka dua puluh, urang oge tos masihan kado kanggo manehna supados manehna mikir yen ulang taunna tos dirayakeun. Pas manehna nuju ka kamar cai, urang sadayana langsung nyumput di hiji tempat. Pas manehna balik ti kamar cai manehna bingung lantaran manehna ngan sorangan di meja eta, padahal teu acan mayar, komo urang mesen dahareun anu lumayan awis. ", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "8524", "text": "Carita anu ngerakeun anu pernah kuring alami nyaeta nalika kuring nganggo baju anu sami sareng jalma sanes. Ieu kajadian nalika kuring indit ka acara penting jeung babaturan kuring. Nalika kami dugi ka acara eta, kuring ngarasa bagja sareng percaya diri sabab kuring nganggo baju anu sae sareng trendi. Tapi sagalana robah nalika kuring leumpang kana kamar acara. Pas kuring ningali jalma-jalma anu nangtung di dinya, kuring kaget sareng ngarasa era pisan sabab kuring nganggo baju anu sami sareng salah sahiji tamu anu hadir dina eta acara. Urang nangtung sabalikna unggal lianna jeung dulur melong urang kalawan katingal reuwas. Kuring jadi era jeung teu nyaho naon nu kudu.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "5682", "text": "Mun nepi ka ngarasa diperlakukeun teu adil, urang kudu wani ngalawan ku cara nyuarakeun hak jeung kabeneran. Misalna mun dina tatanan sosial urang diperlakukein teu adil, kudu wani jang ngungkapkeun kateuadilan eta tuluy kudu wani nyuarakeun hal nu sabenerna. Jelaskeun ka masyarakat luas yen emang kaadilan teh kudu ditegakkeun, lain ngan saukur jang pihak tertentu wae. Kaadilan teh hak bagi sarerea, hak bagi satiap orang. Jadi, mun urang hayang diperlakukeun adil, kudu minuhan kawajiban jeung kudu wani nyuarakeun kabenaran, ulah nepi ka salah oge di diri urangna. Yuk urang diajar nimba elmu saloba-lobana supaya bisa wani dina argumen ngalawan kateuadilan nu aya di masyarakat!", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "5621", "text": "Dua tips supaya antrean urang teu disorobot ku batur. Nu kahiji nyaeta pas barang datang teh buru-buru miluan ngantri di tukangeun batur supaya teu tukang jeung lila teuing ngantrena. Sabab mun tinggaleun saeutik ge pasti bakal lila deui nungguan antreanna. Nu kadua nyaeta rapetkeun barisan antreanna. Mun keur ngantre, rapetkeun barisan jeung jalma nu dihareupeun, supaya teu bisa disorobot. Mun aya tanda-tanda jelema di sisi urang nu rek nyorobot, buru-buru rapetkeun awak atawa leungeun urang ka jalma dihareupeun, supaya euweuh celah jang nu nyorobot. Tah kade oge mun keur ngantri ulah sakali-sakali kaluar tina barisan, sabab bisa-bisa ngantre deui na di paling tukang.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "9001", "text": "Waktu harita kuring karek beres rapat di kampus, kuring balik ka imah jam salapan peuting. Waktos masih caket kampus mah, suasanana masih rame kumargi masih seueur mahasiswa anu nongkrong di dinya. Nalika kuring mimiti ngadeukeutan ka kost kuring, suasana janten rada pikasieuneun sabab kosan kuring rada terpencil. Ujug-ujug kuring ngarasa aya anu nuturkeun di tukangeun kuring, tapi kuring henteu wani ningali ka tukang. Sebenerna kuring sieun pisan, kuring eureun heula sakeudeung pikeun mastikeun yén aya anu nuturkeun kuring. Epek teh bener we, anjeunna ogé eureun. Kuring neruskeun jalan tapi leuwih gancang leumpangna. Kuring bingung kudu ngagorowok atawa lumpat ngajauhan jelema di tukangeun kuring. Tapi di tungtung jalan ka kosan kuring teh katembong rombongan bapa-bapa keur lalajo Persib, kuring gura-giru diuk di antara bapa-bapa, jadi manehna teu nuturkeun kuring deui.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "9548", "text": "Luki kacida bungahna waktu pamajikanana ngalahirkeun putra nu sehat. Sanggeus ngaliwatan proses kahamila, ahirna Luki bisa ngarasakeun kabagjaan anu kacida gedena waktu ningali pamajikanna ngalahirkeun putrana. Luki ngarasa sukur pisan sabab kulawargana geus nambahan anggota anyar. Manehna ngarasa bagja pisan sabab salila ieu manehna sok ngarep-ngarep boga budak lalaki. Dina danget ieu, kahayang na kawujud oge. Pamajikan Luki katembong cape pisan sanggeus ngalahirkeun, tapi manehna masih bisa seuri basa ningali beungeut budakna nu masih keneh dibedong ku simbut bodas. Luki ngarasa bagja pisan sabab bisa ngabantu pamajikanana ngurus jagoan leutikna kalayan kaasih. Luki ngarasa bungah kacida ningali budakna. Manehna gumbira sabab orok leutikna katingali sehat jeung kuat. Anjeunna bagja sabab putrana katingali kasep tur pikaresepeun. Luki kacida bungahna lantaran bisa boga anak nu sehat tur kuat. Manehna bagja lantaran bisa ngurus budakna kalawan kaasih.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "6840", "text": "Nabung kanggo sababaraha urang mah janten kagiatan anu hese dilakukeun, tapi nabung sabenerna janten solusi kanggo saha wae anu hoyong meser barang tapi teu gaduh artos seeur. Ti pada nganjuk, mending keneh nabung heula, kedah sabar sakedik supados tiasa meser barang anu dipikahoyong. Nabung tiasa di bank atawa dina celengan. Aya oge cara nabung, nyeta minjeumkeun duit ka batur, ngke pas butuh langsung tagih. Pasalna lamun duitna dicepeng ku sorangan mah pasti bakal kapake wae. Janten upami diinjeumkeun ka nu sanes mah urang moal tiasa make duitna, tapi kedah dipastikeun heula anu minjeum duitna teh jelema anu tiasa dipercanten ku urang.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "6884", "text": "Aya loba jalma anu ngaidolakeun batur, aya nu resep ka aktor, musisi atawa atlit. Tiasa papanggih jeung idola janten hal anu pikaresepeun. Abdi resep pisan salah sahiji ka aktor anu kasohor, minggon hareup manéhna bakal datang ka kota tempat kuring cicing, abdi bungah pisan. Nalika dinten anu diarep-arep sumping, abdi angkat ka tempat. Abdi nangtung di baris pang hareupna sangkan kuring tiasa nempo leuwih deukeut. Nalika anjeunna muncul, kuring langsung seuri sareng bungah. Kuring malah kungsi kasempetan pikeun tataros, ngobrol, jeung poto sareng manehna. Abdi bagja pisan pendak sareng idola abdi sorangan. Kuring moal hilap dinten anu pinuh kenangan ieu, sabab eta salah sahiji dinten paling berharga dina kahirupan kuring.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "5221", "text": "Kaayaan pasar global nu menurun drastis ngajadikeun kasus PHK naek ngalambung. Tah kenali hak-hak nu kudu dipenuhi mun dikenai PHK. Nu kahiji nyaeta uang pesangon. Uang pesangon teh kudu dibayarkeun ku perusahaan ka karyawan tetap nu kena PHK. Uang pesango besaranna disasuaikeun jeung masa kerja nu diatur dina pasal 40 ayat (2) Peraturan Pemerintah nomor 35 tahun 2021. Tuluy nu kadua, karyawan ge berhak meunang uang penghargan jeung penggantian hak. Besaran uang penghargaan jeung penggantian hak diatur dina pasal 43 ayat (4) Peraturan Pemerintah nomor 35 tahun 2021. Tah sabab aya hak karyawan nu ditegaskeun dina peraturan pamarentah, urang sebagai karyawan ge kudu paham kana hal eta supaya teu karugian ku perusahaan.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "241", "text": "Harita pas ka rumah sakit ngalongok dulur nu gering, bada magrib urang kaditu. Baheula mah make HP teh ngan cukup hiji kartu, jadi lamun boga kartu leuwih ti hiji sok diteundeun di tukangeun kesing HP na. Pas ka rumah sakit sabab kaayaan poek da geus peuting, oge kudu leumpang jauh da rohangan dulur nu di rawat na paling juru. Teu nyadar si kartu teh murag. Sadar-sadar pas geus di imah rek ngasupkeun kana HP. Urang reuwas sabab eta kartu geus aya mangtaun-taun ku urang pake, jeung loba nomor penting didinya teh. Aya kana 3 poean, ku urang iseng di telepon. Teu lila aya nu ngangkat, urang ngomongkeun yen urang kaleungitan kartu. Manehna ngomong manggih di buruan rumah sakit. Saenggeus kitu urang ngadatangan nu manggihan kartu eta, untungna teu jauh ti imah urang, aya kana 15 menitan nepi. Urang bungah sabab kartu na kapanggih.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "7332", "text": "Basa nuju kempel sareng rerencangan di kafe anu aya di Bandung. Urang ngadangu aya sora awewe anu nuju aambekan sabari ceurik jeung gogorowokan. Abdi ngarasa kaganggu ku sora eta lantaran gandeng pisan. Teu lila seeur jalmi anu sanes oge ningalikeun maranehna anu nuju gelut. Awewena nyentak lalaki. Pas abdi ningal jol aya nu ngabejaan yen maranehna gelut lantaran lalakina kapanggih salingkuh sareng sobatna sorangan. Manehna teu tarima nepikeun gogorowokan jeung ngaganggu batur anu aya di kafe eta. Lantaran tos ngaganggu tamu anu sanes, maranehna ditiah indit kaluar ti kafe eta. Lainna kaluar, eta awewe kalahkah aambekan ka palayan di kafe.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "2841", "text": "Kahiji, samemeh indit ka panggung, kasampak di sabudeureun wewengkon panggung kalawan gancang jeung tepat, sangkan teu kajadian nu teu disangka-sangka, kayaning kabel kabel atawa objék séjén.\r\nKadua, nangtung di hareup mic kalayan jarak anu cukup ku kituna sora anjeun tiasa kadéngé jelas. Anjeun tiasa ngamimitian ku nahan mic stand sareng pura-pura nyaluyukeun sakedik (sanaos anjeun henteu kedah),\r\nKatilu, ngucapkeun salam minangka ngamimitian paguneman bari neuteup ka sabudeureun panongton, kasampak katuhu, tengah, kénca jeung panongton di tukang. Mimitian ngawangkong kalayan intonasi tenang Aya kalana interacting jeung panongton kacida dianjurkeun pikeun ngurangan tegangan tur mantuan masihan urang waktu ngobrol. Tetep tenang, ngan yakin sareng ngantepkeun sadayana ngalir nyalira. Pura-pura keur ngawangkong/manggung di hareupeun babaturan/sakelompok.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "6357", "text": "Tilu cara ngabales babaturan nu pernah ngabully jeung nyeungseurikeun di kelas. Nu kahiji nyaeta antep, tong diwaro. Sabab kahayang na nu kitu mah sok hayang diwaro jeung dilayanan. Jadi, antepkeun we tong dilayanan titah capeeun sorangan. Nu kadua nyaeta bales ku kabaikan. Jadi tong ngabales make hal nu sarua, bales we make kabaikan. Mun teu nanya, tanya tiheula saolah sagala teu pernah terjadi. Nu katilu nyaeta buktikeun make prestasi. Supaya batur tambah era pernah ngabully atawa nyeungseurikeun, urang kudu ngabuktikeun yen bisa jadi leuwih berprestasi tibatan manehna. Tapi ulah pake sombong, pake mangpaat jang diri sorangan we, ulah jadi saruana jeung batur.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "2045", "text": "Ngadagoan pengumuman anyar kuring ngarasa hariwang. Euweuh nu diperjuangkeun deui. Ngan do'a jeung ibadah nu dironjatkeun. Tadi bulan puasa. Dina waktu nu sarua ngumpulkeun ganjaran. Beuki deukeut kana poé béwara, kuring beuki sieun. Sumawona aya gosip yén upami anjeun milih universitas anu béda sareng daérah tempat tés, bakal sesah lulus. Tapi kuring langsung ngaleungitkeun pikiran goréng kuring kalayan husnudzon ka Alloh. Lamun urang yakin doa urang bakal dikabul, Allah pasti bakal ngabulkeun. Lamun urang sorangan cangcaya kana do'a anu urang ucapkeun, kumaha Allah ngabulkeunana? Poé anu didagoan teu didagoan ahirna datang. 13 Juni 2017 naon dinten thrilling. Malah sababaraha poé saméméh kuring teu boga napsu. Gambar meunang kecap hampura terus ngahantu kuring. Jam 2 siang kuring muka pengumuman ku sasalaman. Panon kuring pinuh ku cimata ngantosan konfirmasi. Sareng Alhamdulillah abdi lulus dina Ilmu Informasi dan Perpustakaan UNPAD. Abdi nganuhunkeun pisan Gusti Allah ngawaler do'a abdi sareng ibu bapa. Tungtungna kuring lulus", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "6830", "text": "Abdi atoh pisan meunang hasil anu saluyu jeung usaha anu salila ieu tos dipersiapkeun. Ti awal oge abdi tos siap ku sagala kamungkinan anu bakal aya dihareupeun. Komo tos apal kasalahan-kasalahan anu pernah dilakukeun sateuacan na, janten ayeuna langkung waspada, jeung leuwih seeur dzikir dina jero hate janten leuwih fokus ngerjakeun satiasa na. Lamun aya soal anu teu tiasa dikerjakeun teu janten merod langsung ngerjakeun soal nu sanes na. Nepi keun soal anu paneuri oge abdi ngerjakeun na teu bari gurung-gusuh. Ngan ngalakukeun usaha anu pang sae na, hasil na mah tos ditangtukeun ku Gusti Allah. Kabukti hasilna oge teu nguciwakeun.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "5311", "text": "Kagiatan abdi di kostan sapopoe teu jauh ti kamar. Mimiti gugah teh langsung sholat subuh, tuluy beres sholat langsung ngaji heula dugi ka jam genep. Beres sholat jeung ngaji, beberes kamar, disapuan jeung dipel nepi ka beresih. Teu hilap jandela dibukaan, supaya hawa seger asup. Tos eta, langsung abdi mandi isuk-isuk supaya seger. Beres mandi, abdi nyangu dina mejikom. Mun sangu tos asak, abdi langsung meser deungeunna kaluar. Biasana abdi makan di jam sapuluhan. Beres makan teh sok tuluy ngerjakeun tugas nepi ka burit, tawa nepi ka peuting. Mun geus jam sapuluh peuting, abdi sok langsung we bobo deui, bres teu beres pagawean tugas ge kudu bobo sasuai jadwal.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "9249", "text": "Cara katilu anu tiasa urang laksanakeun pikeun ngaleungitkeun bau awak nyaéta ngagaringkeun awak kalayan leres. Sanggeus mandi, pastikeun yen urang teh ngagaringkeun awak sing leres, utamana di wewengkon awak anu ngahasilkeun loba kesang, kayaning kelek. Ku cara kitu, baktéri anu nyababkeun bau awak bakal hésé berkembang biak. Kaopat, make baju anu beresih jeung anu gampang nyerep kesang. Pastikeun make baju beresih jeung luyu jeung kagiatan nu bakal dilaksanakeun. Pikeun ngurangan késang kaleuleuwihan, maké baju anu dijieunna tina katun anu bisa nyerep kesang. Pakean anu dijieun tina ieu teu nyieun awak karasa panas. Kalima, merhatikeun asupan kadaharan anu didahar. Sababaraha jinis kadaharan tiasa nyababkeun produksi késang sareng bau awak langkung seueur, contona tuangeun anu lada, lemak, sareng anu ngandung bahan anu bau kuat, sapertos bawang. Ku ngawatesan asupan jenis ieu kadaharan, bau awak urang bisa ngurangan.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "6025", "text": "Ningali babaturan nu tos seueur gaduh pasangan kabogoh teh mantak resep ningalina. Sok kabita mun ningalina teh, aya nu ngajagaan, aya batur ngobrol, aya nu nganteur, jeung sajabana. Tapi, abdi mikir deui sarebu kali. Dina ayana nu resep ka abdi terus abdi na oge resep, bakal aya mamala mun enya digugu teh. Sabab bobogohan teh mangrupakeun dosa nu paling teu karasa dilakukeun na teh. Mantak sabisa mungkin abdi ngahindari hal eta, sabab oge rumasa tos loba dosa nu sejen. Keun we sabar, sugan we aya nu serius beh bisa nempuh jalur nikah supaya jauh tina kamaksiatan nu ngarugikeun diri sorangan.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "9149", "text": "Hiji waktu, mangsa kuring keur nyuprih elmu di salah sahiji paguron luhur, kuring mulang ka lembur. Geus biasa lamun mulang teh kuring kudu naek beus umum. Harita kuring diuk di sagigireun ibu-ibu nu ngalahun dua budak balita kembar. Kulantaran karunya, kuring ngahiap salah sahiji budakna supaya daek dilahun ku kuring. Alhamdulillah, budak teh daekeun. Budak teh ni lucu, sanajan leutik keneh, ku indungna geus ditiungan supaya aoratna teu katingal. Mimitina mah budak teh anteng dina lahunan kuring. Tapi teu lila ujug-ujug budakna teh utah dina lahunan kuring. Sanajan utah orok oge, angger weh kuring teh ngarasa jijik. Kabeneran utahna teh teu loba-loba teuing, kuring langsung ngusapan ku tisu baseuh nu dibikeun ku indungna. Kusabab kuring parantos ngalahun eta budak, janten kuring teras-terasan ngalahun anjeunna dugi ka turun di tempat anu dituju ku kuring.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "2597", "text": "Nganggo aplikasi ******* sareng kabeneran kuring sareng rerencangan maénkeun aplikasi dina waktos anu sami sareng ngobrol sareng jalma anu sami, saatos éta kuring sareng réréncangan ngobrol sareng éta awéwé kalayan akun masing-masing sareng akibatna obrolan langkung sering dibales ku abdi sareng rerencangan abdi oge teu ngabales ka eta wanoja margi chat abdi teu dibales padahal abdi ngan chat \"hi\" nya dijawab oge sareng abdi naros dimana cicingna teu ngawaler padahal patarosan abdi sareng rerencangan abdi. sami-sami, teu lami ti harita kuring ujug-ujug diblokir ku alesan anu teu jelas tapi babaturan kuring henteu teras-terasan ngobrol, sabab aplikasi ieu henteu masihan ngagantikeun poto profil sareng poto sorangan meureun anjeunna parantos ningali eusina. tina profil urang duaan, profil abdi sareng rerencangan parantos ngeusian poto masing-masing janten meureun anjeunna ningali poto kuring sareng réréncangan kuring sareng anjeunna milih réréncangan kuring anu anjeunna pikir langkung geulis. Kuring ambek dina haté kuring tapi aduh kuring tetep", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "5177", "text": "Abdi sareng Yusuf ngiringan cerdas cermat umum tingkat kabupaten. Ti mimiti persiapan dugi ka inditna pas hari H, istunding ngan duaan, teu diarahkeun pisan ku pun guru teh. Ah da saribuk meureun, pikir abdi teh. Abdi sareng Yusuf ngiringan lomba CCU eta teh dadakan pisan, persiapana ge ngan tilu dinten. Mudah-mudahan we aya milikna. Pas hari H, alhamdulillah abdi sareng Yusuf tiasa ngajawab sababaraha soal ti juri. Pas skor akhirna kaluar, alhamdulillah oge kenging juara katilu. Pas pengumuma juara teh dipasihan piala nu jangkung pisan. Alhamdulillah perjuangan ngalawan dadakan teh geuning aya hasilna oge. Suasana pembaian hadiah teh rame pisan sabab dilaksanakeunna di tengah lapang, jadi seueur nu nonton di sisi lapang teh. Aya rasa isin, aya rasa bungah pisan sabab bisa narima piala panghargaan eta.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "2105", "text": "Abdi gaduh pangalaman pendak sareng idola, mantan menteri BUMN, Ibu Rini Soemarno. Pangalaman kuring sareng anjeunna senang. Salian ti kalungguhanana salaku menteri, Bu Rini téh jalmana ramah. Kuring malah boga kasempetan pikeun masihan anjeunna souvenir ti parusahaan tempat kuring kuliah. Bu Rini jalmina sederhana, dangdanan sareng gaya rambutna praktis pisan, sapertos buruh sawah. Manehna teu make makeup, ngan lipstik ungu muda sakumaha kuring inget. Anu matak kaget kuring nyaéta laju anjeunna leumpang, sareng sabaraha jalma anu nuturkeun di tukangeunana. Nalika anjeunna mimiti leumpang, bakal aya sabudeureun 100 urang nuturkeun tukangeun, malah kuring kudu ngajalankeun dina heels tinggi lamun nuturkeun manehna. 'Oohh jadi kieu rasana jadi penting' pikir kuring waktu harita. Jarang kuring kagum ka saha waé kecuali pejabat, sabab aranjeunna dipuji ku cara anu béda-béda. Henteu aya jeritan histeris sapertos fans boy band, tapi urang sadayana terang yén aranjeunna dihormat.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "2211", "text": "Kaduhung mangrupikeun émosi négatip anu karasa nyeri. Parasaan ieu bisa boga pangaruh kuat dina kahirupan hiji jalma dina mangsa kiwari jeung mangsa nu bakal datang. Nalika kuciwa kana pilihan sareng kaputusan anu kapungkur, panginten anjeun bakal kaleungitan kabagjaan di jaman ayeuna.\r\nSanaos anjeun henteu tiasa ngahindarkeun parasaan ieu, aya sababaraha cara pikeun ngaleungitkeun kaduhung pikeun ngabantosan anjeun tumbuh sareng robih janten langkung saé.\r\n1. Identipikasi Hal-hal Anu Ngajadikeun Urang Kaduhung\r\nIdentipikasi Hal-hal Anu Ngajadikeun Urang Kaduhung\r\nNgidentipikasi hal-hal anu ngajadikeun urang ngarasa kaduhung, tiasa janten salah sahiji cara pikeun ngaleungitkeun rasa kaduhung. \"Kami sadar yén ieu parantos kajantenan, janten kami henteu tiasa ngarobih kaayaan. Tapi, anu bisa urang robih nyaéta diri urang ayeuna jeung ka hareup,” ceuk Ikhsan Bella Persada, M.Psi., Psikolog.\r\n2. Ngaku Parasaan Anjeun\r\nNgaku sareng nampi parasaan atanapi émosi anjeun ogé tiasa janten cara pikeun ngaleungitkeun kaduhung. Henteu yén léngkah ieu tiasa ngarobih kaayaan janten langkung saé. Nanging, nampi parasaan tiasa ngajantenkeun anjeun diajar, robih, sareng tumbuh. Salajengna, anjeun tiasa mikir ngeunaan cara pikeun ngaleutikan nyeri mun anjeun ngalaman hal sarupa di mangsa nu bakal datang.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "697", "text": "Pas manggih harta karun jeung si Anggi teh, tungtuna mah dibawa ka RT jang dimusawarahkeun. RT oge manggih lurah ngameh puguh kumaha ieu harta karun teh alusna di kumahakeun, naha dibikeun kanu manggihna atawa dibagi-bagikeun ka warga. Ti mimiti pas musawarah teh, urang jeung Anggi ditanyaan sababaraha hal, ngeunaan manggih di mana jeung waktuna iraha. Saenggeus kitu, pa Lurah kaget soalna tempat eta pernah ditempatan ku hiji kokolot nu dipkahormat di desa. Anu akhirna mah mutuskeun, yen harta karun eta 50% na dibagikeun ka urang jeung Anggi nu manggihna, satengahna deui dibikeun ka anak incuna nu jadi hak waris eta harta karun.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "8465", "text": "Nempo dahareun nu geus jadi goreng bisa nyieun jalma ngarasa teu nyaman atawa geuleuh. Ieu kusabab bau sareng penampilan kadaharan anu rusak tiasa memicu reaksi refleks negatip, sapertos seueul atanapi utah. Bau dahareun anu ruksak oge tiasa nyebarkeun sareng nyababkeun sensasi anu teu pikaresepeun pikeun jalma di sabudeureun anjeun. Tetempoan dahareun ruksak bisa nyieun sababaraha urang ngarasa geuleuh, teu nyaman, atawa seueul. Ieu biasana disababkeun ku bau goreng jeung bakteri anu mekar dina dahareun buruk. Geuleuh ieu tiasa langkung parah upami anjeun ngagaduhan masalah pencernaan atanapi nuju teu damang. Lamun ngarasa pisan teu nyaman atanapi seueul, coba nyandak sababaraha napas jero tur difokuskeun pikiran positif. Ulah ragu menta tulung lamun ngarasa teu damang sanggeus ningali dahareun ruksak.