id
stringlengths
1
5
text
stringlengths
504
2.3k
label
int64
0
7
label_text
stringclasses
8 values
4520
Dina pertadingan bola voli aya sababaraha peraturaan pikeun ngajaga pertandingan aman jeung kondusif ,Aturan-aturan ieu didamel supados kaulinan lumangsung sacara sportif sareng lancar. Ieu sarua jeung olahraga voli. Bola voli aya sababaraha aturan di jerona diantarana aturan alat, aturan kaulinan, aturan palanggaran, jeung sajabana. Dina sistem atawa pergantian paaen, substitusi pamaén dina voli boga aturan béda ti dina maén bal. Dina maén bal, substitusi di lapangan diwatesan. Tapi pikeun voli, substitusi henteu aya tungtungna. Aranjeunna tiasa silih ganti sakumaha anu dipikahoyong ku palatih. Panggantian pamaén tiasa dilakukeun nalika pertandingan dimimitian. Dina sistem olahraga voli, hiji tim diwangun ku 10 urang. Ngan 6 ti 10 pamaén tim anu pamaén utama atawa inti. 6 pamaén utama ieu bakal jadi pamaén lapangan jeung 4 pamaén sésana bakal jadi pamaén gaganti.
1
sports
9340
Loba hubungan jeung babaturan teh lumangsung salaku hasil tina silih butuh antara hiji jalma jeung lianna, sarta dumasar kana kauntungan anu bakal dimeunangkeun ngaliwatan duanana pihak anu nyieun babaturan. Tapi, hal-hal henteu salawasna jalan sakumaha anu dipikahoyong. Sabab sakapeung sok aya kénéh babaturan anu sabenerna ngarugikeun urang, boh tina segi materi boh tina segi élmu. Kusabab kitu urang kudu intropeksi diri sangkan ulah jadi babaturan anu ngarugikeun batur. Saatos hubungan saling butuh rengse, urang ogé kedah ngajaga komunikasi anu saé jeung babaturan urang. Tong jadi babaturan anu bakal datang ngan kusabab aya kabutuhna hungkul, bisa jadi maranehna bakal teu resep ka urang engké.
5
slice of life
4260
Tokoh adat biasana boga pangaruh jeung pangaweruh gede di daerah suku na, Jelema anu di pilih jadi tokoh ada ngabogaan wibawa leuwih di hareupeun wargana. Warga bisa percaya jeung milu kana ajakan tokoh adatna, sabab tokoh adat di pandang jelema anu pinter anu apal sgala tentang adat jeung pastina hayang ngamajukeun darah atawa adatna. Saperti misalna urang rek ngayakeun KKN atawa bakti sosial di suku atawa daerah tartangtu, pasti urang menta ijin na ka tetu atawa tokohh adat di tempat eta. Pangaruh tokoh adat ieu gede pisan wargana bisa tinggal milu jeung nanaon oge kaputusan anu di cokot ku tokoh adat, jadi tokoh adat kudu bener bener jalema anu paduli ka suku atawa daerahna.
4
culture & heritage
3080
Urang kedah terang, master, sadaya pola, intrik, sareng tantangan anu aya dina bisnis online, sabab ieu penting pisan sateuacan gaduh produk anjeun nyalira. Éta saé upami anjeun hoyong & tékad pikeun fokus kana dunya online. Sabab ti saprak Corona jeung PPKM pola pikir masarakat geus robah. Loba nu mimiti bener-bener merhatikeun promosi & perluasan jangjang bisnis di alam maya. Saha anu terang, di luar sana anjeun terang yén aya titik nyeri (kabutuhan jalma anu teu acan kacumponan ku rupa-rupa produk anu aya ayeuna) sareng anjeun mendakan produk anu janten solusi pikeun ngajawab kabutuhan ieu. Ieu disebatkeun ku usaha online anu suksés salaku sababaraha aspék penting sateuacan ngamimitian bisnis online
7
business
1623
Masarakat desa umumna mah aya ti hiji atawa sababaraha dulur hungkul, jadina pola hirup jeung paripolah atawa kabudayaanna oge sok sarua. Ku sabab kitu hirup di desa biasana karasa tengtrem aman jeung tenang. Hal ieu ku sabab poa pikir, pola sikap jeung pola pandangan anu sarua ti unggal wargana dina nyanghareupan hiji masalah. Kebersamaan, kasederhanaan jeung kaserasian sok ngajiwai unggal warga masarakat desa eta. Dina masarakat desa biasana hubungan kulawarga dilakukeun sacara musawarah. Mimiti ti masalah-masalah anu umum nepikeun masalah pribadi. Anggota masarakat hiji jeung nu sejenna silih wanoh sacara intim. Dina masarakat desa masalah kebersamaan jeung gotong royong diutamakeun pisan, sanajan sacara materi kakurangan pisan atawa teu ngajangjikeun.