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "9520", "text": "Hilman seuri bungaheun pisan kacirina. Ieu poe Salasa nu cerah. Manehna teu bisa sare sapeuting kamari saenggeus manehna meunang hasil tes asup universitas anu didago-dago. Manehna ngarasa bungah pisan sanggeus nyaho manehna ditarima di Universitas Gadjah Mada (UGM), salah sahiji universitas terbaik di Indonesia. Hilman teu nyangka bakal ditarima di UGM. Manehna ukur milu tes pikeun nyobaan, sugan wae aya milikna, tapi hasilna tetela pisan nyugemakeun. Hilman nganuhunkeun pisan ka kolot tur ka guru-guruna anu geus ngarojong jeung ngabimbing manehna nepi ka ayeuna. Hilman langsung ngawartosan ka kolotna sareng dulur-dulurna ngeunaan kabar nyugemakeun ieu. Kolotna kacida bungahna saanggeus narima kabar ti Hilman. Hilman ngarasa bagja pisan sabab bisa ngabahagiakeun kolot jeung kulawargana. Hilman jangji baris jadi mahasiswa anu berkomitmen jeung berprestasi di UGM.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "3004", "text": "Autophobia nyaeta sieun keur nyalira atanapi kahariwang perasaan ngalamun. Autophobia ngajadikeun hiji jalma ngarasa kahariwang parna nalika nyalira sanajan di tempat nyaman kawas imah. Hiji jalma kalawan phobia tina katiisan bakal butuh ayana jalma séjén ngarasa aman. Autophobia, ogé katelah monophobia, eremophobia, sareng isolophobia, sanés gangguan psikologis resmi sareng henteu didaptarkeun dina édisi ka-5 Manual Diagnostik sareng Statistik Gangguan Mental. Sieun ieu digolongkeun kana kategori anu disebut fobia khusus - ngarujuk kana kasieun atanapi kahariwang tina kaayaan atanapi objék anu khusus. Sanajan kitu, sanajan éta lain gangguan mental resmi, setrés, jeung kahariwang disababkeun ku autophobia bisa boga pangaruh négatip dina kahirupan sangsara. Autophobia ogé bisa memicu gejala psikologis jeung fisik nu tangtu merlukeun perlakuan.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "5544", "text": "Basa nuju leumpang di gang nu rek ka bumi, Arcil kacida reuwasna sabab aya nu ngudag. Arcil keur leumpang sorangan dinu poek, jol we aya nu ngudag ti tukang make baju serba hideung. Arcil lumpat ngabret da sieun eta jalma jahat nu rek ngabegal. Arcil lulumpatan bari gogorowokan menta tulung, tapi euweuh wae warga nu kaluar. Pas nepi ka gerbang imahna, Arcil soak sabab gerbangna geus dikonci. Eta nu ngudag geus persis di tukangeun Arcil. Arcil ceurik bari gogoakan da sieun, pas keur gogoakan, eta nu ngudagna teh muka bajuna. Eh singhoreng mah lanceukna Arcil. Arcil ngarasa reuwas kareureuhnakeun, awakna tariis kabeh. Lanceukna ngahaja ngeprank Arcil sabab balikna peuting wae.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "4362", "text": "Suprise surprise an ulang tahun atawa kejutan ulang tahun sigana geus mulai jadi budaya di indonesia. Ti keur jaman urang SD surprise surprise kawas kieu teh geus aya. Malahan budaya ngajailan nana leuwih parah, nyaeta di banjurkeun ku cai anu baru atawa di teplok ku endog jeung tipung. Urang pernah di kitu keun basa sakola SD jeung SMP, reuwas na di jailan kitu teh lain bari bungah tapi reuwas kesel. Ngahesekeun di banjur make nu kitu teh pan bau. Lamun di banjur di sakola , lamun teu di jemput urang jadi hese balik pan teu enakeun lamun kudu balik naek angkot bisi panumpang sejena kaganggu kusabab bau. Budaya banjur banjuran kieu oge eweuh pisan mangfaat na kalak ka jadi mubadzir nyaah endog jeung tipung na. Mandi ge moal cukup sakali lamun di banjur kitu, matak keur jaman sakola lamun rek ulang tahun teh jadi hoream asup sakola na.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "8449", "text": "Arif teh kakara kawin jeung budak awewe nu geulis pisan. Budak awewe ieu mangrupikeun primadona di desana. Geus loba jalma nu hayang kawin jeung ieu awewe tapi ngan Arif hungkul nu tiasa nyieun gadis ieu murag asih. Kawinna Arif jeung primadona kampung ieu ngabalukarkeun loba nu teu narima. Salah sahiji nu teu narima nyaeta Irfan. Hiji waktu Irfan keuheul ningali Arif leumpang jeung ieu budak awewe, tuluy manehna nyiduhan Arif. Arif nu ningali kalakuan Irfan ngamuk tuluy neunggeulan beungeut Irfan. Arif ngalakukeun ieu kusabab ngarasa geuleuh diciduh ku Irfan. Kageuleuhanna robah jadi ambek nepi ka lumangsung tarung antara dua lalaki.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "7271", "text": "Lila teu ngadangu kabar rerencangan basa SMP, epekteh manehna jol masihan ondangan nikahan manehna, abdi bungah pisan lantaran tiasa datang ka momen anu bagja pikeun rerencangan kuring. Abdi datang ka ondangan nyalira. Epekteh pas datang ka ondangan aya sababaraha jalmi anu ngageroan ngaran kuring nyaeta rerencangan kuring basa SMP seeur pisan anu datang. Abdi langsung ngagabung jeung maranehna. Pas abdi naros seeur rerencangan anu angkat sasarengan, jangjian lantaran masih keneh sok ngobrol dina grup. Abdi mah teu jangjian jeung sasaha lantaran teu gaduh nomer sasaha. Abdi langsung nyungkeun diasupkeun kana grup SMP. Alhamdulillah balikna urang tiasa ngobrol-ngobrol teras jangjian bakal patepang deui.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "5608", "text": "Harta karun jadi salah sahiji barang nu loba diteangan. Sabab lain kaunikan na hungkul, tapi oge nilai jualna nu tinggi. Malahan ayeuna mah loba youtuber nu eusi kontenna teh neangan harta karun make alat canggih. Jadi lain deui digali manual ku diteangan make inger-ingeran, tapi aya alat canggih nu ngaranna metal detector. Jadi, alat canggih ieu teh bisa ngadeteksi barang nu ngandung emas, logam, atawa sejenna. Mun alatna disada, berarti di handapna aya harta karunan. Tapi teu jarang oge nu kadeteksi na teh ngan barang-barang nu kapiceun, lain harta karun. Biasana mah alat ieu teh bisa ngadeteksi nepi ka sameter di handapeun taneuh. Mun sorana makin tarik berarti barang na ge gede jeung akurat titikna.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "1121", "text": "Sababaraha situasi nu bisa nyieun rasa sieun teh pas keur leumpang sorangan pas peuting, aya di tempat anu sepi, atawa dina kondisi darurat siga kahuruan atawa bencana alam. Tapi biasana lamun urang di tempat nu sepi atawa dina situasi nu mibogaan potensi ngabahayakeun, urang sok tetep waspada jeung ninggali sabudureun ku cara seksama. Hal ieu mantuan jang ngurangan resiko terjadina bahaya. Penting oge jang mawa peralatan kasalametan siga sentel, ponsel, jeung alat bantu sejenna nu bisa mantuan dina situasi darurat. Atawa sok ngahubungi babatura natawa kulawarga jang menta bantuan atawa ngan saukur ngomong pas keur sieun sorangan ngaran ngurangan rasa kasieun.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "2203", "text": "Aya lima diménsi karaharjaan atawa karaharjaan, nya éta kasejahteraan fisik (contona kaséhatan fisik, gizi, perawatan awak), karaharjaan psikologis (contona kasugemaan hirup, daya tahan jeung harga diri), karaharjaan kognitif- mahluk (contona prestasi dina akademis jeung kecerdasan), karaharjaan sosial (misalna hubungan jeung kolot, sasama jeung kalibet diri dina kagiatan sosial), jeung karaharjaan ékonomi (misalna assessment sumberdaya ékonomi kulawarga). Sarerea bogawaktu mamang jeung karaguan iraha wae. Sanajan kitu, ngabogaan babaturan supportive muterkeun hiji peran badag dina ngawangun harga diri urang, atawa sabaraha urang bisa hormat jeung cinta diri urang sorangan. Babaturan nu ngadukung urang bisa ngabantu urang ngarasa leuwih percaya diri ku cara méré pujian lamun urang teu yakin. namung hal eta berbalik jang urang nu pernah ngara yen babaturan malah nusuk tikukang hal eta mangrupakeun salah sahiji hal nu nyieun urang nyeselkeun yen boga salah milih babaturan.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "9577", "text": "Simon di umur 80 taunna parantos ngalaman seueur kajadian dina hirupna. Anjeunna pernah sakali nikah sarta geus gaduh budak nu sukses sarta hirup di luar negeri. Tapi, Simon kedah kaleungitan istri anu dipikacinta pisan sababaraha taun ka pengker. Saberes kaleungitan istrina, Simon ngarasa kasepian pisan jeung hayang manggihan batur-baturna nu dipikanyaah. Anjeunna sono pisan kana waktu-waktu nalika anjeunna tiasa guyonan sareng istrina, atanapi waktos anjeunna tiasa ngabagi carita sareng pikiran ka rerencanganna. Sanajan kitu, Simon teu bisa ngalakukeun loba hal sabab geus kolot teuing jeung teu siga keur ngora. Ayeuna, Simon cicing di panti jompo kusabab anjeunna henteu tiasa hirup sapertos biasa. Saban poe, Simon ngarasa sedih pisan jeung sono ka batur nu dipikanyaahna. Anjeunna teu tiasa bobo sareng sok ngarasa sepi ti peuting. Manehna oge ngarasa teu aya gunana jeung ngarasa teu dihargaan ku anak-anakna anu jarang nganjangan manehna. Manehna ngarasa teu boga tujuan hirup ku kaayaan ayeuna. Simon ngarasa sedih pisan hirup nyorangan dina waktos sepuhna.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "263", "text": "Lamun di sakola oge sok aya lomba-lomba, biasana diayakeun pas Open House. Tiap kelas ditandingkeun ngalawan kelasa lain. Sabab kelas urang IPS, biasana dina segi olahragana paling jagoan dibanding jeung IPA anu leuwih jago dibidang elmu. Harita pas maen mimiti urang jadi cadangan, da urang euweuh sapatu bola na, jadi gantian jeung pamaen sejen. Tiap tanding kelas urang lolos tuluy nepikeun ka final. Di final urang ngalawan jeung kelas IPS deui, ayeuna mah urang henteu jadi cadangan tapi maen ti menit awal ge. Urang make sapatu beureum meunang nginjeum ti kelas sejen. Hasil akhirna kelas urang meunang. Tina kameunangan eta, urang kabeh dibagi hadiah nu dibungkus ku kertas kado warna coklat. Pas dibuka eusina teh kaos warna hideung aya tulisan Open House, jeung dibere duit anu diamplopan warna bodas.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "6318", "text": "Jajanan pasar teh sok aya anu teu beresih dina proses nyieunna. Misalna makanan kue baseuh nu sok dijual di pasar tradisional. Tah nyieun na teh kapeung mah teu merhatikeun kaeresihan. Ngadonan na teh sok make leungeun nu teu disarung tanganan, bahan na ge kadang mah nu geus teu alus dicampureun jeung nu alus. Tah ieu teh bisa katingali jeung karasa tina aroma jeung rasa kuena. Jeung deuih lapak na teh sok teu ditutupan, jadi sok dilaleuran. Kue baseuh na teh sok dieuntreupan laleur, jeung nepi ka aya nu ngendog dina dahareun na. Hargana ge cenderung leuwih murah tibatan di tempat sejen.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "9261", "text": "Pangalaman basa kuring keur SMA, waktu harita diayakeun study tour kelas. Sakumaha biasana, dina ahir kagiatan sateuacan uwih, dokuméntasi ulah nepi ka kaliwat. Urang sadaya diparoto, sababaraha aya nu jeng babaturan sakelas, jeung babaturan ti geng nu sarua atawa duaan hungkul jeung sobat. Waktu éta kelas nu sejen rék motret di pinggiran lapangan. Teu disangka-sangka, ujug-ujug batur kuring lumpat, niatna mah ngajugjug ka kuring, tapi kusabab manehna rurusuhan, tungtungna manehna tisoledat. Sabenerna mah teu aya babaturan sakelas anu nyengseurikeun manehna, tapi manéhna masih ngarasa éra pisan. Sabab saréréa nyanghareup ka kaméra, tapi sobat kuring labuh di hareupeunana nu ahirna jadi pusat perhatian. Meureun nyerina mah teu pira, tapi éra nu teu bisa dipopohokeun.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "5129", "text": "Lulus ujian berkendara dina rangkaian nyieun SIM jadi salah sahiji kabanggaan masyarakat. Sabab, sarerea apal yen nyieun sim teh aya ujian tulis jeung ujian berkendarana. Tah nu paling hese na mah dina ujian berkendara sabab urang kudu lihai ngendalikeun kandaraan. Mun kaluar jalur atawa nyenggol pembatas leuwih ti tilu kali bisa dinyatakeun teu lulus ujian. Mun kandaraan na mobil, kudu bisa rupa-rupa parkir mobil. Mun teu tepat wae, oge bisa teu lulus. Tah mun teu lulus teh kudu ngulang deui di lain waktu. Mantak, mun bisa lulus ujian berkendara teh sarupa kabanggan tersendiri jang sabagian jalma. Mun urang lulus ujian berkendara teh bisa nuluykeun proses nyetak SIM. Jadi, lan hungkul atoh sabab isa naklukeun tantangan, tapi oge atoh bisa narima SIM nyalira.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "5236", "text": "Satiap jalma pasti perah ngalaman nu ngaranna kagagalan, entah eta dina aspek percintaan, aspek pendidikan, aspek ekonomi, jeung sajabana. Abdi pernah ngalaman kagaglan dina percintaan. Tos lima taun ngajalin hubungan tapi kedah kandas saat sababaraha minggon deui bade nikah. Harita, calon abdi tos sempet kabumi kangge ngalamar. Orang tuana ge dicandak, jeung alhamdulillah diwidian ku kedua belah pihak. Tos direncanakeun bulan pernikahanna. Tos disewa catering, jeung wedding organizerna. Undangan tos didesain jeung disetorkeun ka percetakan, sabulan kemudian siap disebarkeun. Ondangan tos disebarkeun ka tamu masing-masing, abdi jeung anjeuna. Tapi pas dua minggon deui bade akad, anjeunna kalah ngabatalkeun secara sapihak ku alesan nu teu puguh. Abdi sakulawarga ngarasa kecewa pisan, jeung ngarasa isin pisan ka warga nu tos nampi ondangannana. ", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "2550", "text": "Ngahina jalma nyaéta kalakuan anu hina, sareng Allah henteu resep éta. Sabab biasana jalma anu resep ngahina jeung ngageuing ka batur, nyaeta jalma anu sombong.\nSalian ti éta, ngahina téh mangrupa kalakuan anu bisa nganyenyeri batur. Samentara éta, Allah bener-bener benci ka jalma anu nganyenyeri jalma lian, utamana jalma anu nganyenyeri hiji muslim.\nRasulullah SAW ngadawuh,\n\"Ngahina hiji Muslim (Muslim) nyaéta kalakuan fasiq jeung maéhan anjeunna mangrupakeun kakufuran\". [HR. Muslim]\nTapi kiwari loba jalma anu ngahina, sanajan ieu dosa. Sareng dosa ageung ngantosan anjeunna nyandak anjeunna ka naraka.\nLangkung sae upami jalmi anu dihina atanapi dihina teu kedah males ka jalmi anu ngahina. Sabab, lamun aya nu ngahina ka urang, urang bakal meunang pahala.\nKeur kitu, urang teu kudu sedih lamun aya nu ngahaja ngahina jeung ngarendahkeun urang. Sabab, sabenerna éta jalma téh méré kado ka urang, nyaéta:\nAnjeunna masihan kahadéan (ganjaranana) ka urang.\nAllah ngahapus dosa-dosa urang tina hinaan anu urang kéngingkeun.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "2520", "text": "waktu kuring kelas 1 SMP di hiji sakola swasta di Jakarta. Abdi dipasihan kejutan ulang taun saatos sakola ku bapa, indung, dulur-dulur sareng ogé akina.\r\n\r\néta kejutan panungtungan kulawarga kuring kantos masihan kuring saméméh bapa kuring dibawa kabur ku awéwé séjén. Jaman kuring ti SMP nepi ka SMA, kuring teu deukeut jeung bapana sabab kuring trauma sabab babaturan sakelas kuring, babaturan sakelas, ngalaman shock nu gede dina kahirupan, nyaeta diperkosa ku bapa kandung sorangan, ti dinya kuring. sieun lalaki jeung sieun deukeut jeung bapa sorangan . Kuring mimiti ngurus sorangan jauh ti lalaki.\r\n\r\nsanggeus kuring kuliah di semester 2 kuring sadar yen kabagjaan geus lila leungit tina kahirupan kuring. kulawarga kuring geus teu bagja deui siga baheula. tapi nepi ka ayeuna urang silih kuatkeun sanajan tanpa bapana di sisi urang.\r\ncinta naon anu anjeun gaduh ayeuna sateuacan Allah nyandak nikmat anjeun, bapa", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "790", "text": "Ku sabab geus asup waktu libur, jadi geus ngarencanakeun rek liburan ka Jakarta. Geus siap sagala rupana, mulai ti kendaraan oge hotel nu bakal dimondokan salila dua poe. Ngahaja milih hotel teh di puseur kota ngarah bisa kamamana, jeung deukeut rek ka tempat-tempat rame ge. Harita keur hujan jadi teu bisa kamamana tuluy pesen ojek dahareun. Ku sabab keur rariweuh ngaluarkeun packing jeung bayarna cash jadi ku urang titipkeun duitna ka petugas satpam. Pengemudi driverna geus dibere nyaho yen aya tips jang manehna dititipkeun ka satpam. Tapi selang 30 menit teh, pengemudi ngeluh lantaran tips na teu diberekeun ku satpam. Urang langsung turun ka handap bari rek nyokot dahareun. tuluy nanya \"Pak, tipsna sudah di berikan?.\" Satpam jawab \"Sudah pak\" Urang langsung nembal \"Kenapa kata pengemudinya ga dikasihkan\". Satpam langsung cicing, tuluy duit tips eta ku urang dibawa deui.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "6048", "text": "Teu saeutik jalma nu sieun ningali anjing, sabab sok kainget mun anjing geus ngagonggong teh biasana sok tuluy ngudag. Tah, loba jalmi anu trauma sabab pernah diudag anjing. Komo mun anjingna anjing kampung mah, mun aya nu teu wawuh teh sok langsung diberik. Mantak kalap mun ngaliwat ka hareupeun na teh. Tuluy loba oge nu ngadangu kabar yen mun digegel anjing teh bakal aya potensi rabies. Tah hal eta nu mantak pang sieunna teh. Salian sieun diberik anjing, oge sieun digegel. Komo kan bagi muslim mah anjing teh air liurna mangrupakeun najid mugholadoh. Jadi teu sembarangan ngumbahna oge, kudu masing bener.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "1055", "text": "Ancaman bisa nyebabkeun karugian finansial ka jelema atawa organisasi lamun ancaman eta mibogaan dampak langsung kana kagiatan bisnis jeung duit. Siga ancaman penipuan, ancaman penipuan bisa nyebabkeun karugian finansial nu signifikan, utamana lamun urang salaku korban geus kagok mere informasi pribadi atawa rahasia nu bisa digunakeun ku pelaku penipuan jang ngakses rekening bank atawa kartu kredit. Ancamab pencurian oge bisa nyebabkeun karugian finansial nu gede, utamana lamun barang-barang berharga atawa duit tunai dipaok sacara langsung. Karugian finansial lantaran ancaman bisa mibogaan dampak serius kana kahirulan jelema atawa organisasi, jeung bisa ngabutuhkeun waktu oge sumber daya nu signifikan jang memulihkan deui kaayaan duit nu stabil.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "6839", "text": "Basa awal-awal kuliah abdi masih keneh nganggo tas anu tos dipake ti kelas hiji SMP. Modelna geus jadul, jaba seeur anu barolong jeung jamuran, tapi abdi kapaksa tetep make eta tas ku lantaran teu aya deui tas anu tiasa dipake. Alhamdulillah pas keur butuh-butuh na nuju aya simpenan artos kanggo meser tas anyar. Balik ti kampus abdi melok heula ka Eiger kanggo ningal tas anu diical di ditu. Abdi hoyong pisan ngangge tas anu teu badag teing tapi tiasa sagala asup. Pas keur ningal tas, abdi hoyong ka hiji tas anu lucu pisan warna na. Model na oge teu aneh-aneh jeung selempangna warna hideung.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "7266", "text": "Poe ieu abdi datang ka hiji bank kanggo muka rekening anyar lantaran hoyong pindah bank. Abdi datang ti isuk-isuk tapi lantaran ieu poe jumaah bank teh rame pisan ku nasabah. Abdi sabenerna teu apal naon wae anu kedah disiapkeun lantaran tos lami teu muka rekening deui. Pak satpam oge sararibuk ngalayanan nasabah anu sanes. Pas nuju bingung, jol aya nu nyampeurkeun teras miwarang abdi asup ka hiji ruangan. Abdi rada sieun sabab teu apal kedah ka mana, teras manehna nyebutkeun namina, abdi langsung inget yen manehna teh babaturan basa SD. Manehna teras langsung ngabantosan kuring lantaran manehna manajer di dinya.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "259", "text": "Pentingna organisasi jang mahasiswa, lantaran organisasi bisa mantuan mahasiswa jang mencapai peran anu diharepkeun ku masarakat. Aya kauntungan oge nu bisa dimeunangkeun lamun miluan organisasi, diantarana ningkatkeun elmu jeung wawasan. Lamun miluan organisasi bakal diajar ngeunaan loba hal, siga nyieun proposal, ngatur anggaran, neangan sponsor atawa donatur, jeung masih loba deui. Tuluy bisa ningkatkeun kamampuan sosial, sabab kagiatan organisasi teu ngan ukur dilakukeun di jero kampus hungkul tapi bakal panggih oge jueng masarakat luar dina rupa-rupa kagiatan, siga acara bakti sosial, penanggulangan bencana, pelatihan masarakat jeung masih loba deui. Nu terakhir bisa ngalegaan relasi, relasi eta lain ngan ukur jadi babaturan hungkul, tapi oge bisa silih mere informasi jeung pandangan anggota sejen, jadi bisa ningkatkeun wawasan oge.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "7324", "text": "Sadayana dimimitian nalika jarawat mucunghul dina bengeut, saha nu hoyong boga jarawat dina beungeut ? Pasti teu aya. Nalika kuring sakola, teu aya anu boga masalah sareng jarawat kuring. Tapi sagalana robah nalika kuring kuliah, kuring nu tadina cicing, hayang aktip dina dunya perkuliahan. Seeur batur anu ningal kuring tina jarawat anu seeur. Aya oge nu nyebutkeun yen kuring teh jalmi anu jorok, tara beberesih matak loba jerawat. Abdi nyeri hate pisan, padahal abdi unggal poe salalu ngawasuh bengeut. Basa carita ka kolot oge lainna didukung kalahkah beuki dipoyokan. Manehna ngarasa hoyong ambek jeung ngarasa keheul ka sadaya jalmi anu moyokan manehna. ", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "4074", "text": "Urang boga babaturan ngarana ica, ti leuleutik osok babarengan mun ulin. Unggal balik sakola SD pasti ulin ka sawah, jaman baheula mah sawah teh loba keneh dimana-mana. Keur baheula mah eweh pabrik di kampung urang teh, jadi sok ulin di sawah ngala simeut jeung emas-emasan. Urang sasakola, sapangajian jeung si ica, jadi unggal poe teh sok amprok. Pokona mah sok bareng nepika di sakola ge sabangku, salain eta urang ge sok ulin ka imahna. Di imahna urang sok milu dahar, indungna ge bageur. Ceuk dulurna mah urang teh ka asupna dulur jeung si ica, tapi teuing ti mana-manana mah. Pas lulus SD urang papisah jeung si ica, soalna si ica pasantrenan ka cianjur jadi SMP bari pasantrenan. Mun urang mah sakola di SMP negeri biasa nu aya di kampung urang, tah saengges eta urang sedih eweh batur ulin deui. Soalna si ica teh babaturan hiji-hijina, jelemana bageur jeung sok merhatikeun pas urang labuh ge si ica nu ngubaran.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "603", "text": "Di SMA urang teh ngahiji jeung pasantrenan, jadi sakapeung mah urang ge sok milu mondok di pasantren eta. Urang jeung babaturan geus biasa sok dititah pangnulakankeun panto Tata Usaha, sabab bisi acan dikonci da loba barang nu berharga di rohangan eta kaasup ngahiji jeung rohangan kepala sakola. Urang indit teh tiluan jeung si Asep oge Viky. Harita cuacana mendung jadi pas peuting teh beuki poek. Ari inditna mah lancar, tapi pas rek balik urang salarea ninggali jurig di tempat administrasi, eta jurig make jubah bodas jeung anehna sakapeung ngaleungit tapi langsung aya deui di tempat sejen. Atuh urang buru-buru ngoncina, ari si Asep mah kalakah ngarekam sosok jurig eta. Tidinya urang langsung lalumpatan bari si Asep mah tetep ngarekam make HP.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "351", "text": "Basa urang tinggal jeung nini urang, sakapeung urang sok kabur ka tempat maen PS. Nepikeun ka susulumputan lamun rek ka tempatna teh. Posisi tempat PS jeung imah nini urang teh pahareup-hareup jadi urang kudu muter heula ngameh teu katingalieun ku nini urang. Eta ge sababaraha kali urang kapergok jeung dicarekan, tapi urang teu nurut jeung tuluy ngalakukeun deui. Urang sadar geus nguciwakeun nini urang nu kuduna tiap waktu aya anjeunna jeung maturan di imahna kalakah kabur maen PS. Nepikeun ka nini urang tilar dunya, urang can sempet ngucapkeun menta hampura sabab ku ka noyodan urang. Jeung urang teu nurut kana kata-kata nini urang.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "6958", "text": "Akhir kelas dua belas SMA abdi tos mulai nyiapkeun kanggo miluan tes SBMPTN. Abdi ti mimiti geus nganggap SBMPTN teh hese pisan, pokona mah kedah dipersiapkeun pisan lantaran aya ratusan rebu peserta anu bakal miluan ngaperebutkeun korsi di perguruan tinggi. Ngadangu carita kaka kelas anu seeur teu lulus di SBMPTN oge ngajadikeun abdi tos ngarasa merod jeung eleh sateuacan dimulai. Tapi abdi tetep nyiapkeun sabisa kuring, utamana di palajaran matematika anu janten kalemahan kuring. Tapi di tengah persiapa SBMPTN abdi kaasup salah sahiji siswa anu meunang daptar SNMPTN, hal ieu ngajadikeun abdi anu ti awal ngarasa SBMPTN hese beuki teu serius nyiapkeun SBMPTN. Pas pengumuman SNMPTN abdi dinyatakeun teu lulus. ", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "8927", "text": "Pernah jaman kuring keur SMP, kuring balik ti nganjang ka nini kuring nu keur gering di rumah sakit peuting-peuting. Basa kuring turun make lift, si lift teh ujug-ujug pareum, lampuna oge ujug-ujug pareum, jadi kuring sorangan dina lift anu poék. Sieun pisan waktos éta teh, kuring henteu terang naon anu kedah dilakukeun di ruangan anu poék nyalira. Napas kuring ogé ngadadak jadi sesek. Kuring nyobaan ameh teu panik, ujug-ujug mikir nelepon indung kuring nu aya di kamar nini. Kira-kira 10 menit ngadagoan, lampu lift ujug-ujug hurung deui, jeung lift jalan deui. Saprak harita kuring sieun naek lift, sarta leuwih resep naek tangga darurat sanajan jalanna jauh jeung capé.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "3017", "text": "Sapertos kasieun naon waé, salah sahijina sieun di tempat anyar'. Antukna, sanajan éta dipigawé dina leutik, léngkah leutik, urang sadayana kedah leumpang ngaliwatan takwa urang saméméh urang bisa bébas tina aranjeunna. Nalika kuring umurna 19 (sataun katukang) kuring nyanghareupan kasieun anu ageung pikeun parobihan. Sabenerna, kuring Nyanghareupan sieun profound sacara umum.\r\nJanten kuring milih ngalakukeun hal anu terakhir anu kuring kantos bayangkeun - mikir yén unggal usaha sanés anu bakal kuring hadapi saatos éta bakal langkung gampang, sabab kuring parantos ngalakukeun anu paling hese.\r\nAyeuna, ieu damel pikeun kuring. Kuring tungtungna mayar harga anu langkung luhur pikeun pangalaman anu kuring bayangkeun - tapi kuring leres-leres henteu kuciwa. Kawani anu ku kuring dipésér ku pangalaman éta henteu ternilai, sareng kuring leres-leres bakal ngalakukeun deui pikeun alesan anu sami. parobahan ieu salaku tantangan ti mana anjeun bakal tumuwuh.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "675", "text": "Desi teh babaturan satongkrongan pas keur SMA, manehna hiji-hijina awewe nu sok gabung jeung lalaki. Tapi sanajan kitu, babaturan lalaki nu jumlahna opat tara ngakukumaha, malah mah sok dijaga atawa dianteurkeun pas balik. Tapi kaayaan mulai robah pas Desi boga kabogoh anyar, nyaeta lanceuk tingkat kelas nu tereh lulus. Aya kana dua bulanan maranehna ngajalankeun kisah percintaan, pas si Desi nongkrong teu biasa manehna murung. Ditanya \"Aya masalah naon, Des?\" Desi ngajawab lalaunan, \"urang hayang jujur, tapi maneh tong ambeuk ka urang atawa ngajauhan urang\". \"Heeh, kunaon?\". Desi ngajawab \"urang hamil\". Saharita kabeh reuwas teu disangka-sangka si Desi nu salila ieu dijagaan teh kalakah akhirna kitu. Nya ari geus kitu mah maneh kudu tanggung jawab, omat eta janin ulah digugurkeun, karunya, da kahayang saha atuh kieu teh? Ucap Yanto, salah sahiji lalaki ditongkrongan.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "5530", "text": "Cara mere surprise ulang taun ka babaturan supaya ulah kanyahoan jeung berkesan pisan. Mimiti, siapkeun heula hadiahna tuluy bungkus samenarik mungkin. Bere hadiah nu kira-kira dibutuhkeun pisan ku babaturan, tong poho siapkeun oge kue ulang taun jeung lilinna. Nu kadua nyaeta setel alarm jam satengah dua belas peuting. Tong poho setel alarm na samemeh jam dua belas peuting supaya pas waktuna. Nu katilu nyaeta sampeurkeun ka kamarna jam dua belas kurang, supaya jam dua belas pas teh bisa tiup lilin. Tos kitu mah tinggal ketok we kamarna tuluy bere surprise jeung hadiahna. Tong hilap dokumentasina popotoan bareng jeung ngobril-ngobrol heula. ", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "5552", "text": "Prank teh jadi salah sahiji trend anu loba pisan dilakukeun. Malahan prank teh geus rupa-rupa ayeuna mah. Tah dina ngalaukeun nana, kudu sing asak perencanaan na, ulah nepi ka ngabahayakeun nyawa jelema atawa ngarugikeun pihak tetentu. Teu saeutik nu ngeprank teh malah ngabahayakeun nyawa sabab ailan na kaliwat teuing. Misalna prank dina kolam renang nu jero, bahaya mun dilaukeun ka korban nu teu bisa ngojay. Kitu oge misalna ngalakukeun prank di jalan raya, eta teh hal nu kacida bahayana, lan hungkul kanu ngalakukeun, tapi oge ka batur nu aya didinya. Ku kituna, lamun rek ngeprank teh kudu sing asak perencanaan na jeung siapkeun sagalana ulah nepi ka aya nu dirugikeun komo ngabahayakeun.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "3369", "text": "Saparantos divisi ngawartosan aya dinten libur, N bagja pisan sabab bade istirahat ngadangukeun bullying ti rerencanganna. Teu karasa manéhna kudu asup sakola mimiti kelas 8, waktu kelas 8 babaturanana seuri jeung bullied manéhna kawas saméméhna.\n\nTingkat bullying beuki luhur sahingga teu ukur babaturan sakelas jeung babaturan sakelasna ogé milu, malah underclass awon oge bullied. Éta mangrupikeun tés anu sesah pikeun N, bullying henteu ngan ukur ngeunaan fisik sareng kamampuanna tapi langkung ti éta. di sakola sok di jieun era kuring teh.\n\nAya rekrutmen pengurus OSIS N anu wani ngiluan seleksi tapi teu lulus, aya batur sakelas di kelasna cenah beda jeung lanceukna, pinter jadi pantes jadi murid. pangurus déwan. Naon alesan anjeun pikeun gabung ieu, naon kaunggulan anjeun? Euweuh nu diturunkeun acan, Kaka kelas ngajadikeun ieu haté nyeri sidik.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "7586", "text": "Kanggo sababaraha jalmi, anjing mangrupakeun sato anu pikasieuneun pisan lantaran sok ngudag jalmi tanpa alesan. Abdi oge kantos sababaraha kali diudag ku anjing, tapi untungna teu pernah nepika digegel atawa dicakar ku anjing. Anjing sok ngudag jelema biasana kanggo pertahanan diri manehna lantaran ngarasa kaancem atawa lantaran ngalindungan anu bogana, soalna rata-rata anjing mah satia ka majikanna. Janten manehna bakal ngalakukeun sagala cara pikeun ngalindungan majikanna, kaasup nyerang jalmi anu dianggep ngaganggu majikanna. Lamun urang diudag ku anjing, urang ulah lumpat, manehna bakal beuki ngudag, cukup cicing jeung balikkeun awak urang ulah nyanghareupan anjing. Ulah ningalikeun panon anjingna lantaran manehna bakal ngarasa diancem. ", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "7518", "text": "Usum liburan seeur pisan jalmi anu ulin ka water boom, komo di caket imah abdi aya water boom anyar anu nembe dibuka jeung aya promo. Pas abdi datang kaditu teh pinuh pisan jalmi, kolamna oge pinuh ku jalmi, tuluy abdi ningal aya budak anu kalelep di kolam kanggo urang dewasa, sabenerna mah budak leutik teu meunang cicing di dinya lantaran bahaya, lamun bade ka dinya oge kedah dibaturan ku urang dewasa jeung kedah make palampung. Pas ningal aya budak anu tilelep, adi abdi teu jadi hoyong renang, komo patugasna oge sakedik janten teu tiasa ningal sadaya jalmi jeung teu tiasa nyalametkeun seeur jalmi lamun aya nanaon. ", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "7880", "text": "Lantaran teu acan nyeseuh kaos kaki abdi kapaksa nganggo deui kaos kaki anu geus dipake saminggon di sakola. Abdi sabenerna geus nyadar yen kaos kaki abdi teh bau, tapi da kumaha deui, piraku ka sakola teu make kaos kaki pasti engke bakal disetrap ku guru. Janten abdi wayahna nganggo kaos kaki anu hiji-hijina deui anu garing keneh. Pas abdi balik ti sakola abdi langsung sapertos biasana muka sapatu jeung kaos kaki. Pas abdi nuju emam sareng kulawargi aranjeunna langsung paada nutup hirung lantaran bau suku, abdi langsung ngambeu suku sorangan tuluy nyadar yen abdi sukuna bau. Abdi langsung buru-buru ngumbah suku lantaran bau pisan. ", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "4072", "text": "Mun nempo diri urang ka tukang anu elehan pisan ku jelema, rasana urang ngahanjakalkeun hirup. Kuduna urang tinggalkeun jelema anu ko kitu, malah ayeuna mah urang asa mending teu boga babaturan. Dari pada Boga babaturan tapi kos kitu kabeh eweh nu bener, eta urang ti leuleutik sok amprok wae jelema anu garoreng hate. Asa ku bosen nepika gede ayeuna ge amprok deui, tah mun ayeuna mah di sebutna orang toxic ceunah. Sabisa mungkin urang kudu ngajauhkeun jelema nu kos kitu di hirup urang, sabab hirup teh lain tentang kasedihan anu teu berarti. Urang kudu bisa ngalawan rasa ka sieun ku jelema, kudu wanian ulah teu ngeunahan wae, da batur ge moal tangtu nyaho perasaan urang. ", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "612", "text": "Pas dibuka kado wisuda pamere ti dulur, anu dibungkusna teh kertas kado warna biru. Awalna mah urang teu nyangka eusina bakal naon, mentok-mentok dibere jam tangan. Tapi ninggali dina bungkusan luarna mah siga Smartphone. Apek teh bener weh pas dibuka bungkusna jeung disoekkeun beneran Smartphone. Siga aya gulugug di tengah poe, urang reuwas. Sabab harita dibukana langsung dihareupeun nu merena, urang nanya beneran ieu teh. Tuluy pas dibuka bungkus Smartphone anu warna bodas, langsung katinggali wujud Smartphone na. Sabenerna mah geus apal tipena sabab dina bungkusan luarna ge geus aya tulisan jenis Smartphone naon oge tipena. Warnana mah hideung tapi aksesoris siga casan jeung headset mah warna na bodas.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "6293", "text": "Mun jajan di warung nu diladangan na ku nini-nini teh abdi mah sok rada geuleuh. Contona basa eta keur abdi meuli lotek ka Mak Ipah. Abdi ngarasa jiji pisan sabab pas ngaladangan lotek teh misahkeun kertas nasina make curuk nu diletak. Tuluy teu kukumbah leungeun deui teh ngaladangan bahan lotekeun. Geus baang jadi lotekna teh, eh diasaan heula make leungeunna, teu kukumbah deui. Abdi meuni geus seueul pisan ningalina. Tapi da kagok geus mesen. Tuluy pas ngangsulan duitna teh misahkeun jeung ngitung duitna make curuk nu diciduhan saeutik. Ih abdi meuni geus hoream ningalina ge, kaduhung mesen lotek didieu, tapi da karunya nu dagangna nini-nini.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "8506", "text": "Ieu sababaraha cara pikeun ngatasi rasa era nalika angkat ka jamban anu salah. Emut yen kasalahan anu umum sareng tiasa kajantenan ka saha we. Ulah jadi teuas dina diri jeung cobaan pikeun nempo kasalahan salaku hal nu teu perlu digedekeun. Coba teu mikir ngeunaan respon batur. Batur bisa jadi teu paduli atawa malah perhatikeun kasalahan anjeun. Atur mood sareng coba tetep tenang. Nyokot napas jero tur bersantai samemeh asup ka WC bener. Upami anjeun ngarasa isin pisan, coba ngobrol sareng jalma anu anjeun percanten sareng bagikeun kumaha parasaan anjeun ka aranjeunna. Ieu tiasa ngabantosan anjeun ngarasa langkung sae sareng ngaleungitkeun tekanan. Usaha pikeun ngarawat diri anjeun sareng ngahormatan diri anjeun. Emut yen anjeun mangrupikeun jalma anu khusus sareng hargana, sareng kasalahan nalika angkat ka jamban moal mangaruhan harga diri anjeun salaku individu.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "8555", "text": "Nyokot irung teh lumrah jeung lumrah pikeun awak urang, tapi sabagian jalma ngarasa era jeung era lamun katewak nyokot irung sabab aya pandangan negatif di masarakat ngeunaan kabiasaan ieu. Masarakat sering nganggap kabiasaan ieu najis atanapi henteu sopan. Nalika aya anu katewak irungna, aranjeunna bakal ngarasa era sareng dihina sabab ngarasa dianggap jalma anu henteu merhatikeun tatakrama sareng tatakrama. Bisa jadi maranéhna ngarasa yen batur bakal nempo aranjeunna dina lampu negatip sarta ngarasa kurangna kapercayaan tur ngarareunah. Dina raraga nungkulan rasa isin jeung isin sanggeus bray picking irung, urang kudu ngarti yen eta normal tur lumrah mun nyokot irung hiji. Eta oge kedah percanten ka dirina sareng kirang merhatikeun naon anu dipikirkeun ku batur.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "6824", "text": "Basa SMA. Aya anu namina Ujian Nasional (UN). Baheula mah UN teh janten syarat kanggo asup ka perguan tinggi. Tapi ayeuna mah UN teh ngan saukur ujian akhir hungkul kanggo siswa SMA. Di taun 2018 mah siswa teh tiasa milih salah sahiji mata pelajaran pilihan, saluyu jeung jurusan anu dipilih. Aya soshum, aya saintek. Abdi milih Sosiologi kanggo mata pelajaran pilihan na. Pas kalulusan aya bewara siswa anu nilai UN na pang alusna di SMA, dibewarakeun di hareupeun sadaya siswa jeung para sepuh di sakola. Abdi teu nyangka, nilai Sosiologi jeung Bahasa Indonesia abdi tiasa nyalametkeun nilai Matematika abdi anu alit.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "2067", "text": "Sakali, tina loba giveaway nu ku kuring diiluan, ngan meunang 1 :'), give away diayakeun ku pausahaan motor jeung dina rangka natal taun kamari, waktu harita aya 5 hadiah keur 5 nu meunang, jeung jam tangan pinter nu jadi hadiah utama kalawan harga anu lumayan, dina give away para peserta dititah nyieun sajak numutkeun tema pausahaan, kuring oge dipikiran saenggeus nyieun puisi anu unik sabisa-bisa, nepi ka poe pengumuman datang jeung nami abdi di antara 5 pamenang, abdi ngarasa bagja pisan, sabab éta kahiji kalina kuring bisa meunang hiji masihan sanggeus sababaraha kali nyoba haha, jeung nu meunangna dititah datang ka parusahaan, nalika kuring nepi ka dinya, abdi dipapag sareng dititah milih 5 kotak misteri anu ngandung hadiah, kuring ogé milih sareng ngagaduhan jam tangan pinter :) , kuring bagja pisan waktos éta, tapi kumaha nasib jam tangan pinter ayeuna, barang ieu aya di gudang, kuring henteu make eta, sabab kuring ngarasa nyaman lamun kuring pake nanaon dina pigeulang :)", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "4417", "text": "Ternyata aya loba alesananu ngajieun urang jadi osok ambek abekan teu jelas salah sahijina nyaeta lamun urang kabiasaan ambek ambekan lumangsung tanpa alesan ku kituna anjeun hayang menyakiti batur, Anjeun kudu sadar gangguan emosi. Anu ngabalukarkeun keluhan bisa lumangsung alatan ngalaman setres, gangguan temperament, lajeng ngalaman gangguan psychotic, jeung saterusna. Sanajan kitu, ieu teu bisa dikonfirmasi ku pedaran ringkes keluhan nyalira. Diperlukeun pamariksaan satuluyna patali jeung pangaduan anu kudu ditalungtik tina ngalaksanakeun wawancara keluhan jeung pamariksaan status mental. Janten langkung sae pikeun langsung mastikeun kaayaan anu dirasakeun ku ngalaksanakeun pamariksaan ka psikolog atanapi psikiater supados kondisina tiasa dipastikeun sareng sateuacan kaayaan parah. Samentara eta, anjeun kedah tiasa nahan emosi anjeun heula, teras pikirkeun epek anu bakal timbul sateuacan ngalakukeun hiji hal sjeung saterasna. ", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "2889", "text": "Jalma anu resep bullying dasarna lemah, sarta eta sieun yén palaku boga gering méntal.\r\nKawani-wani ngan ukur tina kecap, matak kurang ajar, tangtu jeung golongan, jeung selektif milih korban anu pasti lemah.\r\nPikeun korban bullying, kudu wani jeung nyanghareupan palaku. Sieun bakal ngajantenkeun anjeun langkung hese pikeun tumuwuh, sareng éta pasti bakal nyiksa anjeun.\r\nSakaligus ku ngajajah maksimal bakat sareng kakuatan anjeun.\r\nPikeun jalma anu henteu sadar ngalakukeun tindakan bullying di kulawarga (ieu mangrupikeun hal anu ageung anu teu tiasa dideteksi tapi jelas mangaruhan mental korban), sadar yén unggal jalma ngagaduhan kamampuan anu béda.\r\nNarima kalemahan anggota kulawarga anjeun, sareng ogé poténsi bakat sareng kaunggulan.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "2487", "text": "Kuring pernah tepang basa keur meuli buah seger di warung buah bari keur asik milih-milih, ternyata di tukangeun kuring aya lalaki nu beungeutna dalit, wah, ternyata babaturan kuring ti SMP. Ahirna urang sasalaman bari nanya kumaha daramang, dimana ayeuna, keur naon, jeung sajabana. Maklum, ti saprak lulus SMP, kuring mutuskeun neruskeun SMA di Trenggalek jeung neruskeun sakola di Jogja. Ku kituna, carita kuring jeung babaturan SMP, kuring teu boga waktu pikeun ngobrol panjang lebar sabab kuring ogé rusuh. Oh enya, kajadian di Indragiri Hulu, Riau waktu kuring balik ka imah. Teras saatos éta, ujug-ujug aya awéwé narik kuring sareng langsung nangkeup kuring. Tétéla éta sobat SMP! Anjeunna janten salah sahiji pasukan pulisi, anjeunna ngagaduhan bawahan! (Manehna mah lulusan sakola pulisi nu butuh waktu 4 taun nepi ka lulus, cenah mah pas lulus teu ngamimitian ti nu panghandapna. Meureun didinya geus naek pangkat deui sabab sababaraha taun sanggeus lulus). Sareng éta carita anu aranjeunna tuang. Lajeng anjeunna nyarios, \"perkenalkeun sobat abdi, ieu téh sobat paling genius di sakola!\".", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "1054", "text": "Harita basa keur rame-ramena ojeg online, urang oge miluan daftar. Tapi sabab ojeg online teu ditarima kaayaanna ku ojeg pangkalan sabab geus nyokot pagawean maranehanana. Nepikeun di sababaraha tempat mah aya zona beureum, nu artina eta teh wilayah nu bahaya sabab loba ojeg pangkalan nu keur mangkal. Lantaran teu nyaho titik-titik mana wae nu zona merah, pas rek nganteurkeun costumer urang dicegat ku ojeg pangkalan nepikeun ka digulung. Urang sieun tuluy bari pupuntenan da teu apal ieu zona beureum wilayah ojeg pangkalan. Tuluy maranehna ngancam mun urang ka daerah eta deui bakal aya konsekuensina, ku sabab diancam kitu, urang tara nyokot orderan nu ka arah dinya da sieun panggih deui jeung ojeg pangkalan eta.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "8462", "text": "Ngabersihkeun sampah mangrupikeun wujud kapedulian urang pikeun lingkungan sareng masarakat. Ku cara ngabersihkeun sampah, urang tiasa ngabantosan ngajaga kaendahan sareng kabersihan lingkungan urang. Ngabersihkeun sampah mangrupikeun bentuk perhatian urang pikeun masa depan sareng kelestarian lingkungan. Ku gawe babarengan pikeun ngabersihkeun runtah, urang tiasa ngajantenkeun lingkungan urang langkung bersih sareng séhat. Ngabersihan sampah mangrupikeun cara anu sederhana tapi efektif pikeun ngabantosan lingkungan sareng masarakat urang. Urang babarengan tiasa ngajantenkeun lingkungan ieu langkung bersih sareng hejo. Ngabersihkeun sampah sanes hal anu matak era, tapi mangrupikeun hal anu patut dilakukeun. Hayu urang ngolah runtah kalayan leres sareng hormat ka lingkungan di sabudeureun urang.