5
slice of life
942
Aya sababaraha jenis mesin cuci nu digunakeun di imah, tangtuna mibogaan kaleuwihan jeung kakurangan. Salah sahiji mesin cuci nyaeta anu hiji tabung, mesin cuci ieu oge mibogaan dua bentuk nu beda dina cara ngasupkeun pakean, aya nu di hareup aya oge anu di luhur. Tabungna biasana dijieun tina stainles steel, ukuranna leuwih gede tibatan mesin cuci dua tabung, hal ieu lantaran mibogaan fungsi ganda nyaeta nyeuseuh jeung ngagaringkeun sacara otomatis, jadina leuwih hemat waktu jeung tanaga. Mesin cuci hiji tabung biasana aya tombol jang muterkeun di sisi katuhu hiji, jeung di sisi kenca hiji. Bentukna anu kotak teu meakeun space pas diteundeun, teu kawas anu dua tabung anu ukuranna leuwih gede.
6
technology
3970
Calathea Homestay nyaeta salah sahiji hotel penginapan wangunan sagemblengna anyar. Kamarna lega, tiasa kanggo 5 jalmi. Sadayana dilengkepan TV LCD, kipas angin sareng kamar mandi pribadi. Aya ogé dapur umum. Kalayan harga anu lumayan murah. sanajan hargana murah tapi teu murah, Calathea Homstay boga fasilitas alus, ti fasilitas di kamar nepi ka rental mobil + supir wungkul. Supirna urang Jogja ramah anu terang jalanna. Jieun liburan anjeun langkung nyaman sareng bébas angkat ka mana waé. Harga sewa murah, nyéwa mobil dipercaya sareng seueur ulasan anu positif. homestay calathea ogé caket sareng sababaraha tempat wisata sapertos 2 menit ka Alun-alun Kidul, 5 menit ka Taman Sari, 5 menit ka Kraton Yogyakarta ,5 menit ka Puseur Kota Yogyakarta , 6 menit ka Smart Park, 11 menit ka Bingah Loka. 11 menit ka Malioboro, 13 menit ka Tugu Jogja, 17 menit ka Rainbow Park, 30 menit ka Candi Prambanan ,34 menit ka Breccia Cliffs ,40 menit ka Pantai Parangtritis, 50 menit ka Taman Merapi 60 menit ka Kaliuran.
2
leisures
5431
Rumah Honai nyaeta rumah adat khas Papua nu disebut paling minimalis di antara rumah adat nu aya di Indonesia. Rumah Honai mimiti dijieunna teh kudu ngayakeun tradisi bakar batu dina raaga manggil duduluran supaya ngabantuan proses nyieun imah. Geus kitu, ka gede jang nopang suhunan teh ditancepkeun kana taneuh nu dialasan nu batu datar, ditanceupkeun na kudu sing jero supaya kokoh. Tos kitu, dijieun kai runcing dua sisi jeung ditanceupkeun ka taneuh, tuluy dirangkai ngabentuk dinding nu masing-masingna ditalian ku injuk. Bees nyieun dinding, tinggal nyieun suhunanna tina kai nu ditutupan ku dan alang-alang. Proses pembangunanna teu make paku pisan, ngan ngandalkeun bahan alami kabeh tina injuk jeung ngahijikeun nana. Mun rumah Honai geus jadi, diayakeun deui tradisi bakar batu sebagai bentuk syukuran.