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "7499", "text": "Biasana budak anu dijailan ku rerencanganna di sakola teh teu pernah wani nyarita ka kolotna, komo deui nyarita ka guruna lantaran lainna ngabereskeun masalah, budak nu ngalapor eta kalahkah beuki dijailan ku rerencanganna pedah disebut tukang ngadu ka guru. Matak teu heran amun aya murid anu disiksa ku babaturanna teh biasana nyanghareupan kasieun sosorangannan lantaran teu apal kedah lapor ka saha. Rerencangan anu sanesna oge ngan tiasa ningalikeun hungkul lantaran rek ngalawan oge sieun, komo lamun ngalaporkeun, pasti bakalan miluan disiksa oge ku tukang nyiksa eta. Jadi we si tukang nyiksa teh beuki resep nyiksa batur jeung beuki ngarasa manehna boga kawasa. ", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "654", "text": "Panggih jeung babaturan heubeul teh antara reuwas jeung bungah. Tapi ceuk urang mah kieu, sabab tiap jelema teh boga memori atawa ingetan anu beda-beda, jadi sakapeung mah sok poho. Alusna mun urang panggih jeung babaturan lila teh ditanya, diajak ngobrol. Ulah nepikeun ka boga argumen sabab urang teu nanya tiheula, di cap sombong. Soalna kaalaman ku urang, lantaran urang teu inget ka manehanana ku sabab pangling. Tuluy manehanana ninggali urang bari teu nyapa jeung ngawanohkeun sorangan. Jadina pan urang ge teu wanoh. Tuluy manehanana kalakah ngomongkeun urang yen urang teh sombong sabab teu nanya ka manehanana. Padahal pan lain kitu, ku sabab urang geus poho jadi urang teu nanya. Kuduna mah manehna nu nyapa tiheula ngameh urang inget.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "5165", "text": "Basa libur semester, Roki kenging kasempetan liburan ka Pulau Seribu. Roki kaditu sareng rekanan organisasina kangge diajar nyelam. Di Pulau Seribu, Roki unggal poe diajar nyelam di sababaraha spot diving nu memang jadi andalan ti ieu tempat. Tah, instruktur nyelamna teh kaleresan gaduh rumah di pulau ieu, janten asa sareng tuan rumah we. Unggal hanjat beres nyelam, Roki tuang bareng jeung instrukturna. Eta susuguhna teh meuni kacida enakna, sagala rupa hidangan laut teh aya, ti nu kekerangan dugi ka lobster nu hargana awis pisan. Eta mah sanes bobodoan, unggal poe teh sajianna nu kitu. Wah Roki mah kalap da karesepna nuang seafood, janten asa mangpang-meungpeung Ah pokokna mah liburan ieu teh nu paling ngabungahjeun jang Roki mah.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "777", "text": "Awalna mah pas dijieun tim gawe nu asalna ti rupa-rupa daerah, urang salaku orang Sunda ngan aya hiji-hijina. Tuluy aya babaturan nu satim teh embung satim jeung urang, manehanana hayang pindah. Matak bebeja ka leader supaya manehna bisa ganti tim ngameh teu satim jeung urang. Ceuk manehanana mah pedah urang teh orang Sunda, biasana mah cenah orang Sunda teh lelet, males, jeung teu disiplin. \"Emang kabeh orang Sunda dicap kitu? Ah henteu oge, urang rajin, teu males, jeung bisa tepat waktu\" ceuk urang teh. \"Ulah mukul rata yen kabeh jelema di hiji daerah mibogaan sipat nu sarua, da jelema teh mibogaan otak nu beda, kitu oge jeung paripolahna beda-beda!\"", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "344", "text": "Basa harita ditolak ku LPDP, urang ngarasa sedih pisan. Sabab ninggali perjuangan urang bebelaan ngaluarkeun tanaga, waktu, materi, jeung pikiran. Tanaga nu kapake tangtuna teu saeutik, urang bulak-balik daftar itu ieu ngameh bisa ngalengkepan administrasi. Materi nu dikaluarkeun oge teu saeutik, komo deui urang harita can boga gawean tetep. Siga kudu daftar TOEFL nu teu saeutik biayana. PIkiran oge sarua diperes, unggal poe diajar nyiapkeun itu ieu, nepikeun ka latihan-latihan soal jang tes akademik, tuluy miluan discord jang latihan wawancara. Tangtuna kudu ngaluarkeun waktu nu gede jeung pikiran anu gede oge. Tapi urang pribadi teu ngarasa eta sia-sia, sabab pangalaman nu ku urang meunangkeun salila proses seleksi ngajadikeun urang jelema nu leuwih siap nyanghareupan perkara eta deui.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "6381", "text": "Raka teh sok sakapeung mah ngabales hal nu goreng nu dilakukeun batur ka manehna. Pernah harita sakali waktu, Raka teh ngajailan barang-barang kantor nu babaturan nana, sabab bareto ge babaturan nana ngalakukeun hal kitu ka Raka. Pas keur ngoprek barang babaturan nana, aya batur nu ngaliwat, tuluy nanya Raka keur naon didinya. Raka ngajawab bari bohng yen anjeunna teh keur neangan barang dititah ku babaturan nana sabab kamari tinggaleun. Tah geus batur indit mah Raka teh buru-buru we balik deui da sieuneun kapergok deui. Bari rada era teh tadi da bisi batur curigaeun ka kalakuan Raka tadi di meja batur.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "6355", "text": "Keur waktu istirahat teh, Lena ngahaja emam bekel di kelas bari heureuy jeung babaturan nana di meja anjeunna. Geus beres emam, tuluy seuseurian jeung baturna nepi ka teu eureun-eureun. Tuluy Lena ngajailan babaturan nu dihareupeun mejana. Pas keur rek diuk, blek we labas ka handap sabab korsina didudut ku babaturan nana. Awakna ka handap, sukuna kana luhur meja. Awakna nilep sabab kapentok jeung tembok. Untungna teu kunanaon, ngan sora pak gebrug hungkul. Barang labuh teh kabeh babaturanna nyeungseurikeun bari mupuas, sabab eta ganjaran nu sok jail mah, dijailan deui ku batur. Lena tuluy hudang deui bari rada muringis da nyeuri bujurna.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "3333", "text": "Numutkeun kana panilitian, aya langkung ti 300 jinis virus, baktéri, sareng rupa-rupa parasit anu nempel dina awak laleur, sareng ieu tiasa nyababkeun masalah kaséhatan. Jadi sanajan ngan ukur laleur anu ngadep di dinya, lain ngagimbung laleur, éta cukup pikeun nyieun kadaharanana kacemar. Contona baktéri e.coli, helicobacter pylori, salmonella, virus hepatitis A jeung rotavirus. Laleur sering darat di tempat anu kotor sareng mawa kuman. Lamun daratang sakeudeung can dahar, tapi beuki lila beuki bahaya, jadi leuwih hade ulah kamana-mana lamun geus kaserang ku laleur. Sababaraha conto kuman nu laleur mawa nalika aranjeunna eureun ku piring dahar beurang anjeun ngawengku: E. colli. Helicobacter pylori. Salmonella. Rotavirus. Virus Hépatitis A. Organisasi Kaséhatan Dunia (WHO) ogé nyatakeun yén aya seueur panyakit anu disababkeun ku kadaharan anu kainfeksi laleur, sapertos: Disentri, Diare, Demam Typhoid atanapi Typhus, Kolera, Inféksi Panon, Inféksi Kulit.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "326", "text": "Kagagalan teh dinamika kahirupan. Lamun urang lurus-lurus wae euweuh hambatan, pasti bakal ngarasa monoton. Orang sukses ge pasti geus ngalaman kagagalan berkali-kali. Tapi bisa ngaliwatan kagagalan eta. Aya cara-carana supaya bisa nyikapan hiji hal ngeunaan kagagalan. Nu kahiji, ngaluapkeun kabeh perasaan. Bisa dicaritakeun kabeh perasaan sedih, keuheul, jeung kuciwa ka kulawarga atawa babaturan nu dipercaya. Sabab lamun diantep sorangan, lila kalilaan bisa numpuk. Nu kadua, mimiti diajar narima da henteu kabeh hal nu dipikahayang teh bisa kawujudkeun. Nu katilu, teangan hikmah dibalik kagagalan. Pasti naon wae nu kajadian mibogaan hikmah nu bisa dipetik. Nu terakhir, balik deui berusaha. Teangan tujuan anyar, tuluy balik deui jang berusaha ngameunangkeunna.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "8424", "text": "Toilet mangrupikeun tempat anu kedah dibersihkeun sacara teratur. Tapi loba jalma anu ngarasa jijik pikeun meresihan wc sabab kotor jeung kotor. Di dieu aya sababaraha tips pikeun nungkulan geuleuh dina tetempoan toilet kotor. Fokuskeun kana tugas anu dipilampah, sapertos ngabersihkeun jamban, sareng ulah mikiran hal-hal anu nyababkeun parasaan jijik. Make sarung tangan sareng topeng tiasa ngabantosan ngirangan resiko paparan bakteri sareng kuman nalika ngabersihkeun jamban. Nginum seueur cai sateuacan sareng saatos ngabersihkeun jamban tiasa ngabantosan anjeun tetep séhat sareng ngaleungitkeun parasaan geuleuh. Fokus kana hasil ahir, nyaeta gaduh wc anu bersih sareng higienis, sareng mikiran positip ngeunaan tugas anu dipiharep. Lamun rasa jijik pisan kuat, menta babaturan atawa anggota kulawarga pikeun mantuan meresihan WC. Ngurangan rasa jijik ku rutin ngabersihkeun sareng ngajaga jamban beresih sareng higienis.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "4070", "text": "Nini urang maot ku sabab urang pas gawe di rumah sakit beunang virus corona, tapi urang teu sadar bahwa urang mawa virus ka imah, ku sabab mimitina mah teu karasa nanaon. Terus urang pan di imah emang ngurusanan nini anu geuring stroke, jadi nya pas can karasa bahwa urg beunang virus covid unggal poe saperti biasa urang ngajalanan rutinitas ngurusanan nini jiga ngamandian, nyuapan, ngajak ngobrol jeung mencetan. Nyahona mah meren si virus anu di diri urang teh nular ka nini, teuing emang geus takdir apa kumaha nu pasti urang hanjakal teu swab unggal poe. Jadina teu ka nyahoan bahwa urang beunang virus corona, tapi da sok aya jelema positif covid nu eweh gejala nanaon. ", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "7306", "text": "Panimuan harta karun di sawah di Desa Wonoboyo nyeiun masarakat panasaran ku harta karun eta lantaran di jaman ayeuna harta karun tos hese dipanggihan. Dina panimuan dua kendi anu kapanggih, unggal kendi diperkirakeun beuratna nepi keun dalapan kilo gram. Basa eta sabudeureun lokasi panimuan kendi nepi ka balai desa pinuh ku jalma anu hayang ningali harta karun. Numutkeun kana keterangan ti Widodo, salah sahiji jalmi anu manggihan kendi, di bale desa, warga henteu diijinan asup ka jero sareng ngan ukur tiasa ningali tina kaca. Pas digebug ku pacul, kendi tina keramik eta masih keneh teu bisa dibuka. Tungtungna kudu dibongkar sanggeus dipanaskeun make las. ", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "774", "text": "Pas keur rame isu terorisme di Indonesia, nepikeun nu mawa kantong jeung janggotan ditambah make calana cingkrang dijadikeun acuan bahwa jelema eta teh teroris. Ieu kaalaman ku urang sorangan pas rek asup ka salah sahiji mall jeung babaturan. Pas babaturan asup mah manehna teu dipariksa make kantong oge. Pas giliran urang, kakara dipariksa, kantong kudu dibukaan, dikaratakan. Naha pedah urang aya jenggotan? Nepikeun ka sieunna ka lalaki nu aya jenggotan? Urang geus kasinggung, nepikeun rek asup ka mall ge geus teu hayang, ceuk urang mah ieu SARA. Saolah-olah nu jenggotan teh kabeh teroris, padahal teroris mah lain ditinggali tina jenggot, tapi pemahaman.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "6272", "text": "Salah sahiji hal nu paling pikageuleuheun teh nyaeta ayana tai kotok. Mun di lembur mah unggal imah teh sok biasana ngingu hayam kampung nu sok diabur. Mun diabur teh biasana kalah kiceun tai kotok sambarangan, salah sahijina di teras imah. Mun geus miceun di teras imah teh sok kesel pisan sabab bangga ngaberesihan nana. Komo mun geus miceunna kana sendal teh, sok hayang pisan meuncit eta hayam. Soalna mun aya tai kotok dina teras teh sok teu katingali, tuluy sok katincak we. Kadang mah nincak na ge nepi ka tiseureuleu da leueur. Emang ngabahayakeun pisan si tai kotok di teras teh.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "6371", "text": "Biasana kembaran baju di salah sahiji tempat jeung jalma nu teu dipikawawuh teh sok mantak isin. Tah upaya nu bisa dilakukeun dina hal nyegah rasa era saat hal eta terjadi teh nyaeta mimiti, teu kudu diambil pusing, kan eta hal nu sabenerna mah wajar. Jadi, teu kudu diambil pusing, pandangna leuwih positif. Nu kadua nyaeta, tutupan pakean na make jaket atawa outer supaya teu isin teuing. Nu katilu nyaeta cuek we api-api teu apal. Ulah nepi ka aya rasa era atawa rasa geuleuh, bae we cuek api-api teu apal aya nu nyaruaan bajuna. Mantakna tong kudu dipikiran teuing, anggap we angin lalu.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "2121", "text": "Perencanaan naon anu tiasa janten dinten anu paling bahagia dina kahirupan anjeun peryogi ayana ide kreatif ti pasangan anjeun, anggota kulawarga sareng réréncangan anu anjeun mutuskeun pikeun aub dina perencanaan, ogé persiapan anu ati-ati pikeun mastikeun dinten anu ageung dileungitkeun tanpa halangan. nah ieyu cara anjeun tiasa nyandak\n1. Anggaran, Jadwal, sareng Nyimpen Rékam\nPenting pikeun lengket anggaran sareng gaduh ekspektasi anu realistis. Sanaos éta dinten anu paling istimewa dina kahirupan anjeun, éta sanés alesan pikeun milari kamewahan boros kalayan artos anu anjeun henteu gaduh.\n2. Nyetél jadwal keur perencanaan. Tina sadaya perencanaan ieu mangrupikeun aspék anu paling penting. Setel jadwal anu lumrah sareng wajar dumasar kana waktos anjeun masihan diri anjeun. Mimitian ku kalénder di hareup anjeun sareng cobian turutan jadwal anu disarankeun ku pituduh kawinan.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "2617", "text": "Sakur padamelan kedah nyababkeun setrés. Nanging, anjeun aya dina lingkungan kerja anu beracun upami setrés anu anjeun karasa berkepanjangan. Gawé geus pernah nyieun anjeun ngarasa rileks deui. Sakapeung sok hewa indit ka kantor sabab ngarasa sieun, tegang alatan kurang sare, hariwang alatan tinekanan, jeung stress luhur anu ngaruntuykeun kabagjaan. Fisik anjeun tungtungna teu damang. Kolega sering nyandak padamelan anjeun di kantor. Ieu sanés ngan ukur hartosna anjeun henteu dihargaan, tapi ogé ngirangan kasempetan anjeun pikeun promosi anu anjeun pantes. Anjeun bisa jadi bisa sabar ieu sabaraha waktu tangtu, tapi pisan capé lamun hal anu sarua diulang leuwih sarta diulang ulang wae..", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "8219", "text": "Iraha wae musibah sapertos bencana alam kajadian tur urang janten korban, eta teh pikasieunen. Urang bakal ngarasa sapertos dunya urang rugrug, ancur, tur urang bakal ngarasa hariwang sareng sieun. Ieu normal tur lain hiji perkawis nu kudu dihariwangkeun. Penting pikeun nginget-nginget upami bencana alam teh biasana ngan kajadian di hiji tempat wae tur bencana alam teh moal kajadian ka urang unggal poe. Sanajan pikasieunen nanging bencana alam teh langka kajadianna. Ku kituna upami urang ngarasa sieun sawaktos kajadian bencana alam, ulah panik. Tenangkeun dir urang nyalira. Tarik napas jero-jero, inget upami bencana alam moal terus kajadian unggal poe tur cobi nenangkeun pikiran tina bayangan-bayangan goreng.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "6404", "text": "Berikut ieu hal-hal nu bisa dihindari supaya terkesan henteu ngengera mun keur dina acara resmi jiga wisuda. Nu kahiji nyaeta dangdan jeung make pakean nu sawajarna, ulah sagala teuing dipake, simpel tapi terkesan elegan. Nu kadua nyaeta ulah nyuruntul, patuhi peraturan nu aya. Ulah nepi ka susuruntulan ka tempat clear area, kudu ngarti kana aturan dina tempat wisudana. Ulah nepi ka salah asup komo ka zona nu terbatas mah. Nu katilu nyareta ulah ngaderingkeun hape dina jero gedung, sabab bisi disada pas keur upacara wisudana berlangsung. Jadi, kudu pisan ngajaga kateraturan diri sorangan dina prosesi wisuda mah, ulah nepi ka ngengera diri sorangan atawa nepi ka ngarugikeun batur.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "7337", "text": "Jalan anu macet ditambih cuaca anu panas ngajadikeun suasana hate oge janten panas, matak teu heran loba jalmi anu aambekan di jalan. Basa nuju di lampu merah seeur pisan kandaraan anu ngantri hoyong geura-geura maju. Geus ditungguan tilu menitan karek maju. Pas lampuna geus hejo mobil jeung motor langsung raribut mencet klakson supados kandaraan di hareupeunna langsung maju. Tapi aya hiji motor nu teu sabaran janten nabrak motor di hareupna. Lantaran teu tarima, jalmi anu ditabrak motorna langsung ambek jeung menta ganti rugi lantaran plat nomorna coplok, jadi weh gelut di jalan jeung nyieun macet. Tungtungna mah dipisahkeun ku pulisi anu karek datang.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "4063", "text": "Urang kuliah di salah sahiji kampus nu aya di lembur urang, mimiti asup mah katempona babaturan kelas teh barageur. Samester kahiji mah biasa wae, ngerjakeun tugas babarengan, silih tulungan, sok ngajakan balik bareng, jajan bareng, jeung jalan-jalan bareng. Samester tilu geus mulai kanyahoan sifat aslina tiap babaturan urang, nu hayang na teh niron areumbung usaha. Bodona urang unggal harayang niron ku urang sok di bere,urang elehan pisan ku jelema. Urang sok ngarasa bisi teu boga batur mun teu merekeun jawaban tugas-tugas, nepika samester lima ku urang di turutan wae kahayang maranehna, tapi lila kalilaan mah urng teh ngarasa di rugikeun, komo mun keur ujian maranehna sok ngaganggu urang menta jawaban, padahal ujianna muka buku. Urang mulai ngajauhan saeutik-saeutik pas akhir samester lima teh, eta mah unggal ujian pan urang sok di hareup diukna deukeut pengawas, maraneh na teh pada ngaromongkeun urang di tukangeun. Terus teu lila urang di jauhan, urang asa hanjakal ti mimiti kalah merekeun wae jawaban jadi weh kabiasaan kalah jadi ngarugikeun urang sorangan. ", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "9258", "text": "Jaman kuring keur SD, posisi meja kuring teh aya di hareup pisan, deukeut jeung meja guru. Poé éta teh aya palajaran matématika, sarta kami dititah ngerjakeun soal dina papan tulis. Sanggeus ngagarap soal-soal, murid kudu maju masihkeun hasil jawabanana di meja guru. Waktu harita ujug-ujug kelek kuring teh karasa ateul. Tanpa pikir panjang kuring ngagaruk-garuk kelek kuring di hareupeun meja guru, tanpa sadar babaturan kuring anu aya di meja guru oge ningali. Mimitina kuring teu sadar yén maranéhna keur nempo kuring, tapi aranjeunna jol seuri ka kuring. Kuring éra pisan waktos éta teh, padahal mah da teu salah ngagaruk kelek teh, tapi da angger kuring teh ngarasa éra, janten kuring menta ijin ka wc pikeun ngaleungitkeun rasa éra.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "7789", "text": "Poe ieu abdi sareng rerencangan bade jalan-jalan ka Pangandaran. Sateuacan angkat urang sarapan bubur heula di sisi jalan tuluy meser jajanan di Indomaret kanggo opieun di jalan. Pas di jero mobil, aya rerencangan kuring anu hoyong jandela na dibuka, tapi lantaran di luar panas ngaheab, kapakasa AC kedah dihurungkeun, matak otomatis jandela oge kedah ditutup. Ku lantaran AC na langsung beunang kana bengeut manehna, rerencangan abdi ngomong yen manehna rada lieur jeung hoyong utah, abdi langsung nyiapkeun keresek. Teu lila manehna kaburu utah dina mobil, hanjakalna utahna lain dina keresek, tapi di jaket manehna. Abdi anu disabeulahna langsung seueul ningal utah manehna. ", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "8455", "text": "Ayeuna aya salah sahiji tiktoker anu jadi karesep masarakat, hususna urang Bandung. Ngaran tiktoker ieu nyaeta Pandawara, grup anu diwangun ku para nonoman anu paduli kana kabersihan walungan. Kagiatan anu dilaksanakeun ku tiktoker ieu nyaeta ngabersihkeun walungan anu pinuh ku tumpukan sampah sareng katingalina pikasieuneun. Seueur jalma anu ngadukung sareng ngaapresiasi ka Pandawara kumargi aranjeunna oge ngarasa geuleuh kana tumpukan sampah anu aya di walungan sareng sering ngajantenkeun walungan ngalembur sareng banjir. Malah teu ngarasa geuleuh, Pandawara asup tanpa ragu ngagali kabeh runtah nu numpuk di walungan. Henteu ngan ukur hiji dua walungan, tapi seueur walungan anu aranjeunna beresih tina tumpukan sampah.\n", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "7328", "text": "Tos tujuh taun rerencangan abdi sareng kabogohna ngajalin hubungan. Tapi poe ieu manehna jol nyarita sabari keheul jeung aambekan lantaran kabogohna kanyahoan salingkuh. Sabenerna manehna geus curiga ti dua bulan ka tukang basa manehna nuju aya kagiatan di luar kota leuwih ti sabulan. Asalna mah manehna teu percaya kabogohna salingkuh, tapi kabogohna tiheula anu nuduh manehna salingkuh, hal eta nyieun rerencangan abdi curiga sabara nyadap WhatsApp kabogohna. Pas ditingal dina WhatsApp kapanggih yen kabogohna salingkuh jeung awewe nyaeta rerencangan sakelasna. Manehna ambek jeung ngablokir nomer kabogohna jeung mutuskeun hubungan na pas manehna nuju liburan sasarengan di harepeun rerencangan anu sanes. ", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "3009", "text": "Serangan panik atawa serangan panik anu dimimitian ti depresi jero dina diri urang. Depresi saeutik demi saeutik robah jadi kahariwang atawa kahariwang, mindeng kahariwang, kayaning kabebeng, leungeun kesang. Ayeuna, sanggeus nalangsara kahariwang nu kaleuleuwihi, tuluy datang ngadadak” “Tamu Teu Diondang” disebut serangan panik atawa panik nalika serangan panik bisa lumangsung di mana waé, nalika dahar, solat, dina kendaraan atawa keur ngantri tiket! Kumaha rasana serangan panik? Ujug-ujug, pikiran sigana yakin yén éta bakal maot pas. Jantung ketukan gancang sanajan teu aya panyakit jantung. Palpitations, sesak napas. Anjeunna gugup sabab ngarasa anjeunna bakal maot pas. Panik lumangsung di jero dibarengan ku rarasaan saolah-olah rék ngajalankeun dimana teu jelas, anjeun nyita ku kahariwang rongkah ieu ngeunaan diri nu lasts sababaraha puluhan detik. Situasi dimana jantung anjeun ketukan gancang sareng sapertos anjeun linglung atanapi anjeun henteu hoyong lumpat ka mana waé. Oke, éta anu karasaeun serangan panik", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "353", "text": "Sabab kuliah di paguron luhur, otomatis urang oge kudu perlu laptop. Harita urang dipangmeulikeun laptop hasil tabungan indung jeung bapak tuluy nginjeum oge ka lanceuk. Geus kakumpul duitna dibeulikeun laptop anu urut. Hiji waktu ku urang laptopna dibawa ka kampus, tuluy pas keur sholat dzuhur ku urang kantongna diteundeun dipangtukangna pisan. Saberes sholat teh kantongna muka, tuluy pas ditinggali laptopna geus euweuh tina kantong. Urang masih cengengesan sabab masih mikir sigana disumputkeun ku babaturan urang. Nepi ka asrama urang nelepon indung urang ngabejaan laptop leungit, tidinya urang teu bisa nahan cai panon, urang ceurik sabab nguciwakeun kolot lantaran teledor neundeunna teu tarapti. Hasil nabung kolot teh leungit harita keneh.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "5271", "text": "Tilu cara ngabales kakecewaan urang ka pasangan. Nu kahiji nyaeta tinggalkeun. Pasangan nu geus ngecewakeun, komo berkali-kali mah teu kudu dimaafkeun deui, langsung we tinggalkeun. Mun teu ditinggalkeun mah moal mikir wae kahareupna. Tinggalkeun supaya urang oge teu ngabatin wae. Nu kadua nyaeta panteskeun diri jadi leuwih baik supaya bisa ngaupgrade diri jeung ningkatkeun kualitas diri. Ulah nepi ka jadi murung mun dibere kasedih teh, kudu bangkit jeung buktikeun yen urang bisa ngalawan kasedih sorangan. Nu katilu nyaeta teangan pasangan nu leuwih hade. Mun pasangan geus teu bisa ditoleransi, mending neangan deui nu leuwih hade jeung bisa ngabagjakeun urang. Tong berkutat di jalma nu teu berguna ngecewakeun wae, mending neangan nu jiwa positif na gede.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "2476", "text": "Nalika kuring indit ka TK, alat transportasi nyaéta beus sakola. Kuring leumpang kira-kira 300 méter ka jalan gedé, tuluy ngadagoan beus di dinya. Abdi émut beus sapertos beus sakola dina pilem Amérika. Upami beus sakola dina pilem Amérika konéng, teras beus TK abdi abu. Di jalan nu keur nungguan angkot mah teu aya nu nyorangan, aya budak deui nu naek ti tempat nu sarua, ngaranna Yesi. Imahna leuwih deukeut ka jalan gedé, meureun ngan ukur 50 méter, leumpang ti imahna ngadagoan beus. Hiji poe Yesi teu sakola. Indungna ngadagoan beus jeung kuring. Sabot beus datang, indungna Yesi ngabejaan ka supir yen Yesi gering. Tah harita ti tempat tunggu, kuring sorangan naek beus. Sakola poé éta lumangsung saperti biasa. Urang balik ka imah kira-kira jam 11. Hiji-hiji kuring jeung babaturan naék angkot rék diantar ka imah masing-masing. Tapi kuring heran naha supirna henteu ngalieuk ka imah kuring. Kuring masih nyobaan tetep tenang, meureun dinten ieu supir ngaganti jalur, sarta nyandak babaturan sejen munggaran.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "5291", "text": "Tilu cara ngurangan rasa kaduhung dina hirup. Nu kahiji nyaeta tong ngaklaim bahwa diri sorangan gagal. Kagagala dina hirup mangrupakeun hal wajar. Mun manggih rasa kecewa atawa kaduhung, tong nyalahkeun diri sorangan komo ngarasa gagal mah. Tumbuhkeun deui rasa percaya diri urang. Nu kadua nyaeta ngahampura kana diri sorangan. Hal ieu penting pisan jang proses perbaikan diri kahareupna. Ngahampura diri sorangan tinu sagala kasalahan bisa ngurangan rasa kaduhung urang ku terus maju kahareup ngajalani kahirupan. Nu katilu nyaeta nyobian hal baru nu leuwih positif. Mun geus manggih kaduhung, urang ulah nepi ka ngulangi kadua kalina. Urang kudu neangan hal anyar nu leuwih positif jang dilakukeun.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "4282", "text": "Lamun ngomongkeun jeung ngabahas jurig di indonesia rasana moal aya eunggeus na, Indonesia loba pisan picaritaeun soal jurig loba anu bisa ningali oge anu ceunah sok di sebut boga indra ka genep atawa budak indigo. Jurig di indonesia teh rupa rupa pisan ngaran jeung wujudna. Ieu teh siga geus jadi hiji kapercayaan anu ngabudaya di indonesia, lamun jelema geus maot bisa jadi jurig pocong, lamun maotna keur hamil ceunah bisa jadi kunti jeung sajabana. Ceuk paranormal jeung jelema anu bisa ningali ieu emang bener ayana tapi urang ceunah ulah sieun da manehna bakal resep lamun urang sieun, tapi nya pasti hararese urang lamun ningali nya pasti reuwas atawa pingsan.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "3278", "text": "Nah kumargi misalkeun imah teh loba pisan kecoak atanapi cucungut, eta sarua na imah na teh loba pisan kokotor, nu nyieun arurang geuleuh ka tempatna, naon sababna ? Kusabab kecoak hirup di lingkungan sampah, ku kituna pikiran urang nunjukkeun yén kecoa mangrupikeun sato anu pikasieuneun, sareng nalika ngarayap dina awak anjeun tiasa karasa geletik, khususna nalika kecoa ngapung, anjeun sacara spontan bakal nabrak atanapi lumpat pikeun ngahindarkeun arah kecoa. laju hiber ngadadak , Kusabab bentukna sareng warnana sareng kuring pikir ogé kusabab aranjeunna resep muncul ngadadak sareng ngaleungit ngadadak, sabab gaduh seueur suku sareng tiasa ngapung. jeung hiber mawa bakteri nu jujur wae, jadi sumber panyakit.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "6826", "text": "Salah sahiji cara kanggo nyiapkeun ujian SBMPTN nyaeta ngiringan tryout. Tryout mangrupakeun sarangkaian tes pikeun nyobian ujian anu dijieun supados mirip atau leuwih hese ti ujian anu aslina. Tryout biasana dilaksanakeun sateuacan ujian aslina. Tryout ieu tiasa janten refleksi ujian anu aslina. Urang tiasa ngukur sakumaha pangabisa urang dina ngerjakeun soal-soal ujian. Biasana tryout SBMPTN sok dilaksanakeun ku lembaga anu sanes dihandapeun Dikti. Biasana ku lembaga bimbel atau mahasiswa. Abdi mineng pisan ngiringan tryout, aya nu mayar aya oge anu gratis. Aya oge anu sok masihan hadiah ka peserta anu peringkatna lima pang luhur na. Abdi kantos janten lima besar teras meunang kauntungan kanggo ngiringan bimbel gratis anu diayakeun ku mahasiswa.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "3391", "text": "Dina hiji poé anjeun bisa leumpang pikeun ngarasakeun tetempoan alam di tempat wisata lokal, lajeng ti arah sabalikna muncul hiji jalma anu pakéan anu persis sarua jeung baju anjeun maké waktu éta. Anjeun oge bisa ngalaman kajadian sarupa bari dina karéta ka pihak anu. Sanaos kitu, anjeun teu kedah panik, Beauties. Hal sapertos ieu umum, bahkan seniman top parantos nyanghareupan kaayaan anu sami.\n1. Nyingkirkeun Hate\nMaklum, perasaan kuciwa bisa timbul nalika kajadian ieu lumangsung. Pakéan anu anjeun parantos damel pikeun milih henteu ngajantenkeun penampilan anu unik sareng béda.\nSanaos usaha karasa sia-sia, anjeun henteu kedah ngémutan kuciwa anjeun ku nyerang jalma-jalma anu bajuna sami sareng anjeun, khususna upami anjeun ngucapkeun kecap-kecap anu hatena. henteu goréng.\n2. Pasihan pujian anu ikhlas\nTah, tibatan ambek-ambekan, leuwih sae pikeun muji 'kembar' anjeun, Geulis. Salam ka anjeunna sareng ucapkeun anjeunna gaduh baju anu saé atanapi ucapkeun anjeun resep pilihan bajuna. ", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "6885", "text": "Kuring masih keneh gaderegdeg lantaran tiasa sasalaman jeung idola kuring. Manehna bener-bener geulis pisan, keuwih geulis tipada dina tipi. Salami ieu abdi ngan tiasa ningal tina layar hungkul, nyatana aslina leuwih geulis. Abdi teu ereun-ereun ningalikeun manehna ti luhur nepi keun ka handap. Manehna ngangge acuk anu mejeuh pisan jeung awakna. Wajahna oge dirias make mekap anu cocok pisan, teu mamantes maneh. Pas manehna ngalangkung dihareupeun kuring, langsung kaambeu seungit parfum anu seger. Manehna teu sombong, manehna seuri teras ngajawab upami ditaros. Manehna oge someah ka sasaha. Pas waktosna nyanyi di luhur panggung, abdi langsung merinding lantaran sorana anu endah pisan.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "8478", "text": "Waktos keur leutik, Topan mineng mandi di walungan. Manehna mandi di walungan jeung warga sejen babarengan. Mandi di walungan teh matak pikabungaheun pisan pikeun Topan sabab bisa meakkeun waktu ulin ka cai jeung babaturanana. Tapi hiji waktu aya kajadian pikareueuseun basa manehna keur ulin ka cai jeung babaturanana. Kajadian pikareueuseun nya eta loba runtah manusa nu ngamalir jeung ngambang di walungan. Sakedapan jalma-jalma anu keur ulin jeung mandi di walungan langsung kaluar tina cai ngajerit ngajerit. Jalma-jalma anu rek modol kudu di hilir walungan, lain di hulu walungan. Henteu aya nu terang saha anu ngalakukeun ieu dina waktos eta. Hiji hal anu pasti, Topan moal poho kana kajadian ieu.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "681", "text": "Keur budak keneh urang dibere kejutan tepang taun, harita teh dibere kejutanna pas keur ngaji. Sabab indung urang teh guru ngaji, jadi ka nu sejen teh ngabejaan yen isukan kudu mawa kado tapi nu murah weh. Pas poe isukna urang teu apal lamun bakal aya kejutan, urang ge teu apal lamun babaturan nu sejen teh marawa kado lantaran teu katinggali mawa kado, singhoreng teh disumputkeun. Tah pas rek balik ngaji, ku indung urang dikumpulkeun kabeh jelema. Urang posisina teh dihareup nyanghareupan nu sejenna. Tuluy babaturan ngaluarkeun hadiah nu dibungkus make kertas kado. Didinya urang rada ngahuleng sabab teu biasana aya nu mere kado. Ieu jadi momen pertama urang meunang kado ti batur pas keur tepang taun.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "1058", "text": "Ulin di pantai teh sieun ssbenerna, komo deui mun pas naek parahu, sieunna teh parahuna bocor tuluy kabalik nepikeun ka tilelep. Harita pernah maen Banana Boot di salah sahiji pantai anu aya di Jawa Barat. Urang wani teh lantaran dibaturan ku babaturan nu sejen. Ari katinggalina mah safety lantaran aya pelampung nu geus dibajukeun ngarah teu tilelep. Tapi angger we sabab sieun pas hiji waktu Banana Boot na diputerkeun, otomatis nu keur naraek teh labuh kana cai. Urang langsung neangan leungeun babaturan da sieun tilelep, padahal mah teu kudu da geus make pelampung. Sieun tilelep komo deui pantai mah jero pisan. ", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "2962", "text": "Saha anu henteu terang istilah 'saksi' di pangadilan? Saksi sering pisan mutuskeun dina pasualan, khususna kasus kriminal. Dina KUHP aya katangtuan yén saha waé anu ningali, ngadéngé, ngalaman sorangan, atawa boga pangaweruh anu langsung patali jeung lumangsungna kajahatan bisa dijadikeun saksi dina perkara pidana. Upami anjeun parantos disauran janten saksi, janten kawajiban hukum pikeun warga pikeun ngalaksanakeunana. Kahiji, lempengkeun niat yén ayana anjeun salaku saksi pikeun ngajelaskeun bebeneran anu anjeun terang.\r\nKadua, coba ngartos ti mimiti saksi tina kaayaan sidang ambéh maranéhanana nyaho naon nu bakal maranéhanana nyanghareupan di pangadilan. Pikeun terang, anjeun tiasa konsultasi ka jalma anu anjeun percanten.\r\nKatilu, ngabejaan atawa nepikeun informasi anjeun dina basa basajan, tanpa perlu pajeulit. Naon anu ditepikeun diwatesan ku naon anu anjeun terang, tingali, kadéngé, atanapi ngalaman sorangan. Ogé tong hilap, anjeun kedah konsisten, ulah ngarobih inpormasi anjeun. \"Hadé éta basajan, sareng pernyataan éta ogé henteu robih,\" saur Semendawai.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "3264", "text": "Setrés dina anjing bisa ngabalukarkeun coprophagia. Anjing anu cicing di rohangan anu dipasrahkeun atanapi terasing langkung dipikaresep tuang tai tibatan anu gaduh langkung kabébasan. Ieu hususna leres pikeun anjing anu nyéépkeun seueur waktos di saung, teu diabaikan, atanapi dileupaskeun di jalan. Oge, lamun anjing sieun dihukum keur indit potty di imah, manéhna bisa dahar tai teh minangka cara nyumputkeun eta. Ieu sigana akibat tina kasalahan anu dilakukeun ku anjing, sareng ngajantenkeun anjing sieun sareng hariwang. Lamun anjing Anjeun teu nyerep gizi bener atawa keur narima diet goréng, anjing bisa pindah ka dahar poop-Na. Sababaraha masalah médis bisa ngabalukarkeun tai anjing ngandung dahareun undigested. Upami ieu kajantenan, anjing tiasa ngahakan poop ngan kusabab bau sapertos tuangeun. Anjing ogé bisa ngamekarkeun coprophagia salaku hasil tina parasit. Lamun ningali kabiasaan ieu lumangsung dina anjing piaraan, atawa lamun anjing eats loba tapi masih lapar, éta mangrupakeun ide nu sae pikeun konsultasi ieu ka dokter hewan.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "2629", "text": "Waktu kuring masih Koas, ditempatkeun salila sabulan di Puskesmas deukeut Pulo Madura, rada salah paham.\r\n\r\nJadi aya barudak anu muriang salila 3 poé tanpa alesan jelas. Ubar panas henteu tembus.\r\n\r\nIeu budak téh geus rumaja jadi datang sorangan. Kuring dikirim ka lab pikeun nyandak getih. Saparantosna kaluar hasilna siga demam berdarah, teras dipasihan obat teras di ajar nginum cekap, istirahat, jsb.\r\n\r\nLajeng Puskesmas réngsé. Hayang nutup. Kuring ngobrol sakeudeung jeung departemen rékaman médis. Alhamdulilah urang Madura.\r\n\r\nAya tuan-tuan anu asup ka poli ngadadak nanya di Madurai. Bu RM narjamahkeun ieu. Kurang leuwih ieu bapa nanya, saha nu nanganan budak tadi??? (ceuk ngaranna). Teu sangka manehna hayang nanya hiji hal, ceuk kuring éta kuring.\r\n\r\nÉmosi ujug-ujug naék, ngagelebug kana méja. Ambekna nunjuk ka kuring, Nurutkeun bu RM, naha kuring nyokot botol getih anakna????\r\n\r\nKuring henteu terang naon anu anjeunna nyarios salajengna, kuring tegang teuing pikeun nginget-nginget naon anu anjeunna nyarioskeun…\r\n\r\nKuring reuwas jeung oyag. Komo deui, urang Madura dina kalangkang mah teu sieun sok silih bacok.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "6353", "text": "Basa nuju PKS tanding volly antarkelas, kelas abdi teh tim voli putrina asup ka semifinal. Sadayana meuni antusias jang meunangkeun piala. Pas maen di babak semifinal, lawanna teh beurat pisan sabab aya atlet voli. Tah pas babaturan abdi keur narima bola servis, eh bolana teh beunang kana rarayna. Anjeunna langsung ngarasa nyeuri bari cicing diuk dina lapang. Babaturanna teh kalah nyaleungseurikeun. Nyeurina mah teu sabaraha, ngan erana teu kakira. Harita manehna meuni isineun pisan, tuluy langsung enggeusan maen volina da era jeung nyeuri meureun kacentang bola voli. Jigana mah pasti bakal inget kajadianna nepi ka kolot ge, da era pisan diseungseurikeun ku sarerea nu nonton.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "5198", "text": "Nikah teh jadi salah sahiji hal nu dianjurkeun ka unggal jelema. Nikah diperspektifkeun jadi hal nu saolah wajib dilaksanakeun. Komo deui mun tos nincak umur dua puluh taunan mah, pasti we dianggap tos meujeuhna jang ngajalin pernikahan. Sabagian besar masyarakat teh nganggap usia meujeuh jang nikah teh ti 23-28, mun umur sakitu teu acan nikah teh sok dianggap teu payu. Padahal, umur teh teu bisa jadi patokan, sabab kasiapan mental jeung finansial unggal jelma teh beda-beda. Aya nu ngora keneh tapi tos mapan aya oge nu tos umur na pas tapi teu acan mapan. Tong sok disamiratakeun da jalmi mah gaduh timeline na masing-masing. Ngan manehna sorangan nu apal iraha siap jeung henteuna.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "9524", "text": "Perasaan bungah alatan ditampi di universitas ideal mangrupikeun hal anu alami dirasakeun ku sadayana. Hal ieu lantaran ngaliwatan proses seleksi di universitas pilihan, ngabuktoskeun hiji jalma geus hasil ngahontal salah sahiji cita-cita hirupna, nya eta nuluykeun atikanana ka jenjang anu leuwih luhur. Sajaba ti eta, ditarima di universitas oge nunjukkeun yen urang dianggap cukup kamampuhan pikeun diajar di universitas eta. Salian ti eta, katampi di universitas impian anjeun oge kasempetan pikeun mangtaun pangalaman sareng ngembangkeun diri anjeun. Universitas anu ideal jeung pilihan urang biasana ngagaduhan fasilitas sareng program anu langkung sae, ku kituna aya anu ngagaduhan kasempetan pikeun diajar sareng berkembang di dinya langkung sae. Janten, menurut kuring kasenangan anu karasa saatos ditampi di universitas impian alami pisan sareng kedah diapresiasi.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "5644", "text": "Kamari nuju di jalan bade uih, abdi ningali aya kaributan di sisi jalan. Pas diusut teh singhoreng teh aya kaributan antara ojeg pangkalan jeung salah sahiji pengguna sapeda motor. Jadi, pengguna sapeda motor eta teh ngagerungkeun motorna di hareupeun pangkalan ojeg. Tukang ojeg nu didarinya ngarasa teu ngeunaheun sabab nganilai kalakuan jalma ngagerungkeun motor teh teu sopan pisan jeung wangun nantangan. Tuluy pengendara motor eta dieureunkeun. Pas eureun, tuluy diteunggeul ku tukang ojeg. Sabab teu narima, si pengendara motor teh ngabales ka tukang ojeg. Tuluy akhirna dipisahkeun we ku warga sakitaran dinya. Untungna bisa diakhiri ku jalan damai antara duanana.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "8988", "text": "Teuing kunaon barudak kuring kacida pisan sieuna ku cucunguk. Lamun sakalieun aya cucunguk ngaliwat ka hareupeuna, da eta mah sontak ngajerit bari ajrag-ajragan sieun cucunguk na nempel kana baju. Sakali mangsa, kuring jeung barudak keur ngariung di tengah imah sabada rengse solat Maghrib berjamaah. Na atuh eta mah, teu apal mimitina ojol-ojol aya cucnguk ngalayang ka urang nu keur ngarumpul di tengah imah. Sarerea gura-giru nangtung, bari ngajerit, aya nu nyumput di tukangeun awak bapana, aya nu lumpat ka kamarna. Abdi sareng bapa langsung nyandak eta cucunguk sareng nempatkeun kana kantong plastik sareng dialungkeun kaluar. Urang sadaya balik deui ka ruang tamu. Tapi teu pati lila, ujug-ujug datang deui dua cucunguk bari ngalayang. Geuwat barudak teh ngajerit deui bari lumpat ka kamar masing-masing. Kabeneran si bapa teh lain jelema borangan, si cunguk teh dicokot deui tuluy dialungkeun ka luar imah deui.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "8451", "text": "Rarasaan geuleuh keur kakeunaan ciduh batur teh bisa pisan nyieun teu nyaman sarta memicu reaksi fisik jeung emosional. Sababaraha urang bisa ngarasa ambek, hariwang, atawa pisan teu nyaman. Ieu kusabab ciduh ngandung bakteri sareng partikel sanes anu tiasa nyebarkeun panyakit sareng memicu reaksi fisik sapertos gatal-gatal atanapi iritasi. Reaksi geuleuh kana ciduh batur oge tiasa dipangaruhan ku pandangan budaya sareng norma sosial, dimana sababaraha budaya tiasa nganggap ciduh teu higienis pisan sareng nyababkeun parasaan jijik. Bari reaksi geuleuh kana ciduh batur bisa ditarima tur umum, hal anu penting pikeun ngubaran jalma séjén kalayan hormat tur hormat parasaan maranéhna, utamana lamun maranehna ngarasa geuleuh.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "1001", "text": "Di kelas tangtuna mindeng diayakeun presentasi, sanajan presentasina mindengna mah berkelompok tapi sok aya rasa kasieun, komo pas jadi bagian pematerina. Rasa kasieun ieu muncul mun pas ninggali audiens di hareup, otomatis kabeh mata ninggali urang saawak-awak. Ku rasa sieun eta, mindeng naon nu rek diomongkeun teh jadi teu jelas nepikeun ka poho deui. Komo pas di sesi pertanyaan tuluy aya nu nanya mah, sieun teu bisa ngajawab atawa jawabanna teu luyu jeung nu ditanyakeun. Komo deui mun guru oge milu nanya ngeunaan topik anu dibawakeun biasana leuwih jero patarosanna. Pas presentasi hayangna teh geura-geura beres tuluy diuk deui ka bangku sorangan.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "1402", "text": "Basa keur ngalongok dulur di rumah sakit, anjeunna di rawat di lantai 3. Awalna mah urang rek naek tangga sabari olahraga, tapi dipikir-pikir teh bakal cape soalna mawa barang bawaan jang mondok. Jadina urang naek kana lift, di luar lift teh geus loba nu nungguan, da liftna ngan hiji-hijina jang dipake mobilisasi teh. Di jero kaayaanna pasesedek, aya kana tujuh orang mah. Pas lift karek naek ka lantai dua, teu kahaja hitut. Padahal mah hitutna teh lalaunan malah mah euweuh sora. Eta di jero lift kabeh narutupan irung, aya nu ku dua leungeun, aya oge nu nutupan irungna ku baju bagian luhur. Era pisan pas nepi lift lantai tilu teh kabeh kalaluar da ku bauna nu nyegak.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "713", "text": "Bentuk irung urang anu khas, bentukna gede beda jeung irung-irung nu sejen. Mun ceuk sodara mah pas panggih teh urang mah mirip aki, euweuh deui nu mirip aki irungna salian ti urang. Tapi pas di sakolaan urang disaur ku babaturan \"Eta kumaha carana irung bisa gede kitu?\" Awalna urang nganggap heureuy, jadi ditembalan heureuy deui, \"Ah tinggal di tarik-tarik kaluhur we\". Tuluy manehna ngajawab, \"Irung maneh siga bangkong\" bari seuseurian jeung babaturanna. Urang ambek lantaran manehanana sacara teu langsung ngahina aki urang oge anu mirip irungna jeung urang. \"Goblog sia mah, kieu-kieu ge ciptaan Allah. Naha maneh ngahina ciptaan Allah nu maha sampurna?\" geus dikitukeun mah manehna caricing ngabetem. ", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "4682", "text": "Bullying mangrupa salah sahiji bentuk kekerasan atawa intimidasi anu dilakukeun ngahaja ka individu tangtu. Barudak sareng rumaja mangrupikeun anu paling rentan ka bullying di lingkunganana. Dina umur eta, prak-prakan bullying biasana ngawengku tilu hal, nya eta paripolah agresif, teu saimbangna kakuatan, jeung pengulangan.Aya sababaraha rupa bullying anu mindeng kaalaman ku barudak jeung rumaja. Jenis bullying diantarana fisik, verbal, relational, cyber bullying. Para palaku bullying biasana baris ngalaksanakeun bullying kayaning nyindir, ngagoda, nyebut ngaran kalawan ngaran nu pantes, ngahina jeung nyingsieunan korban maranehanana. Korban bullu biasan ajadi boga trauma kusabab hal eta, trauma jadi kasieunan lamun rek ngalakkeun nanon jadi sieun d bullu eta teh ngajieun korban bully jadi hese berkembang hirupna.