4
culture & heritage
8140
Robot vacuum Mi 2 Lite teh tiasa dioperasikeun liwat aplikasi. Cara nyambungkuen ieu robot sareng aplikasi gampil pisan. Kahiji urang kudu download heula aplikasi Mi Home teras login upami tos gaduh akun Mi Home nanging upami teu acan tiasa daftar heula. Kadua urang hurungkeun robot vacuum Mi 2 Lite. Deketkeun hp ka robot vacuumna teras hurungkeun bluetooth sareng wifi pikeun tiasa nyambung sareng ieu robot. Saatos koneksi antara hp sareng robot vacuumna salse, urang kudu nyambungkeun robot ieu ka wifi. Upami tos kasambung robot vacuum Mi 2 lite ieu bakal ngalakukeun koneksi sareng setting otomatis. Antosan sababaraha waktos nika keun prosesna salse.
6
technology
6663
Aci digemol atawa cimol janten cemileun anu pas kanggo nahan lapar. Aya hiji tukang cimol di Jatinangor anu rasa cimolna beda jeung nu sanes, hargana mirah pisan tapi cimolna baradag jeung jerona kopong. Cimol paling ngeunah make bumbu bawang dicampu asin jung lada sakedik. Emang tukang jualan cimol tasik ieu biasa mangkal na di pengkolan. Abdi mineng meser cimol ka si emang, komo mun pas tinggal sakedik deui icalanna sok dipasihan leuwih, padahal abdi biasana ngan meser lima rebu tapi pasti wareg pisan. Jaman ayeuna mah seeur cimol anu dikreasikeun rupi-rupi, aya nu di isi keju, aya oge nu didamel cimol bojot.
0
food & beverages
4664
Dunya maya teu asing kana istilah Metaverse. Platform digital ieu nyayogikeun rupa-rupa hiburan, bisnis sareng jasa pendidikan anu tiasa diaksés ti mana waé sareng ku saha waé. Henteu ngan dipaké dina skala global, Indonesia sorangan geus mimiti adaptasi téhnologi Metaverse ieu. Salaku inovasi kanyataanana virtual naek di Indonésia, aya loba conto ngeunaan ngembangkeun Metaverse di Indonésia. Bank BRI ngaklaim minangka bank Indonésia munggaran anu asup kana ékosistem Metaverse. Engké, konsumén bisa ngalaman jasa perbankan dina cara leuwih nyata. Metaverse di Indonésia ogé nyanghareupan sababaraha tantangan. Nyiptakeun Metaverse anu optimal ngabutuhkeun crypto, blockchain, dukungan NFT. Leuwih ti éta, pamekaran augmented reality sareng virtual reality ogé masih kedah dironjatkeun. Pangembangan Metaverse ogé ngandelkeun jaringan 5G anu kuat. Targetna, Kemenkominfo bakal nerapkeun jaringan 5G genap di Indonésia ti taun 2024 nepi ka 2025. Dina hal ieu, pamaréntah sacara agrésif ngawangun ékosistem 5G di Indonésia.
6
technology
7994
Patuangeun nu ngeunah, gampil, tur mirah di Indonesia nyaeta mie instan. Seueur na rasa-rasa nu disayogikeun produsen mie instan ngajadikeun konsumen atawa masarakat teu bosen-bosen ngadahar patuangeun ieu. Nanging, patuangeun ieu dicarioskeun mere efek goreng ka awak. Kusabab cenah lamun loba teuing ngadahar mie instan tiasa nyieun beuteung beugah. Mie nu dipake di na patuangeun ieu oge disebat-sebat lila dicerna. Nanging nu sebenerna bahaya ka na awak teh nyaeta kandungan natrium anu luhur di na mie instan. Natrium teh tos kauji tiasa ngakibatkeun darah tinggi mun loba teuing didahar ngaleuwihan batas harian konsumsi. Salian eta mah, mie instan teh aman didahar tur ditambih oge kandungan karbohidrat sareng protein nu lumayan loba di na mie instan.