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "5957", "text": "Basa nuju uih ka lembur teh abdi kapeutingan sabab busna loba ngetem di jalan. Mangkaning ka lembur abdi teh nyorang totoang panjang nu tara diliwatan ku jalma. Abdi ngalajengkeun perjalanan ka imah make ojeg. Di tengah jalan, poek pisan sabab euweuh bulan. Hawana tiis sabab tas hujan, jeung masih girimis leutik. Jalan teh ngabelegbeg pisan, teu katempo kenca katuhuna. Pas di tengah jalan poek teh jol motorna pareum, teu bisa hurung pisan. Geus satengah jam ngoprek motoe, eh kadenge sora seuri kunti ti kajauhan. Pas diteangan teh disorotan tatangkalan hiji-hiji, eh bener we aya neneng kunti keur ucang angge dina dahan nu luhur. Rambutna panjang ngagebray warna hideung, pakeanna bodas, sukuna ucang angge dina dahan, beungeutna mah teu pati jelas katingalina.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "8953", "text": "Aya sababaraha cara pikeun nungkulan trauma atawa sieun tilelep. Kahiji, mindeng indit ka kaulinan cai. Jalma nu trauma kalelep bisa diajak ulin di taman cai nu pangdeukeutna jeung imahna, ku eta manehna bakal betah ku cai, dina pikiranna bakal muncul rasa kanyamanan di jerona. Jalma anu trauma ku tilelep bisa diajak ka kolam renang cai deukeut imahna ku bari mawa benda anu tahan air. Kadua, biasakeun ulin cai. Coba pastikeun nalika maranéhna keur ulin di kolam renang cai, buuk maranéhanana jadi baseuh jeung beungeut maranéhanana kakeunaan cai sabab bakal ngagampangkeun maranéhna pikeun poho trauma tina kelelep anu aranjeunna alaman. Ajak oge aranjeunna maén saeutik uudag di tengah kolam renang atawa maén di tengah kolam renang jeung pastikeun yén kaulinan boga unsur ngahaja nempatkeun beungeutna kana caina.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "6930", "text": "Di kampung abdi, enjing-enjing tos raribut jalmi ngempel di hareupeun imah tatanggii anu posisina aya di peuntaseun imah kuring. Lantaran panasaran, abdi langsung nyamperkeun jalmi di ditu sabari naroskeun aya naon di dieu. Pas abdi datang, kabeneran aya polisi anu datang oge. Abdi langsung mikir ieu pasti aya hubunganna jeung kriminal. Polisi langsung miwarang para wargi ngajauhan TKP lantaran di dinya tos aya korban anu dipaehan. Abdi langsung reuwas lantaran korbanna teh bapana rerencangan kuring. Manehna teu acan apal kabar ieu lantaran nuju kuliah di luar kota. Abdi langsung ngabaran manehna kanggo balik saenggalna supados teu reuwas lamun dipasihan apal dina telepon. ", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "5927", "text": "Basa maleman taun baru mah seueur karusuhan nu terjadi di jalan raya, salah sahijina nyaeta tawuran. Tawuranna teh dilakukeun ku budak ngora nu biasana bari marabok. Teu jarang tawuran na teh marawa senjata tajam. Senjata tajam nu biasa dibawa nyaeta gear, rante, celurit, pedang, arit, jeung sajabana. Nu leuwih parah mah mun senjatana geus ditodongkeun ka warga nu ngaliwatan jalan tempat tawuran. Biasana ditodongkeun ka warga ku cara ngababi buta, teu nempo saha jeung di mana. Pokokna asal aya nu ngaliwat, dianggap mangsa empuk jang nyobaan sanjata. Nu sok tawuran kieu teh biasana antargeng motor atawa antarkomunitas pamuda nu gaduh member seueur.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "209", "text": "Emang loba pilihan saenggeus lulus SMA teh, bisa gawe, kawin, atawa kuliah. Tapi kuliah leuwih ngeunah tibatan gawe. Contona lamun gawe mah kudu neangan duit sorangan, ari kuliah mah bisa meunang duit tinu beasiswa. Komo deui lamun kuliah sabari gawe sampingan, salian ti boga status mahasiswa oge bisa ngembangkeun diri jeung meunangkeun duit tambahan. Tuluy masih keneh boga babaturan sedengkeun lamun gawe rek panggih ge hese sabab euweuh waktu, lamun panggih balik gawe ge pasti kaburu cape. Kuliah masih keneh loba waktu, bisa dipake ulin jeung babaturan. Tuluy bisa miluan rupa-rupa organisasi jang ngembangkeun diri sakaligus ngalakukeun hobi, siga fotografi, nyanyi, jeung sajabana.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "8410", "text": "Andi sahenteuna jeung hal anu disebut utah. Anjeunna teu resep utah sabab geuleuh anjeunna sarta nyieun anjeunna utah teuing. Hese pisan pikeun anjeunna pikeun nyingkahan eta sapertos respon otomatis ti jero anjeunna nalika ningali jalma sanes utah ugeur. Jaman baheula nalika naek angkot aya jalma anu utah di hareupeunana. Nalika ningali kajadian eta anjeunna langsung ngarasa jijik sareng hoyong utah. Leres we Andi teh utah, kabeneran unggal perjalanan nyiapkeun kantong plastik. Andi bener-bener ngarti naha jalma bisa utah bari di perjalanan, jadi manehna teu ambek ka eta jalma tapi leuwih ngatur kumaha awakna teu utah teuing. Ayeuna Andi sok nyoba-nyoba ngajauhan lamun aya di sabudeureunana rek utah pikeun ngajauhan rasa geuleuhna.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "2592", "text": "Naha kuring gampang ambek?\nWatekna diwariskeun. Béda jeung karakter nu diwangun ku lingkungan. Temprament diwariskeun sacara genetik ngaliwatan kolot anjeun. Di dieu karakter muterkeun hiji peran penting. Kalayan tingkat amarah anu sami, urang tiasa gaduh karakter pikeun ngajauhan masalah sakedap sateuacan nyandak kaputusan. Sabab jalma nu dikendalikeun ku amarah biasana nyieun putusan nu salah, nu ahirna nyieun kuciwa jeung ambek ka dirina sorangan.\nDipangaruhan ku lingkungan. Pendekatan kami dina milarian solusi naha éta tenang, panik, ngajauhan, atanapi ngalibatkeun amarah dipangaruhan ku lingkungan, khususna di bumi. Karakteristik ngaréngsékeun masalah geus kabentuk ti budak leutik. Nyalahkeun kulawarga ngan ukur sia-sia. Sadar yén éta kudu eureun dina diri urang. Lamun terus dibiasakeun, bakal terus jadi siklus alias lingkaran setan anu bakal mangaruhan anak incu ka hareupna.\nTeuing nyaman. Kanyamanan bisa nyieun urang jengkel. Alesan kahiji sabab ekspektasi sok kaeusi. Tungtungna, nalika ekspektasi teu cocog kanyataanana, jalma anu teu biasa eta bakal gampang ambek. Alesan anu kadua nyaéta nalika urang resep teuing ka batur, urang bakal ngarepkeun toleransi kana sikep urang, kalebet ambek-ambekan.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "7344", "text": "Poe ieu janten poe anu pikakeheuleun pisan. Pas abdi nuju meser di hiji warung aya hiji kasir anu judes pisan. Pas urang asup ka toko sanes disambut kalahkah dititah ngeset sapatu sabari judes. Pas abdi bade tataros harga oge manehna kalahkah teu ngajawab, manehna nitah urang maca sorangan, padahal abdi teu apal harga-harga. Pas abdi bade meser hiji barang, manehna malahkah merekeun sabari dialung. Abdi langsung nyeri hate, asalna mah moal ambek tapi ningal bengeutna anu pikasebeleun abdi langsung ambek ka manehna, abdi nyarios lamun manehna kitu wae mah moal aya nu resep balanja ka dinya. Abdi oge ngancem manehna bakal ngalaporkeun ka nu boga toko. ", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "2888", "text": "Cyberbullying (cyber bullying) nyaéta bullying/bullying ngagunakeun téknologi digital. Ieu tiasa lumangsung dina média sosial, platform obrolan, platform kaulinan, sareng telepon sélulér. Samentara éta, nurutkeun Think Before Text, cyberbullying nyaéta paripolah agrésif jeung boga tujuan anu dilaksanakeun ku hiji kelompok atawa individu, ngagunakeun média éléktronik, terus-terusan ti jaman ka jaman, ngalawan hiji jalma anu dianggap teu gampang ngalawan aksi ieu. Jadi, aya béda kakuatan antara palaku jeung korban. Beda kakuatan dina hal ieu nujul kana persepsi kapasitas fisik jeung méntal. Cyberbullying nyaéta kabiasaan repetitive anu dimaksudkeun pikeun nyingsieunan, amarah, atanapi ngerakeun jalma anu ditargetkeun. misalna ngirim pesen atanapi ancaman anu nganyenyerikeun via platform obrolan, nyerat kecap anu nyeri dina kolom koméntar média sosial, atanapi ngeposkeun hal anu ngerakeun/nyilakakeun.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "6948", "text": "Pas nuju naros ka rerencangan di yuswa sabaraha aranjeunna bakal nikah, aya hiji rerencangan abdi anu ngawaler yen manehna moal nikah. Abdi naros ka manehna naha manehna embung nikah. Pas manehna nyarita abdi teu nyangka manehna boga carita anu pikasediheun pisan. Basa leutik manehna tos ningal bapana sorangan salingkuh jeung awewe anu sanes, bapana oge sok nyiksa mamahna. Ti pas eta manehna teu percaya ka lalaki, manehna geleuh pisan ka anu ngaranna lalaki. Pantesan manehna teu pernah gaduh kabogoh jeung teu pernah nyaritakeun yen manehna resep ka lalaki. Tapi sabenerna dina jero hate manehna mah hoyong gaduh kulawargi anu normal jeung hoyong patepang sareng lalaki anu bageur. ", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "3259", "text": "Meureun kokotor tai nu ngan nempel dina sapatu, jadi Delia ngarasa yén éta téh lain musibah bombastis nu heboh saantero sakola cek manehna mah. Anjeunna langsung neruskeun kagiatan rapat kelas kalawan riang sarta langsung mopohokeun kajadian anu jadi \"musibah\" pikeun sabagian jalma. Musibah? Sikep batur. Enya, najan ngan ukur nincak tai sato, siga nu nyieun sikep nu unik. Conto séjénna, upamana baé nincak kandang hayam haneut. Kali ieu anjeunna teu ngagem sendal, sapatu atawa footwear lianna. Kumaha ngeunaan éksprési? Sanajan kitu, teu ilahar keur urang sapatemon sababaraha urang anu teuing disgusted jeung runtah sato. Teu kapikiran kokotor baseuh, komo kokotor nu garing, ngarenjit keun.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "6828", "text": "Di Unpad, abdi ngiringan salah sahiji Unit Kagiatan Mahasiswa anu aya masih keneh bagian ti PMI, nyaeta KSR atau Korps Sukarela. Kanggo janten relawan teu cekap gaduh kahayang hungkul, urang kedah dipasihan elmu heula, terad kedah ngiringan ujian tulis jeung praktek anu te gampang. Abdi dipasihan elmu ngeunaan Palang Merah nepikeun dua bulan lamina, teras aya ujian tulis ngeunaan teori jeung saatos eta langsung praktek di dinten anu sami. Abdi deg-degan pisan pas praktek lantaran masih keneh seeur materi anu teu paham, komo ieu mah hubungan na teh jeung kasalamatan jalmi. Tapi alhamdulillah abdi tiasa lajeng janten relawan PMI, sabari teras latihan sareng nambih elmu.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "8916", "text": "Dinten ieu Rani badé ngalaksanakeun ujian palajaran seni budaya, nyaéta nembang ngagunakeun alat musik di sakolana. Sajujurna Rani téh murid anu isinnan, manéhna ogé kapaksa ngalakukeun éta pikeun kapentingan peunteunna. Saméméh manggung, Rani geus ngayakinkeun dirina supaya teu gugup, tapi sabada aya di panggung, kabéh kasieunan ngadadak daratang. Rani jempé sakedap, tapi tuluy ngomong kieu, “Sateuacanna, hampura ka sadyana. Ijinan abdi ngalagukeun tembangna bari patukang tonggong jeung hadirin. Abdi gugup pisan.”, saparantos kitu Rani malik katukang, munggungan panongton. Ranipun metik gitarna sarta mulai nyanyi. Kabéh panongton ngadéngékeun Rani nyanyi. Réngsé Rani nembang, tétéla kabéh hadirin ngaradeg bari kekeprok. Pementasan Rani teh saé pisan, sorana ogé saé. Ceuk guru kasenian, Rani ngan ukur kudu ningkatkeun rasa percaya diri.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "4376", "text": "Patani di Colombia keur ngalakukeun kagiatan sapopoe biasana nyaeta ngokolakeun sawah tiwu nganggo traktor, teu kahaja aya saurang patani di Hacienda Malagana di Lembah Cauca Kolombia mendakan barang anu bersinar dina taneuh anu kaciri na mangrupikeun harta karun. Ptani eta teh reuwas jeung ngomong ka babaturan na yen maneh na manggihan harta karun. Di eta tempat deui, manehna manggihan topeng emas, asesoris leungeun, perhiasan, jeung barang berharga lianna. Sanggeus diajar ngeunaan kapanggihna, antara Oktober jeung Desember 1992 ngeunaan 5 sarebu urang nyoba neangan harta karun sejen. Kajadian ieu katelahna Malagana Gold Rush. asilna, ratusan kuburan ancur ku eta.Hasil rampokan kapanggih ampir 4 ton artefak. Tragisna para penjarah ngalebur emas atawa dijual ka kolektor. Musium ahirna ngamankeun 150 keping emas ti aranjeunna sareng ngagaleuhna 500 juta peso atanapi sakitar Rp 3,96 milyar.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "9260", "text": "Kampus jeung sakola tempat indung kuring ngajar téh sajalan, jadi kuring biasa marengan indung kuring bari indit ka kampus. Hiji poé kuring jeung indung geus siap angkat, méh ka jalan raya. Salila perjalanan urang ngobrol leutik saperti biasa jeung indung kuring teh. Tapi ujug-ujug kuring ngarasa aya anu aneh, sapertos aya anu leungit. Kuring lalaunan nyoba nyepengan sirah kuring sarta kuring sadar yén kuring teu make helm sapanjang jalan. Kuring isin sabab kuring sadar naha jalma-jalma parantos merhatikeun kuring, ternyata kuring henteu nganggo helm tapi indung kuring mah nganggo. Ahirna, ku sabab jarak ka imah rada jauh, jeung kuring ampir telat, urang mutuskeun neruskeun lalampahan, kuring nurun indung kuring kaluar pikeun naek angkutan umum engké. Jeung kuring maké helm indung kuring, teras ngalanjutkeun weh jalan ka kampus.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "4421", "text": "Gangguan Disforik Pramenstruasi (PMDD) oge bisa nyebab keun Ambek tanpa alesan oge tiasa janten gejala fluktuasi hormon anu tiasa lumangsung dina kasus gangguan dysphoric premenstrual atanapi PMDD. PMDD mangrupikeun bentuk anu langkung parah tina PMS (sindrom pramenstruasi) anu tiasa nyababkeun swings mood anu parah dina penderita. Sanajan kitu, kabiasaan cageur, kayaning exercising jeung dahar diet bergizi saimbang bisa ngadalikeun PMDD. Aya kalana, administrasi pangobatan jiwa sareng terapi hormon ogé diperyogikeun. Upami anjeun sering ambek sateuacan haid, ulah nganggap yen eta ngan ukur gejala PMS anu normal. Taroskeun ka dokter anjeun langsung upami éta gaduh pangaruh anu signifikan dina kahirupan anjeun.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "4033", "text": "Tahun 2016 pas lulus SMA urang miluan SNMPTN, tujuan urang aya dua kampus basa eta. Anu ka hiji kampus UNJ (universitas negeri jakarta), anu kadua UNNES (universitas negeri semarang). Urang percaya diri bakalan katarima di salah sahiji kampus eta, urang milih jurusan akuntansi jeung sastra. Pas geus nungguan lila, urang di bere nyaho ku guru anu kolektifkeun SNMPTN, bahwa urg teu ka tarima soalna jurusan akuntansi jeung sastra mah loba peminatna. Mun milih jurusan eta kamungkinan ka tarimana ipis pisan. Niat na mah urang teh hayang miluan deui test asup kampus negeri tapi berhubung urang hayang pisan jurusan akuntansi, jadi urang milih asup kampus swasta. Pas daftar urang milih jenjang D3 Akuntansi, nungguan saminggu langsung di kabaran katarima. Urang bersyukur pisan, akhirna mah urg teh kuliah. Soalna urg telat daftarna di gelombang ka tilu, batur mah geus kamana nu sa angkatan jeung urg. Tapi basa katarima terus urg miluan ospek, mani resep pisan jeung makin mawas diri ayeuna mah urang teh geus kuliah. Asa teu nyangka, terus ceuk dosenna teh pas di test samemeh asup ceunah nilai urang di SMA alalus kuduna milih S1 tapi urang tetep milih D3. ", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "312", "text": "Basa aki urang ngantunkeun, harita urang masih keneh leutik teu ngarti nanaon. Nu jelas, di imah teh pada ceurik. Urang masih inget harita umur 7 taunan acan ngarti naon ngantunkeun teh. Tapi urang ninggali jelas kumaha kaayaan aki harita dibungkus ku kaen warna bodas tuluy ditutuban ku kaen waena coklat motif batik. Tatangga pada datang ka imah, aya nu mekel yasin sabari ngaji, aya oge nu mere duit nu diamplopan warna bodas. Samemeh dikurebkeun, aki rame-rame di gotong kana keranda. Tuluy loba nu nuturkeun di tukangna laleumpang. Harita urang mah kana motor dibonceng ku bapa, lantaran suku indung teu kuateun lamun dipake leumpang jauh.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "9015", "text": "Nalika kuring di SMA, kuring ngagaduhan babaturan anu sering kena serangan panik. Awalna kuring nyangka lamun anjeunna ngalaman serangan panik éta ngan bakal asma hungkul, tapi lila-lila tétéla yén lamun kajadian ujug-ujug lain alatan gejala asma anjeunna ngalaman serangan panik. Sakali kuring ningali anjeunna ngalaman serangan panik nalika diajar di kelas, janten sateuacanna anjeunna biasana henteu katingali guligah sareng saterasna. Sarta biasana anjeunna bakal ngalaman serangan panik nalika ditunjuk ku guru, atawa nalika anjeunna reuwas tur bingung. Jadi sakali babaturan kuring ditunjuk ku guru pikeun ngajawab patarosan, tapi kusabab kaget anjeunna bingung sareng teu terang naon anu kedah dilakukeun. Panonna gogodeg siga jalma bingung, sanggeus éta manéhna bakal ngarasa sesak napas sarta tungtungna ceurik alatan serangan panik. Teras kuring anu aya di gigireun anjeunna terang yén éta sanés asma, langsung nenangkeun anjeunna, masihan inuman, sareng nyarioskeun dzikir pikeun nenangkeun anjeunna.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "3343", "text": "Upami anjeun maca tulisan ngeunaan tren jeans anu parantos diunggah sateuacana, anjeun tiasa heran dimana jeans robek ayeuna sering katingali. Sanajan kitu, tétéla yén gaya torn atanapi distressed teu trend. Hal éta ditepikeun ku panitén fashion jeung stylist, Erlangga S Negoro, ka Kompas.com via telepon Salasa (11/4/2017). “Torn sanes trend sabab aksen klasik anu sok aya unggal usum, boh dina calana longgar atanapi calana ceking. Janten, anjeunna moal pernah maot sareng anu robih nyaéta siluetna, ”saurna. Adhita Idris, Country Marketing Head for Levi's Indonesia, ogé satuju. Cenah cimata dina jeans dimaksudkeun pikeun nambahkeun rasa 'hirup di' pribadi. \"Kalayan cimata dina sababaraha bagian, jeans katingali langkung klasik sareng ngagambarkeun keunikan anu ngagemna. Teu anéh lamun jins robek téh jadi barang fashion nu kudu dipiboga,” pokna ngaliwatan iber éléktronik, anu ogé ditarima Salasa (11/4/2017).", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "2529", "text": "Sababaraha minggu ka tukang kuring mendakan harta karun ieu, nalika ngabersihkeun bumi, dina kotak televisi kuno bapa kuring, 1 PC Nokia HP, sareng 1 Blackberry Flip.\nTapi, HP Blackberry anu jadi perhatian kuring, sababaraha kali kuring nyobaan pikeun nelepon di tempat umum (sanajan batréna geus béak), cukup pikeun narik perhatian jalma ogé, meureun alatan bentukna unik: ). Abdi bungah pisan nalika anjeunna ngahaja mendakan \"harta karun\", teu disangka-sangka, éléktronika Nu anjeunna parantos hilap. Kaleresan salawasna sareng anjeun. Padahal geus sababaraha kali pindah. Tapi untungna, anjeunna henteu pernah ngalungkeun lomari. Sanggeus carita ieu diterbitkeun online Netizens percaya yén sanajan catetan ieu kapanggih, Sajaba bisa tetep salaku panginget gawé teuas. ogé bisa ngaronjat pisan nilaina Lamun dijual ka jalma anu boga hobi ngumpulkeun.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "8982", "text": "Akhir taun 2022 kamari aya lini di Cianjur. Waktu harita kuring keur di kelas di lantai 4. Mimitina kelas urang diajar sapertos biasa, jeung kelompok séjén méré presentasi. Bari ngadangukeun presentasi ti grup presenter, ujug-ujug kuring ngarasa méja kuring rada goyang saeutik, tapi teu lila beuki tarik. Kuring teu sadar jeung ngira yén éta téh sobat anu maén kalawan suku-Na. Tapi harita kelas jadi riweuh, kuring sadar yén réréncangan sareng dosen kuring ogé panik nalika sadar aya lini. Urang ngarasa beuki panik sabab oyag anu lumangsung rada karasa teu sakedapan. Nepi ka waktu rék kaluar kelas, oyagna eureun. Teras saatos sababaraha menit suasana kelas janten tenang deui, urang neruskeun presentasi anu parantos direureuhkeun.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "8427", "text": "Meli teh budak nu hirup di pakotaan. Anjeunna henteu kantos ningali sacara pribadi anu sapertos hayam hirup sabab di kota tempat anjeunna cicing teu aya anu ngasuh hayam di bumi. Dina kuliah semester 5, anjeunna ditugaskeun ngalaksanakeun kuliah kerja nyata atanapi KKN di hiji kampung. Ieu kahiji kalina manehna nempo hayam hirup sacara pribadi. Meli kacida reuwasna ningali hayam. Sanes ku hayam tapi ku sabab hayamna jorok pisan. Hayam bakal ngecagkeun bayah sapanjang jalan anu diliwatan ku jalma-jalma sahingga bisa ditincak ku manusa. Henteu ngan di jalan tapi oge di teras imah jalma. Ningali kitu, Meli ngarasa geuleuh lantaran tai hayam mancawura kamana-mana.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "6366", "text": "Basa nuju ondangan ka babaturan SMP na nu nikah, Asti make baju gamis nu dibalut ku brokat simpel. Mimiti datang teh tuluy miheulakeun fofotoan jeung panganten. Geus kitu, tuluy we nembe ngantri jang parasmanan. Pas keur ngantri bari ngobrol, eh babaturanna nuduhkeun aya nu bajuna sarua jeung Asti. Jalma na teh ditukangeun Asti, kahalangan lima urang. Pas dilieuk, heueuh we sagalana sarua, ngan beda sandalna hungkul. Asti jeung babaturanna seuseurian bari rada era sabab bajuna pasaran, loba nu nyaruaan. Asti tuluy diuk we bari dahar, teu ka mana-mana deui. Asti teu kuat era sabab bajuna aya nu nyaruaan, bisi disangka kembar, tuluy langsung we uih.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "7233", "text": "Tos leuwih ti lima taun abdi ngarasa nyeri dina tonggong, awalna mah mikir ieu ngan nyeri biasa pedah posisi diuk jeung sarena teu bener. Abdi tos nyobian ngagentos bantal jeung kasur make kasur anu leuwih sehat jeung nyaman kanggo tonggong, tapi tetep we nyerina teu leungit. Abdi oge tos nyobian diurut ku tukang urut, tapi nyerina ngan leungit sakeudeung. Hiji poe abdi ngahaja datang ka dokter spesialis tulang, abdi mutuskeun kadieu lantaran tos gaduh artos nu cekap kanggo ka dokter. Pas diparios ku dokter cenah abdi gaduh kalainan tulang belakang janten kedah dioperasi, lamun teu dioperasi kuring bakal nyeri saumur hirup. Abdi sieun lantaran teu pernah dioperasi. .", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "8943", "text": "Fobia sosial mangrupikeun kasieun anu kaleuleuwihan anu dialami ku rumaja nalika aranjeunna kedah nyanghareupan kaayaan sosial. Contona, kawas kudu gawé bareng jeung kelompok diajar atawa kudu muncul di hareup kelas pikeun nepikeun hiji hal. Hal anu nyababkeun jalma anu kaserang phobia sosial nyaéta sieun ditilik ku batur atanapi sieun ngerakeun diri anjeun dina panon umum. Kaayaan ieu tiasa mangaruhan kapercayaan diri sareng harga diri hiji jalma, sareng tiasa ngaganggu prestasi rumaja di sakola. Faktor utama anu nyababkeun fobia sosial di rumaja nyaéta bullying. Bullying mangrupikeun salah sahiji pemicu utama fobia sosial anu dialaman ku rumaja. Bullying mangrupikeun bentuk paripolah agrésif kalayan kakuatan individu atanapi kelompok anu langkung kuat. Tindakan ieu dilakukeun sababaraha kali kalawan tujuan pikeun ngaganggu jalma séjén anu dianggap leuwih lemah batan manéhna.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "4343", "text": "Sataun dua taun katukang indonesia pernah di ramekeun ku trend anu ngarana ikoy ikoy an. Ikoy ikoy an ieu sarupa jeung giveaway sarua undian anu di pilih acak tapi ikoy ikoy an ieu biasana mangrupa duit. Duit na oge rupa rupa bisa anu leutik atawa gede gumantung kana kabutuhan jelema na. Ikoy ikoy an ieu biasana urang kudu ngafollow sababaraha akun tuluy komen. Anu komen nya rupa rupa aya anu iseng hungkul misal menta meuli bakso nepi ka anu serius menta duit keur menerkeun imah atawa ngajieun usaha. Nu meunang na di pilih sacara acak. Babaturan kuliah urang pernah meunang duit 4 juta rupiah tina ikoy ikoy an, maneh na pas meunang sujud syukur sangking reuwas jeung bersyukurna, maneh na emang butuh pisan duitna keur meuli laptop kusabab laptopna ruksak.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "2542", "text": "Pasihan Ganjaran Nalika Barudak Berhasil Diajar Ngantri\nDi dieu, cara anu gampang pikeun ngajarkeun budaya ngantri ka murangkalih tiasa dirojong ku masihan hadiah unggal anjeunna suksés nalukkeun dirina pikeun diajar ngantri. Ganjaran anu dipasihkeun ku kolot bakal ningkatkeun motivasi budak pikeun ngajajah karakter-karakter alus anu sanés. Barudak ogé bakal gumbira jeung ngarasa dampak nyata lamun maranéhna ngalakukeun alus ku antrian.\nPikeun pahala sorangan, kolot bébas méré nanaon, coba méré ganjaran hal anu ogé bisa ngadidik maranéhna. Sanajan kitu, nalika barudak geus biasa antrian, kolotna bisa ngeureunkeun ganjaran ieu sangkan budaya antrian teu jadi tameng pikeun meunangkeun hiji hal, tapi karakter nu ngahiji dina dirina.\nNetepkeun Conto dina Lingkungan Sapopoé\nTungtungna, cara anu gampang pikeun ngajarkeun budaya ngantri ka barudak nyaéta ku conto langsung dina kahirupan sapopoe, khususna nalika aranjeunna aya dina lingkungan sosial anu langsung hubungan sareng jalma sanés. Tahapna, kolot méré conto heula, tuluy barudak nurutan. sabab ti leuleutik geus bisa ngokolakeun antrian.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "1364", "text": "Hiji poe urang diajak ulin ka pantai, mun geus di pantai mah asa teu afdol lamun urang teu ngadahar seafood. Tuluy urang diajak ka tempat seafood langganan manehanana, didinya ceunah lauk-laukna teh masih keneh seger, jadi ngeunah mun di dahar. Pas kadinya teh emang enya lauk-laukna teh seger, da katinggali tina bentukna oge. Tapi urang ngarasa geuleuh ku bau amisna, nepikeun ka urang mah teu kuat ninggalianna oge, jeung nitah babaturan nu milih sorangan. Urang langsung diuk di bangku nu kosong nu geus disadiakeun, sakapeung mah inget deui ka lauk nu geus dtinggali teh, sok karasa deui bauna. Sanajan teu kaambu oge.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "6072", "text": "Saprak aya wabah covid-19 mah, isu gangguan kasehatan mental teh jadi ningkat drastis. Pasalna, loba jalma nu ngarasa stress jeung depresi sabab teu bisa ngajalankeun kahirupanna sapertos biasa. Loba nu ngarasakeun yen kahirupanna teh teu beda hewan nu dikurung dina kandang, teu bisa liar jeung teu bisa ka sabarang tempat. Hal ieu teh nu jadi pamicu kaayaan pikiran depresi jeung sters nu ujung na bakal ngajadikeun gejala panic attack. Gejala panik attack teh lolobana disebabkeun tina faktor stres jeung depresi akan suatu hal. Mantakna, ku ayana wabah covid-19 teh kudu bisa adaptasi sing tereh jeung oge bisa nyasuaikeu kahirupan kana sistem serba daring supaya teu katinggaleun.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "4683", "text": "Bullying oge aya anu sacara verbal biasana condong jadi hese ngakuan sabab biasana lumangsung nalika hiji sawawa teu hadir. Tapi bully sacara verbal ieu teu eleh bahaya na jeung bully sacar fisik, beda na ngan teu katempo hungku. Para palaku bullying biasana bakal ngalakukeun bullying kayaning nganyenyeri, ngagoda, nyebut ngaran kalawan ngaran nu pantes, ngahina jeung nyingsieunan korban maranehanana. Korban na biasana jadi ngarasa boga kasieunan anu leuwih bisi di bully. Hirup na jadi teu bisa di beba ku sabab loba kasieunan nyaeta sieun di bully. Kasieunan ieu teh mangrupa phobia anu efek na oge gede pikeun kahirupan jelema kahareupna.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "622", "text": "Basa mimiti aya bisul dina cangkeng urang teu nyangka beuki lila ngagedean, da panya teh bisul biasa jeung bakal cageur ku sorangan sanajan teu dipariksa ka dokter oge. Tapi urang salah, beuki poe teh kalakah beuki ngabadagan jeung karasana arateul hayang ngagaro. Si bentukna teh buleud tuluy di pangluhurna teh aya warna hideungan. Ku bakat reuwas tuluy urang bebeja ka indung menta saran ti indung naha kudu ka dokter atawa henteu. Tapi untungna indung ngaizinan malah mah dianteur ka dokterna oge ku indung. Saenggeus ti dokter mah jeung dibere ubar olesna, si bisulna teh beuki lila beuki ngempesan jeung teu karasa arateul deui.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "5602", "text": "Ngarayakeun ulang taun babaturan teh mangrupakeun salah sahiji kasenengan. Biasana sok hoyong mere hadiah jeung surprise dina ulang taun na. Ngan kudu inget, ulah nepi ka maksakeun teuing. Tong nepi ka mere hadiahna nu berlebihan nu mantak ngaripuhkeun sorangan. Bere we hadiah nu urang mampu. Sabab nu ditingali mah lain naon nu diberena, tapi saha nu merena. Hadiahna oge utamakeun nu keur dibutuhkeun, nu aya mangpaatna, lain saukur pajangan hungkul. Sabab hadiah naon wae ge ai ti babaturan mah bakal katarimakeun na berkesan. Nu penting kan geus nunjukeun kanyaah ka babaturan. Jadi, mun rek mere hadiah ka babaturan teh nu aya mangpaatna nya, supaya kainget terus ku babaturan teh!", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "2137", "text": "Pantes pisan yén dinten ayeuna kuring di imahkeun (istilah anu saé pikeun PHK) Rasana kawas keur dipecat.Anu pasti aya sababaraha nu dirasakeun ku maranehna nyaeta sedih, kuciwa, bingung, sieun, jeung sajabana.. Sanaos teu aya anu sapertos PHK anu saé, sanés? . Panginten rébuan jalma parantos PHK kusabab kaayaan pandémik ieu. Kaasup kantor kuring digawé panungtungan, nu PHK rada sababaraha pagawé. Sajujurna, aya saeutik isin mun PHK kawas kieu. Rumasa kitu kudu dikorbankeun. Tapi enya deui, ieu skenario anu panghadéna ti Alloh, mugia abdi ogé langkung caket ka anjeunna, neda dihapunten pisan, sareng ngadoakeun mugia dimudahkeun rezekina dina kaayaan pandémik sapertos kieu. Tong hilap, restu kolot ogé penting pisan.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "8201", "text": "Batur teh sok sieun upami dicarekan teh. Padahal urang teu kudu sieun upami dicarekan kusabab dicarekan teh cara nu tiasa ngajarkeun urang janten leres. Aya cara-cara nu tiasa dilakukeun ku urang upami ngarasa sieun dicarekan. Kahiji, urang atur pernapasan. Napas nu teratur teh tiasa nyieun urang panik tur deg-degan. Kadua, siapkeun kalimat atanapi alesan pikeun ngajelaskeun kunaon urang tiasa dicarekan. Alesan didieu nyaeta alesan nu leres tur logis ulah alesan nu dijieun-jieun. Upami urang nyieun alesan nu teu leres atanapi ngawadul batur tiasa ningali tur janten nyarekan urang leuwih-leuwih deui. Katilu, dangukeun naon nu dicarioskeun ku nu nyarekan. Ti ngadangukeun ieu urang tiasa nyaho naon nu dihayangkeun ku nu nyarekan janten urang tiasa mere solusina.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "8237", "text": "Cara ngadeteksi upami hiji jalma ngagaduhan perilaku sieun sawaktos keur sorangan aya babaraha.Sacara umum, gejala, atanapi ciri-ciri autofobia teh tiasa katempo sahanteuna 6 bulan saatos dialaman. Nu tiasa ngaidentifikasi teh nyaeta dokter nu emang ahli dibidang ieu. Dokter tiasa ngetes atanapi ngadiagnosis autofobia ngagunakeun perkawis-perkawis, sapertos sieun nu lilana minima 6 bulan, ngarasa hariwang upami keur nyalira, sieun dina situasi nu teu berbahaya, timbul gejala sawaktos keur nyalira. Dina budak, fobia ieu tiasa nyebabkeun gampil rewel, tantrum, sareng hese komunikasi jeung jalma sejen. Gejala-gejala ieu teh tiasa ngaganggu aktivitas sapopoe jalma nu mengidapna. Mikanyahoan diagnosis tadi taisa ngabantos dokter nentukeun pangubaran tur terapi nu sesuai.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "2559", "text": "Naha kuring bener-bener jahat upami kuring selingkuh sareng jalma sanés nalika kabogoh kuring saé pisan? Naon anu kudu kuring pigawé?\r\nTeu goréng. Meureun kabogoh anjeun salah, pikeun milih jalma anu salah pikeun dipikacinta. Kuring masih ngarasa, anjeun leuwih hade putus jeung kabogoh anjeun. Kusabab jalma kawas anjeun, teu pantes jalma alus. Dina tingkat ieu, jalma alus meunang jalma alus. Selingkuh jalma kawas anjeun, sigana kawas anjeun kudu meunang jalma anu boga hobi sarua anu resep selingkuh. Éta pisan. Ku kituna anjeun ogé ngarasa sensasi dinyenyeri ku batur. Tong nganyenyeri jalma anu teu pernah nganyenyeri maneh. Kusabab engké anjeun mawa kaluar potensi Tret jahat ti kabogoh anjeun sarta tungtungna mun anjeun exes, anjeunna janten mean ka pasangan salajengna. Hehehehe, anjeun teu kudu ngarobah. Jalma jahat teu ngarobah kabiasaan maranéhanana. Tapi kuring miharep, anjeun bakal ngarasa karma tina buah nu dipelak", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "6990", "text": "Lantaran hoyong katingal hade ku rerencangan anu sanes, aya hiji rerencangan abdi anu mulai masang tato di pananganna. Abdi tos ngingetan manehna yen tato teh sanes sapertos tip ek anu tiasa dihapus sakumaha kahayang urang. Sakali masang tato, eta bakal aya dina kulit saumur hirup urang. Tapi manehna keukeuh hayang ditato lantaran seeur babaturan di geng na anu moyok manehna teu boga tato. Manehna oge ditato di tempat anu murah lantaran teu boda duit kanggo masang tato di tempat anu geus boga ijin ti pamarentah. Asalna manehna atoh tapi lia-lila kulitna bareureum lantaran infeksi tina jarum anu dipake pas nuju ditato teu beresih. Manehna kapaksa dibawa ka rumah sakit. ", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "639", "text": "Pernah ngaprank nu jualan gorengan ku cara urang meuli gorenganna loba tapi ditungtut hiji-hiji, nepikeun ka tukang gorenganana teh reuwaseun lantaran awak leutik tapi daharna loba, tapi prank ieu ngauntungkeun penjualna oge lantaran daganganna jadi laris dibeulian ku urang. Ninggali ekspresina nu teu percaya jeung reuwas sakaligus bungah. Tapi baheula mah lantaran can usum nyieun video konten prank, jadi teu nyieun video. Ieu mah murni hayang ninggali kumaha ekspresi jeung tanggapan si penjual. Prank nu kieu sabenerna sederhana, teu kudu nu hese-hese. Jeung deuih boh ti pihak korban prank atawa nu ngalakukeunna, dua-duana bungah. Euweuh pihak nu dirugikeun, sakaligus bisa ngamajukeun UMKM.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "8963", "text": "Hiji mangsa anu paling kuring teu resep nyaéta nalika kuring sieun dicarekan ku dosen anu telat ka kelas atanapi nalika kuring telat ngalebetkeun tugas. Aya hiji waktos dina dinten éta kuring ngarasa kesel pisan sadinten kusabab kuring angkat ka kampus hujan, jeung angkot anu ku kuring di tunggangan mogok di tengah jalan. Kuring kudu geura-giru neangan angkot sejen anu arahna sarua jeung tujuan kuring. Nepi ka kelas kuring geus telat satengah jam, sieun pisan asup ka kelas. Kuring cicing di hareupeun panto sakeudeung pikeun ngumpulkeun kawani jeung nyiapkeun mental kuring. Mun dosen ngagero kuring teu pati heran sabab kuring nyaho kuring salah. Ahirna kuring asup kelas jeung, salam ka dosen sareng rerencangan. Untung dosen teh teu nyarekan abdi tapi mung naroskeun alesan kunaon abdi telat lebet kelas sareng pas dijawab dosen kahartos, sarta ahirna kuring nuturkeun kelas kalawan tenang.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "1368", "text": "Rasa geuleuh bisa babari aya pas ninggali imah nu pinuh ku laleur. Bayangan laleur nu ngapur di sabudureun dahareun atawa bisa wae di jero imah bisa nyieun saha wae oge ngarasa teu nyaman jeung teu sehat. Laleur bisa jadi sumber panyakit jeung kontaminasi, lantaran maranehna bisa mawa kuman jeung bakteri ti tempat sejen nu maranehna datangan. Salian eta, kaayaan laleur di jero imah bisa ngaindikasikeun kurangna kaberesihan jeung sanitasi di lingkungan sabudureun. Sanajan laleur teh sato gegemetan nu umum aya di lingkungan, tapi mun loba teuing laleur di imah bisa jadi masalah jeung bisa mangaruhan kana kasehatan jeung kenyamanan urang nu nempatanna.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "7615", "text": "Nganggo sapeda kedah ati-ati, basa kuring nyobian sapeda anyar anu jangkung di gang, abdi ngarasa hese ngendalikekun sapedana lantaran jangkung teuing, komo basa ngaliwatan belokan heurin dina gang, abdi teu kahaja nabrak pager batur nepikeun bagian remna potong, abdi langsung panik jeung sieun lantaran remna geus potong janten kedah lalaunan jalanna. Sajajalaneun kuring lalaunan pisan mawa sapedana sieun teu tiasa ngarem. Pokonamah kumaha carana kuring teu ngaliwatan tanjakan atawa turunan, unggal aya tanjakan jeung turunan eta sapeda ku kuring dituntun. Untungna di tengah jalan kuring nimu bengkel tuluy menta pang benerkeun rem sapeda janten pas balikna tos tiasa dianggo deui. ", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "7535", "text": "Poe ieu abdi telat gugah, janten angkat ka sakola oge telat pisan. Pas asup ka gerbang, abdi ditahan heula ku petugasna. Aya lumayan seeur siswa anu telat poe ieu, poe Senin emang tos janten poe langganan siswa tarelat lantaran jalan oge leuwih macet ti biasana. Pas dititah asup urang sadayana langsung nyerat nami dareng jam datang di kertas. Saatos eta sadayana dipapatahan jeung dipasihan hukuman. Abdi meunang hukuman ngaberesihan kamar cai, lantaran caina leutik abdi sareng nu sanesna jadi lami pisan ngaberesihan kamar caina, jadi we asup ka kelasna oge telat. Pas bade lebet ka kelas abdi sieun lantaran tos aya guru jeung rerencangan anu sanes nuju fokus merhatikeun guru, bisi ngke diseuseulan deui. ", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "1410", "text": "Pas salah ngageroan ngaran batur, pasti urang ngarasa era. Pas ngarasakeun rasa era ku sabab salah ngageroan ngaran batur, urang jadi ngarasa teu nyaman, gelisah, jeung ngahindar kontak mata jeung jelema nu ku urang salah panggil ngaranna, komo deui mun nu ku urang geroan teh jelema nu kasohor. Rasa era eta tuluy berlanjut nepika sababaraha poe bahkan saenggeus kasalahan eta kajadian, nyebabkeun rasa cemas jeung tekenan nu berkepanjangan oge. Ku sabab kitu, penting pisan jang mariksa identitas samemeh urang ngageroan ngaranna, utamana pas jelema eta penting atawa kasohor, ngameh teu kajadian deui kasalahan nu sarua kahareupna jeung ngahindar tina rasa kaera nu henteu kudu.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "9223", "text": "Jaman kuring kelas 3 SD, leungeun kéncana patah. Waktos éta kuring patah tulang sabab kuring labuh basa keur maén bal. Nalika kuring murag kuring nahan ku leungeun kénca kuring, tapi kusabab leueur leungeun kénca kuring kakilir sareng tungtungna patah tulang. Sanggeus kajadian éta kuring langsung dibawa ka dokter ku kolot kuring, sarta dijalankeun terapi ka tukang urut. Sakali nalika kuring nuju diurut, kuring ngalaman hal anu ngerakeun. Nalika kuring diurut kuring nahan kanyeri ku cara nyepengan panangan indung kuring sareng nahan napas bari diurut dina bagian anu paling nyeri. Nalika diurut dina bagian anu paling nyeri, kuring milih nahan napas tibatan ngajerit. Kusabab kuring nahan napas sigana kuring rada ngeden akhirna kuring hitut, sareng hitutna lumayan.badag nepi ka kadangu saimah. Kuring éra pisan sabab seueur anu ngadéngé hitut kuring, tapi indung kuring kalah seuri kusabab kajadian éta. Saprak harita kuring leuwih resep ngagorowok bae tinimbang nahan napas, sieun hitut deui lamun nahan napas.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "5633", "text": "Salah sahiji efek tina body shaming nyaeta ngajieun sasaorang jadi depresi sabab loba mikiran soal awakna nu teu sasuai jeung harapan batur. Padahal dibalik eta, self love oge penting ayana. Urang perlu ngaapresiasi awak urang sorangan, sabab urang geus berjuang sakeras mungkin jang mertahankeun awak urang. Tong dijadikeun penyesalan sabab teu bisa awakna jiga batur, justru eta jadi kaunikan satiap jalma. Mun aya nu body shaming, ulah dipikiran jero teuing, anggap we eta jelema teh pertanda boga sirik ka awak urang sabab teu mampu jiga urang. Kurang-kurangan ngeluh, kudu dilobakeun bersyukur kana naon nu geus dipaparinan. Tong nepi ka body shaming ka batur nya!", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "280", "text": "Tanggal 17 Agustus 2014 salian ti poe kamerdekaan, oge poe kabagjaan urang sabab lanceuk urang kawin. Harita urang masih kelas 2 SMA. Samemeh poean kawinan, imah urang di dekor ku tukang dekor. Di imah oge geus lumayan rame tamu daratang jang mere amplop jeung ngawilujengkeun. Di dapur oge kitu saribuk marasak, sabab poe isukna poean acara kawinan. Samentara eta, urang sibuk meuli batik jang dipake isukan. Sabab keur rame batik nu motif bola, urang oge meuli batik motif Persib. Di momen kawinan eta oge, kakaraeun kulawarga urang bisa lengkep difoto. Peutingna arurang kabeh ngumpul di tengah imah, mukaan eusi amplop.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "4294", "text": "Basa wisuda kuliah kamari, urang teh ngarasa sedih kusabab eweh babaturan deuket anu datang marengan, rada sirik ningali batur rame yen loba babaturan na anu datang bari jeung mere ucapan selamat. Ari urang ngan di baturan ku kolot jeung adi hungkul. Eh ari pas keur urang foto foto, tiba tiba babaturan urang nonghol di tukang ngareuwasken, maranehna akhirna nyempetkeun datang jauh jauh naek motor mamawa hadiah jeung kembang duh eta rasana meni reuwas sakaligus bungah pisan. Ternyata maranehna paduli jeung inget ka urang, jadi rupa na babaturan urang teh ngahaja teu ngabejaan ameh urang reuwas padahal ti awal ge emang barudak geus niat rek datang ka wisudaan", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "6894", "text": "Poe nu geus didagoan mangbulan-bulan datang. Sarerea geus datang pikeun ngagungkeun kabagjaan panganten anyar. Akad nikah anu khidmat tos dilaksanakeun. Para tamu sararea ngariung babarengan ngadoakeun yen pasangan anyar ieu dipaparin kabagjaan anu langgeng. Sanggeus eta, maranehna nuluykeun ka resepsi. Sajumlah jalma anu hadir mawa hadiah barang-barang berharga. Panganten anyar ieu oge nganuhunkeun pisan pikeun sadaya doa sareng kado anu aranjeunna tampi. Salian ti eta, maranehna oge ngarasa syukur pisan lantaran gaduh seeur rerencangan jeung kulawarga anu ngadukung maranehna. Tungtungna, pasangan anyar seuri jeung bungah pisan. Aranjeunna bersyukur geus kapanggih kabagjaan anu salila ieu dipilarian. Maranehna jangji pikeun silih asih saumur hirup.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "2091", "text": "Di sakola dasar, prakték modeling pangalaman pribadi unik biasana nanya ka siswa pikeun ngabejaan ngeunaan kumaha maranéhna menang pangalaman nu paling rees. Ku kituna, Sadérék masih kénéh wawuh kana rupa-rupa. Tah, ieu teh ngabuktikeun yen nyieun carita pangalaman pribadi teh teu salawasna kudu luar biasa. alus teuing.\n1. Mimitian carita pribadi anjeun ku teuleum deui kana émosi anjeun\n2. Jieun Daptar Titik Balik dina Carita Anjeun\n3. Jieun alur-alurTanpa Kudu dina Wangun Kronologis\n4. Fokus kana Hiji Carita Pangalaman Pribadi Anjeun salaku Klimaks\nAnjeun tiasa gaduh perjalanan hirup sareng pangalaman anu luar biasa pikeun dibagikeun. Nanging, kumaha cara nyerat carita pangalaman pribadi anu épéktip ngabutuhkeun anjeun milih hiji mémori anu paling kuat sareng gaduh pangaruh anu paling ageung. Aturan sapertos kieu biasana ogé aya dina seueur conto artikel pangalaman pribadi anu dicaritakeun.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "3279", "text": "Mudik ti mudik Lebaran, Ibu-ibu bisa manggihan imah nu rada béda ti biasana. Sumuhun, sanggeus ditinggalkeun kosong sakedapan, imah bisa ngarasa damper jeung mustier. Masalah sejen anu timbul nyaeta serangga anu jadi 'warga anyar' nalika anjeun jauh ti imah. Teu jarang imah kosong janten sarang serangga sapertos sireum atanapi cockroaches, khususna upami anjeun gaduh waktos nyéépkeun tuangeun tuangeun di bumi. Henteu ngan ukur ngaganggu kanyamanan, serangga sapertos kecoak ogé tiasa janten sumber panyakit, ku kituna serangga ieu kedah diusir ti bumi. Ibu-ibu tiasa terang yén aroma lavender tiasa ngajantenkeun anjeun bobo langkung saé, sareng minyak pepermin tiasa nyegerkeun awak anjeun. Nanging, panginten henteu sadayana terang yén minyak atsiri atanapi aromaterapi ogé tiasa dianggo salaku panolak serangga.