0
food & beverages
7206
Tahu Gejrot kadaharan tradisional anu asalna ti Cirebon, Jawa Barat. Kadaharan ieu diwangun ku tahu anu dipotong-potong leutik, dikulub dina santan anu seungitna gurih sareng amis. Tahu anu dijieun tahu gejrot biasana mangrupakeun tahu cokelat anu atawa tahu Sumedang. Tahu gejrot biasana disuguhkeun ku sambel anu dijieun tina cabe, bawang beureum, bawang bodas, uyah, gula jeung jeruk nipis. Sambel ieu ngajadikeun tahu gejrot rasa lada jeung gurih. Salian ti eta, tahu gejrot oge biasana disuguhan ku daun bawang jeung kurupuk. Kadaharan ieu biasana disajikeun pikeun tuangeun ringan atanapi jajan. Tahu gejrot biasana diical make gendongan, tapi ayeuna mah aya oge anu jualan make sapedah.
4
culture & heritage
7622
Pangusaha oge kedah janten jalmi anu gaduh harepan jeung tujuan kahareup. Manehna kedah boga pandangan anu salengkah leuwih maju kanggo ningal kasempetan di hareupeunna janten manehna tiasa ngabayangkeun rencana bisnis anu sae di hareup. Manehna oge kedah tiasa ngajadikeun kagagalan anu pernah dialaman di jaman baheula janten palajaran jeung teu seeur teuing ngungkit-ngungkit kakurangan manehna. Pangusaha kedah percaya diri, kedah percaya ka dirina sorangan yen bisnisna bakal sukses. Percaya diri oge ngajadikeun urang leuwih sumanget dina ngajalankeun bisnis. Anu teu eleh pentingna kanggo pangusaha nyeta kedah mentingkeun hasil, lamun urang boga kahayang anu gede, pasti tiasa meunang hasil anu badag oge.
7
business
1626
Naek angkot teh babari bisa di mana wae da euweuh haltena. Bisa cicing di sisi jalan tinggal nungguan angkot nu ngaliwat. Mun aya angkot nu ngaliwat urang kari mere gestur ku leungeun katuhu bari turun naek leungeunna. Ieu teh nandakeun urang rek naek angkot eta. Geus asup urang kari diuk, jeung merhatikeun jalan bisina tujuan urang kaliwat. Usahakeun mah duit mayar angkot teh ngepas ngarah teu kudu nungguan pamulangan di si emang angkotna. Samemeh turun urang bisa nyebutkeun "kiri" ka si emang angkot, mun diuk urang bagian tukang, sebutkeunna rada tarik ngarah ka dengeeun. Ulah poho ngomong hatur nuhun pas geus turun.
5
slice of life
2735
Upami Ceuli anjeun ngarasa asing kana kaulinan anu disebut Total War, maka anjeun sanés kipas tina kaulinan perang anu leres soalna misalkan anjeun nyaho mobile legend nu genre na Real Time Strategi tapi heunte nyaho Shogun mah kabina-bina . Séri kaulinan ieu anu ngahartikeun perang total sareng sadaya-kaluar mangrupikeun "subyek" wajib pikeun pamaén tegar anu resep strategi. Sagalana ngeunaan kaulinan ieu dijieun sacara serius, ti manajemén régional, pamaréntah, pemberontakan, pulitik, téhnologi, nepi ka medan perang dimana jumlah pasukan bisa ngadeukeutan rébuan jalma! Shogun 2 neruskeun tradisi lila-diayakeun tina séri kaulinan kalayan sababaraha perbaikan nu urang pikir ngalengkepan runtuyan Total War.
6
technology