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "4438", "text": "SARA jadi sensitip kusabab beda budaya anu diwangun sacara sosial jeung politik dina ngaran beda etnis jeung beda agama. Disagigireun ti eta, pangaruh primordialisme ogé mangaruhan kana SARA anu sensitip, sabab lolobana masarakat Indonesia anti-robah, dina harti lamun aya nu datang nawarkeun hal anyar dina era globalisasi, golongan eta tetep taat kana kapercayaan anu geus turun-tumurun. ti generasi ka generasi. Contohna leutikna wae anu di alaman ku urang salaku perantau anu datang ti etnis suku anu teu sarua jeung panduduk aslina, dina kaulinan keur leutik oge urang mindeng di hina mindeng di poyokan kusaba urang teh beda dina logat bahasana, nyeri hate kesel hayang ngambek tapi nya teu bisa keur leutik mah, tapi ayena geus gede kieu urang geus boga pamikiran jeung kawanian anu gede, jadi urang bisa ngalawan. ", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "7263", "text": "Harita, abdi nuju nganteur mamah ka IGD lantaran tos waktosna abdi nu ngajagaan mamah. Pas nuju cicing di IGD abdi ningal aya sababaraha jalmi anu ngalangkung di IGD. Tapi pas ningal ka salah sahiji kasur anu aya di caket tembok abdi ningal aya hiji pasien anyar anu karek pisan datang, abdi ngarasa wawuh sabab ningal menahna dianteur ku mamahna. Supados yakin, abdi mastikeun deui pasien eta, pas ditingal deui epekteh eta rerencangan abdi basa SD. Abdi masih keneh inget lantaran wajahna teu seeur robah ti pas SD. Lantaran nuju teu tiasa nyampeurkeun, abdi ngan tiasa naros via SMS pas sababaraha poe saatos manehna dirawat.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "5635", "text": "Bapak teh ayeuna mah sering pasea wae sareng mamah di bumi teh. Abdi sok soak ngadanguna, bari ceurik da sedih ningalina. Biasana bapak teh can pernah kasar ka mamah, komo mun nepi ka ngabentak mah, teu weleuh leuleuy we. Ngan ayeuna teuing kunaon geus saminggu bapak mun balik ka imah sok ambek-ambekan wae. Hiji poe, ku abdi dituturkeun bapak ka pagawean na teh. Singhoreng mah di tempat pagawean na teh sok aya nu nyumponan kabutuhna, nu gawe bareng jeung manehna. Abdi meuni jengkel pisan ningalina. Abdi tuluy we bebeja ka mamah, tuluy nangkeup mamah supaya teu sedih teuing. Sing dipasihan kasabaran pisan.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "4409", "text": "Basa jaman sakola SMP SMA sigana geus teu aneh ku istilah anu ngarana labrak labrakan, biasana labrak ngalabrak ieu di lakukeun ku senior di sakola ka junior na, alasan utama na biasana barebut lalaki. Senior anu kudu na jadi contoh keur junior na kalah ngalakukeun hal anu henteu terpuji, labrak labrakan ieu biasana lamun teu salah henteu ngan sakadar omongan tapi oge tindakan nepi ka pasea. Loba kasus anu model kieu oge viral, gara gara parebut lalaki nepi ka pasea teungeul teungeulan jabak jambakan jeung nu sejena, jeung biasana lamun senior teu sorangan tapi mawa babaturan na jadi keroyokan. Lamun di keroyok kitu mah ges jadi salah sahiji kasus kekerasan, matak di sababaraha kasus utamana kolot na pasti teu tarima anak na di gebugan atawa di tengeulan kitu biasana kolot na ngambek jeung parah na bisa ngadu kasakola atawa lapor ka pulisi. ", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "5117", "text": "Poe mimiti kuliah teh kudu disiapkeun sing bener-bener, mulai tina pakean, kalengkapan, jeung karapian. Tunjukkeun yen urang teh mahasiswa nu geus siap nampa elmu. Pakean na kudu rapih, make kameja jeung calana panjang atawa pakean formail lainna, tong make kaos oblong. Alas sampean na oge kedah diperhatikeun, kedah ngangge sapatu nu nutupan jari sampean jeung tumitna, ulah ngangge sendal atawa talincang. Siapkeun oge alat-alat jang diajar, buku atawa binder, balpoin, jeung alat lain nu dibutuhkeun. Kahade tong nepi ka tinggaleun, sabab bakal hese deui neangna. Oh enya, mental oge kudu disiapkeun, tunjukkeun bahwa urang bakal jadi versi pangalusna na diri urang!", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "8221", "text": "Upami aya bencana alam teh ngan aya babaraha cara nu tiasa urang lakukeun. Tetetp kalem tur nyelamatkeun diri nyalira sareng kulawargi teh cara nu tiasa urang lakukeun, sesana urang serahkeun ka nu maha kawasa. Bencana alam oge tiasa nyeiun trauma saatos kajadian bencana alamna. Upami perkawis eta aya babaraha cara nu tiasa dilakukeun sapertos. Manfaatkeun waktos pikeun nyasuaikeun diri. Antepkeun diri urang ngaratapan kahanjeluan tur cobi sabar pikeun ngarubah kondisi emosional. Teras menta dukungan ti urang-urang nu deket sareng urang. Dukungan sosial teh komponen konci tur penting pisan pikeun pemulihan pasca bencana. Teras urang tiasa oge gabung ka kelompok pendukung. Kelompok pendukung nu dimaksad didieu teh nyaeta kelompok nu dipimpin ku para profesional nu terlatih tur berpengalaman. Kelompok pendukung ieu tiasa ngelingan urang tina kahanjeluan.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "8912", "text": "Abdi gaduh kabiasaan goréng pikeun di panggung, bari ditingalian ku jelema anu seueur. Kuring sok ngalaman sieun ai keur dilihur panggung. Kahiji, suku kuring teu bisa nangtung lempeng, ngarasa kawas suku kuring jadi leuleus jeung teu bisa nangtung lila. Kadua, leungeun kuring bakal karasa tiis jeung késangan pisan, alatan éta kuring bakal pageuh nyekel rok saragam kuring pikeun ngusap késang. Katilu, nalika kuring di panggung, biwir kuring ngageter tur sora kuring bakal ngaleutikan nalika kuring nyarios. Kaopat, panon kuring teu tiasa cicing, kuring bakal neuteup ka sadaya arah supados gugup kuring leungit. Nepi ka ayeuna kuring sok ngarasa gugup lamun keur di panggung, da can manggih cara pikeun nyingkirkeunana.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "664", "text": "Pernah kapikiran teu meunang undian umroh gara-gara meuli smartphone nu 700 rebu? Ieu nu ku urang rasakeun pas meuli smartphone ngaliwatan online nu hargana 700 rebu. Awalna mah iseng-iseng meuli jang alo ku sabab HP na ruksak. Tapi teu sangka meunang undian umroh. Awalna mah di telepon heula pihak brand nu ngayakeunna, ditanya naha bener ieu teh meunang undian umroh. Tuluy ditanya ngaranna saha, ku bapak urang dijawab ngaran urang nu panghareupna hungkul, ngahaja teu lengkep teh ngameh mun bener mah pasti pihak nu ngayakeunna boga ngaran lengkep urang. Pek teh bener disebutkeun ngaran lengkap urang bari jeung domisilina, nu nandakeun eta undian umroh teh bener.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "6916", "text": "Dinten ieu janten dinten paneuri abdi gawe di kantor tempat abdi gawe salila dua taun. Beurat pisan rasana abdi ninggalkeun tempat ieu lantaran abdi tos dekeut pisan sareng rerencangan di dieu. Abdi oge ngarasa ieu mangrupakeun tempat gawe anu ngeunaheun. Abdi tiasa diajar seeur pisan di dieu. Tapi kumaha deui, hal ieu tos janten kaputusan anu pang sae na kanggo pausahaan ieu lantaran kondisina nuju teu stabil, janten kedah aya nu dikorbankeun. Abdi sanes hiji-hijina pagawe anu di-PHK aya sapuluh jalmi anu sanes anu nasibna sami sareng abdi. Abdi pamit ka sadayana sakaligus menta dihapunteun ku sadaya rerencangan di kantor.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "2215", "text": "\"Ah, kolotna papisah hah? Lain budak broken home hah?\" Ceuk indung kabogoh kuring (mantan ayeuna). Henteu aya anu énggal nalika aya anu terang yén kuring budak ti rumah tangga anu rusak sareng aranjeunna langsung ngagantelkeun stigma anu nyeri ka kuring. Sagalana kudu nyeri di awal. Sarua jeung pipisahan kolot. Kolotna papisah nalika kuring kelas 3 SMA. Abdi émut ogé, éta sababaraha dinten sateuacan Ujian Nasional sareng ulang taun kuring. Sabenerna, kuring teu reuwas teuing lamun kolot kuring cerai. Sabab dina pamendak kuring mah, kebersamaan maranéhanana ngan ukur nganyerikeun batur. Teu sapoé tanpa gelut. Unggal rék meureumkeun panon, sok ngaharéwos yén kolot mah sakadar pepegatan. Sabab kuring geus bosen ku kaayaan rumah tangga maranéhna.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "7220", "text": "Poe ieu janten kahiji kalina abdi nyobian bumi anyar. Abdi bobo di kamar sorangan, lanceuk jeung adi anu sanes bobo di handap di lantai hiji. Pas tos mulai pereum abdi ngarasa teu tiasa gerak, lamun ceuk mamah mah ieu teh namina ereup-ereup. Alhamdulillah pas tos sababaraha menit abdi tiasa gerak deui teras langsung ngadua sateuacan bobo. Pas tos bobo abdi ngarasa aya nu maenkeun buuk kuring, abdi ningal leungeun lalaki anu nyisieran tapi teu yakin lantaran tunduh, sugan teh adi jeung lanceuk kuring anu jail, tapi pas isuk-isuk ku abdi ditaros cenah mah sadayana teu aya nu ka lantai dua pas peuting.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "7004", "text": "Cicing di Kota batur ngajadikeun abdi sono pisan ka suasana di bumi nyalira, paling karasa na mah basa geus rek bobo, biasana lamun tos weungi pas tos sepi. Teu aya nu tiasa diajak ngobrol, abdi teu tiasa bobo, mikiran kulawargi anu aya di bumi. Pas nuju emam oge rasana teu ngeunah emam sorangan, sanajan emam dahareun anu dipikaresep tapi ai daharna sorangan mah teu aya nikmatna. Kajeun dahar saaya-aya tapi sasarengan jeung kulawargi tipada dahar ngeunah tapi sorangan bari mikiran nu di imah dahar sareng naon. Kadang sok inget pasakan mamah anu sederhana tapi teu aya nu tiasa nyamikeun raosna.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "3355", "text": "Abdi kantos ngalaman kajadian sapertos kitu. Sabenerna teu persis sarua, tapi jigana kasus nu sarupa jeung kuring. Nalika kuring kelas 3 SMA, kuring sareng rerencangan awéwé latihan di kolam renang umum pikeun ujian ahir pikeun mata pelajaran olahraga. Saliwatan waktos éta kolam renang sepi, Anjeun bisa nyebutkeun pisan sepi. Ngan aya kuring jeung tilu kabogoh. Basa rék mandi jeung ganti baju di kamar mandi, bari nyeuseuh buuk ku sampo, babaturan kuring ngadadak ngagorowok. Kuring milu panik. Salah sahijina ngadeukeutan ka bilik tempat kuring mandi ditutupan panon. Anjeunna ngaharéwos ka kuring pikeun mundur, ulah ngadeukeutan panto. Tétéla, panto kamar mandi tembus. Sapinuhna tembus, utamana lamun kuring condong ngadeukeutan ka panto. Untungna, nalika babaturan kuring nyekel kuring, posisi kuring masih rada nuju ka tengah, jadi awak kuring teu bener kakeunaan. Anjeun ngan ukur tiasa ningali kurva awak kuring. Nalika réréncangan kuring nyarioskeun naon anu leres-leres kajantenan saatos kuring parantos ganti baju, kuring éra pisan. Duka teuing. Padahal réréncangan abdi sadayana awéwé. Abdi henteu terang, ngan campur aduk.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "2973", "text": "Sabenerna, dampak bencana anu lumangsung di hiji wewengkon bisa dikurangan ku ngaronjatna kapasitas rupa-rupa unsur di masarakat. Ngaliwatan naon? idéntifikasi tilu unsur, nyaéta hazard jeung vulnerability. Sakali diidentifikasi, urang tiasa ningkatkeun kapasitas urang pikeun nyanghareupan bencana. Numutkeun rumus ieu, kapasitas ngabagi bahaya sareng kerentanan. Langkung luhur kapasitas masarakat dina ngungkulan bahaya atanapi potensi bencana, sareng langkung handap kerentanan atanapi kerentanan anu aya di masarakat, dampak bencana tiasa diminimalkeun. Teu percaya? hayu urang buktikeun. Panginten urang tiasa ngamimitian nganggo rumus pikeun nganalisis kaayaan kuring ayeuna. Ayeuna kuring cicing di wewengkon anu jarakna kira-kira 25 kilométer ti puncak Gunung Merapi. Sabalikna, wewengkon kidul Yogyakarta deukeut jeung lempeng bumi, jadi wewengkon imah kuring berpotensi katarajang lini tektonik. Dina kontéks ieu, aya dua potensi bahaya atawa bencana anu bisa lumangsung, nyaéta gunung bitu jeung lini.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "5604", "text": "Basa nuju jalan-jalan di pantai Pangandaran, abdi ngeueum sampeuan dina cai lautna bari posisi calik. Dina posisi calik teh tangan abi bari ngarampaan pasir nu undur datang kabawa ombak. Keur anteng ngarampaan pasir, gep teh aya hiji barang nu kakeupeul ku panangan abdi. Pas diacungkeun ka luhur teh eta barang mangrupakeun cingcin warna emas nu tina jero pasir. Abdi reuwas sabab bisi aya nu kaleungitan. Geus lila teh euweuh wae nu neangan, nya entos we cingcin warna emas eta teh ku abdi dipasihkeun ka penjaga pantai kangge diumumkeun dina information center. Bilih aya nu kaleungitan sabab bisi beneran emas asli.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "5972", "text": "Mun ngalaman perlakuan bullying teh teu kudu sieun atawa murung tapi kudu wani nunjukkeun yen urang teh leuwih ti manehna. Biasana, jalma ngabully teh sabab ngarasa kasaing atawa ngarasa potensina aya diluhureun batur. Mantak, cara ngalawan na ge ku ngabuktikeun yen urang bisa leuwih ti manehna. Mun geus kabuktian kitu mah kan nu ngabully ge bakal mikir dua kali jeung bakal ngarasa era sorangan mun ngabully urang na ge. Jadi, mun aya nu wani ngabully, teu kudu sieun, bales deui we ku hal nu leuwih hade nu kira-kira teu bisa dilakukeun ku manehna. Yuk, bales kagorengan ku kahadean, supaya meunang pahala jeung batur meunang hidayah oge!", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "7886", "text": "Abdi mineng pisan nganggo ojek online, pernah hiji poe abdi mawa helem sorangan supados balikna tiasa miluan ka rerencangan. Pas abdi naik abdi tos nganggo helem janten anjeunna teu masihan helem. Pas abdi bade turun ti ojek, abdi sapertos biasa masihan ongkos teras masihan helem, tapi pas abdi masihan helem anjeunna kalahkah cicing sabari seuri, abdi karek nyadar yen ieu mah helem kuring sorangan sanes helem manehna. Abdi langsung era pisan lantaran kalahkah nyodorkeun helem bari teu ditarima ku si emangna, anjeunna kalahkah nyarios yen eta mah lain helemna. Abdi langsung nyungkeun nuhun sabari indit bakating ku era ka anjeunna. ", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "4052", "text": "Urang keur aya di restoran mewah jeung kaluarga urang, keur ngarayakeun ulang tahun urang anu ka tujuh belas tahun. Pas keur nungguan pesenan datang urang hoyong pipis teras urang ka kamar mandi sorangan, bari jeung ngantri mani lila pisan. Saengges pipis urang muka panto kamar mandina, teras rewas nempo jalma jiga syahrini di kamar mandi anu sarua jeung urang, didinya urang ngajentul teu nyaho rek kumaha pokona mah nungguan si syahrini na kaluar ti kamar mandi. Pas geus kaluar ti kamar mandi urang nuturkeun ti tukang, urang teu nyangka eta beneran syahrini soalna aya salakina oge didinya. Ti kadeukeutan mah si syahrini teh mani geulis kacida, baheula urang resep pisan ka syahrini pas keur jeung si anang. Ayeuna urang amprok langsung bungah pisan ku sabab, syahrini di tv jeung di karhirupan nyata teu jauh beda geulis jeung ramah da pas liwat teh ngomong punten ka urang bari seuri. ", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "6995", "text": "Unggal poe ningal beurang peuting mamah jeung bapa guntreng. Sabenerna mah teu kiat ningal na. Komo janten piomongeun tatanggi. Abdi paling nyeri hate pas rerencangan di sakola ngomonkeun kaluarga kuring anu teu akur. Rasana hoyong pisan kabur ti imah, tapi eta moal nyieun masalah janten beres, malah nambih-nambih masalah. Akhirna mah mamah jeung bapa mutuskeun kanggo cere. Rarasaan abdi ayeuna satengah bungah, satengah sedih, tapi aya oge rarasaan rada lega dina hate lantaran kuring tiasa fokus diajar, teu kedah mikiran masalah di imah. Sanajan loba nu ngomongkeun kuring, aya oge anu nyalahkeun kuring, cenah bapa jeung mamah teh cere kusabab kuring.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "5704", "text": "Andi poe ayeuna bade nguruskeun nyieun SIM di daerahna. Andi indit isuk keneh sabab ngantrina pasti lila, can tes kendaraan nana. Barang geus nepi ka Polres, Andi poho teu mawa map, tuluy meuli heula, untungna aya. Beres kitu tuluy ngantri we jiga batur. Pas rek asup ka ruang perekaman, Andi nungguan lila, aya kana dua jam mah. Ai batur nu karek datang diheulakeun. Andi ngarasa kecewa, tuluy komplain ka petugas. Ai tembal na teh Andi kudu ngantri sabab batur mah titipan. Andi nepi ka burit can dipanggil keneh wae. Nepi ka tutupna can dipanggil kalah ka titah balik deui isukan. Andi ambek pisan harita ka petugasna.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "366", "text": "Sabab pernah ngalaman meunang nilai anu butut pas sakola. Tangtuna aya evaluasi jang sorangan ngameh meunang nilai alus. Nu kahiji, wani jang aktif di kelas sabab siswa anu pasif bakal kurang meunangkeun kasempetan jang miluan di kelas sabab kurang gercep jeung siswa anu aktif. Ku sabab eta, lamun jadi salah sahiji siswa anu pasif, bakal perlu strategi jeung wani nyoba jang aktif di kelas. Misalna nuliskeun pertanyaan saacan nanya, ngarti naon nu dijelaskeun guru nepikeun ka bisa ngajawab patarosanna, jeung nu sejenna. Nyatet oge hal anu penting ngameh bisa nguasaan materi jeung ngarah babari proses diajar pas keur di imah. Jadi pas keur ujian engke teu kudu mikir hese-hese jang ngapalkeun kabeh materi sabab geus apal poin-poin mana wae anu pening.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "4440", "text": "Pulitik SARA mangrupa kagiatan anu dilaksanakeun ku para politisi ku cara ngamangpaatkeun pasualan etnis, agama, ras jeung antar golongan (SARA) pikeun meunangkeun simpati masarakat dina mangsa Pilkada. Politik anu ngagunakeun SARA teh bahaya pisan kusabab bisa mecah beulah keun karukuna anu geus aya. Inget politiksara teh basa jaman pikada DKI dimana lamun urang milih jelema anu beda, bakal di musuhan bahkan nepi ka maot oge eweuh anu daek nguruskeun. Hal hal anu kie anu butuh pisan di cegah, urang kudu ambek jeung bartindak tegas lamun aya deui anu kitu. Peraturan pamakean masalah SARA diatur dina Undang-Undang Nomor 7 Tahun 2017 ngeunaan Pemilu. Pasal 280 netepkeun yén pajabat kampanye, pamilon jeung tim kampanye dilarang ngahina jalma, agama, etnis, ras, golongan, calon jeung/atawa pamilon Pemilu sejenna. Eta oge dilarang pikeun ngahasut sareng ngadu ngalawan karana.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "6974", "text": "Lantaran hoyong dibaturan ku rerencanganna, tuti kapaksa ngalakukeun naon wae nu penting diaku ku geng na. Manehna daek dititah itu ieu, ti pang meulikeun jajanan ka kantin, nepika anu pang parahna maneha teu nolak basa dititah nyobian minuman alkohol. Asalna mah manehna ngarasa sedih lantaran mamah jeung bapana teu apal manehna asup kana peragulan anu awon. Tapi beuki lila manehna geus teu ngarasa dosa deui ngalakukeun eta. Teu ereun di nginum alkohol hungkul, manehna oge mulai nyobian narkoba. Asalna mah saeutik-saeutik, lila-lila manehna janten katagihan. Pas manehna mulai jante katagihan ka narkoba babaturan na mulai tobat ninggalkeun kalakuan anu awon, manehna sorangan ditinggalkeun ku babaturanna dina kaayaan anu geus bobrok pisan.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "6259", "text": "Basa nuju ka salah sahiji tempat wisata, Nina kabelet pisan hayang BAB. Nina neneangan toilet di sakitaran tempat wisata. Geus kaanggih toiletna, Nina buru-buru asup ka jero. Toiletna teh heurin pisan, nya jorok deuihan. Loba pisan bekas tapak kaki anu kotor teu dibanjur. Pas keranna diputerkeun, eh caina teu ngocor. Ditungguan lila ge caina teu ngocor wae. Nya geus mah nyeuri beuteung hayang BAB, euweuhan deuih caina. Nina buru-buru we kaluar deui tuluy neneangan masjid. Di jero tempat wisata teh ayana ge mushola euweuh toiletan. Geus kitu, Nina langsung we kaluar tuluy neangan masjid nu aya kamar mandian. Untung teu jauh ti tempat wisata eta aya masjid nu gede. Nina langsung we kadinya.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "5302", "text": "Sagala hal nu geus dijalani jeung babaturan, suatu saat bakal aya beresna. Boh beres ku papisah boh beres ku emang kudu waktuna. Dina hiji ikatan pertemanan mah bakal aya waktu lila teu panggih atawa papisah sabab pagawean, sabab nikah, atawa sabab nu lainna oge. Tah ku kituna, hargai momen babarengan jeing babaturan teh, ulah nepi ka disia-siakeun. Sabab kasedihna mah karasa engke mun tos papisah. Bakal hese deui jang neangan waktu nu pas mun rek amprok teh. Ku kituna, kade, jaga silaturahmi jeung babaturan, ulah mohokein, komo miceun mah. Kudu saling inget bahwa pernah ngajalani kasusah babarengan, lain saban senangna hungkul.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "5581", "text": "Tilu cara ngiluan undian di akhir taun. Mimiti nyaeta cek ka sababaraha departemen store sabab biasana undian akhir taun sok digelar didinya.Balanja we dina jumlah nu geus ditangtukeun supaya meunang kupon undian. Nu kadua nyaeta teangan undian online nu diayakeun ku artis atawa konten creator. Biasana mah loba undian diayakeun ku youtuber bidang teknologi sabab hadiahna mangrupa hape, powerbank, jeung sajabana. Nu katilu nyaeta teangan undian nu diayakeun ku bank. Biasana undian nu diayakeun ku bank teh sesuai jeung kelas konsumen na, terus undian na oge bisa berupa bonus potongan cicilan urang. Tong poho pastikeun yen kabehna teh undian tina perusahaan nu terpercaya.", "label": 5, "label_text": "surprise"}